Burokan mangrupakeun seni helaran nu populér pisan di Cirebon. Ceuk para 
senimanna (utamana di Désa Pakusamben, Kacamatan Babakan, Kabupatén 
Cirebon), burokan ieu mimiti aya kira taun 1934, nalika saurang warga Désa 
Kalimaro, Kacamatan Babakan, nu ngaranna Kalil nyieun hiji kréasi anyar seni 
Badawang (bonéka baradag) nyaéta mangrupa Kuda Hiber Buroq. Ceuk cenah kitu 
téh dumasar carita rayat di masarakat Islam ngeunaan lalampahan Isro Mi'roj 
Nabi Muhammad s.a.w. ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha kalawan tunggang 
sato kawas kuda jangjangan nu disebut Buroq. Di sagigireun éta, tina 
sababaraha kasaksian urang Cirebon, Buroq ieu téh mindeng kapanggih ogé dina 
rupa lukisan kaca di sababaraha wangunan di Cirebon. Lukisan kaca ieu 
mangrupa kuda sembrani (jangjangan, bandingkeun jeung pégasus na mitologi 
Kulon) nu beungeutna putri geulis cahayaan. Jadi, urang Cirebon geus teu 
ahéng dina masalah dedegan Buroq mah. Kalil kalawan motékar lajeng 
nyiptakeun Badawang anyar nu dingaranan Buroq, sedengkeun kasenianana 
dingaranan seni Genjring Buroq.

Pintonan
Parabot pintonan nu dipaké di antarana sapasang bonéka buroq nu biasa 
dimaénkeun ku opat urang (dua di hareup, dua di tukang), sababaraha bonéka 
(badawang) bentuk sato: gajah, monyét, macan, kuda, jeung mindeng ogé 
diraemékeun ku badut.

Alat musik nu ngiringkeun Burokan biasana aya sababaraha rupa: tilu dogdog 
(badag, sedeng, leutik), opat genjring, hiji simbal, organ, gitar, gitar 
melodi, kromong, suling, jeung kecrék. Nyanyian dibawakan oleh penyanyi pria 
dan wanita, kadangkala bergiliran tergantung dari karakter lagu yang 
dibawakan.

Pintonan Burokan biasana dipaké dina sababaraha kariaan, kayaning hajat 
khataman, sunatan, kawin, marhabaan, jsb. Prakna biasa lumangsung ti 
isuk-isuk ngurilingan kampung sabudeureun tempat kariaan. Ari badawang lian 
ti Buroq, di antarana aya bonéka gajah, macan, jld, nu saméméhna geus 
disadiakeun sasajén lengkep salaku saratna. Lajeng lulugu rombongan mariksa 
sadaya kalengkepan pintonan bari maca do'a. Pintonan dimimitian ku 
tatabeuhan, lajeng usik dibarengan ku tembang Asroqol (solawat Nabi jeung 
Barzanji). Rombongan pintonan kakara maju sanggeus masarakat ngumpul, nu 
beuki lila beuki ramé sabab masarakat bisa milu aub ngareuah-reuah. Ari dina 
acara sunatan, budak nu disunatan ditumpakkeun kana Buroq bari maké papakéan 
lengkep disenangkeun, sedengkeun n barudak nu hayang tumpak bonéka-bonéka 
lianna disina mayar antara Rp. 500-1000,-.

Nalika diarak, lalaguanana robah-robah, teu wungkul Asroqol, kaasup lagu 
tarling, dangdut, jaipong, kawas Limang Taun, Sego Jamblang, Jam Siji Bengi, 
Sandal Barepan, Garet Bumi, Sepayung Loroan, Kacang Asin, Tilil Kombinasi, 
malah lagu-lagu nu keur populér kayaning Pemuda Idaman, Melati, Mimpi Buruk, 
Goyang Dombrét, jrrdl. Sapanjang pintonan Burokan, nu matak ngirut mah tetep 
bonéka Buroq, sabab panggeulisna jeung polah para pangiringna nu 
pikaresepeun.

Nepi ka kiwari, opat generasi ti Kalil, seni Genjring Buroq beuki 
dipikaresep ku masarakat, malah sumebar ka luar Cirebon, kayaning Losari 
Brebes, Banjarharja, Karang Suwung, Ciledug, Kuningan, jeung Indramayu. Nu 
onjoy kiwari nyaéta Genjring Burok Gita Remaja ti Désa Pakusamben nu 
dipingpin ku Mustofa (lain turunan Kalil) ti 1969.

Ajén-inajén
Ajén nu aya dina satukangeun seni burokan ieu, di antarana:

* sukuran pikeun sing saha nu nanggap Burokan, utamana dianggap salaku seni 
pintonan rayat nu Islami;
* ajén sinkrétis pikeun nu nempona tina tradisi Badawang (bonéka nu datang 
tina cara pikir mitis totemistik nu asalna tina hubungan arkaistik méméh 
Islam jadi agama dominan di Cirebon);
* ajén akulturasi pikeun nu ngaranna Buroq (salaku injeuman ti Tatar Arab nu 
patali jeung carita Isro Mi'roj nu dipercaya ku masarakat Cirebon salaku 
dongéng ti tempat-tempat pangajian nu diabadikeun ogé dina lukisan-lukisan 
kaca);
* ajén universal pikeun dedegan sato kawas Buroq, nu bisa ogé kapanggih dina 
mitos-mitos bangsa séjén, misalna Centaur (mahluk nu dedeganana kuda, tapi 
ti dada ka luhur pangawakan manusa) di Yunani, nu dina dunya pabintangan 
disebut Sagitarius. Kitu ogé pikeun bangsa Mesir, nu wanoh ka Sphinx.

Rujukan
* Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & 
Pariwisata Jawa Barat, Bandung.

(http://su.wikipedia.org/wiki/Burokan)


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke