DISUNNAHKEUN KU ROSULULLOH SAW,
NYARITA KU BASA SUNDA
Éséy Sarabunis Mubarok
Sawatara waktu katukang, dina paguneman di pasantren tempat kuring ngaji,
kuring nisik salah sahiji wacana konvensional sakaligus mere jalan keur wacana
nu teu ilahar, ngeunaan naon sababna loba jalma nu nganggap ngingu janggot teh
sunnah Rosul, malah aya nu oge nu nganggap di sorban jeung make gamis oge
sunnah Rosul. Kuring teu sapuk, ceuk kuring, urang Sunda mah teu keuna ku eta
fadilah sunnah model kitu mah, ku lantaran analogi atawa kiyas keur nangtukeun
sunnahna teu dumasar kana argumen anu daria.
Ngeunaan janggot, di urang mah geus prah nyarebutkeun disunnahkeun ku
Rosulullah SAW. Malah jadi leuwih legal pama nu mere fatwana kiayi atawa
ajengan. Oge dina sababaraha hal nu aya patula-patalina jeung kasopanan make
pakean, adab-adaban dahar, jeung nu lianna kaasup ngagunakeun basa dina
cacarita, disebut sunnah pama disusurupkeun kana budaya Arab. Najan teu jelas
budaya Arabna nu mana? Naha budaya Arab jaman Rosulullah SAW, atawa budaya Arab
kiwari? Nu jelas, ceuk kuring mah nya budaya Arab nu napel marengan nyebarna
Islam di Indonesia ti sababaraha abad kalarung.
Aya nu kudu di saliksik, yen fenomena ieu kudu dibarengan ku kasadaran nu
imbang, sajauh mana imbanganana antara Islam nu rahmatan lilalamin, jeung
toleransi Islam kana budaya nu geus turun-tumurun di hiji daerah luareun
jazirah Arab. Pasualan nu ku kuring ditanyakeun teh, naha merenah kalungguhan
budaya di hiji daerah kudu ka sered ku dalil-dalil taqlid model kitu? Naha teu
asa kaleuleuwihi, upama sababaraha komunitas nu mihak kana budaya Arab motif
janggot-sorban-gamis, geus ngarasa lewih muslim batan nu teu panuju kawas
kuring? Lain, Islam geus mere kabebasan pikeun ngamekarkeun budaya di saban
daerah, salila teu pagedrugan jeung aqidah?
Ceuk kuring, pama baheula Rasulullah SAW make jubah atawa gamis, sorban, di
kopeah jeung ngingu janggot teh, ku lantaran Rasulullah SAW mikadeudeuh tur
mikanyaah kana budaya luluhurna, nyatana budaya Arab. Kapan Abu Jahal, Abu
Lahab jeung kaum kafir di zaman jahiliyyah oge papakeanana geus lumrah kawas
kitu. Tangtuna moal aya nu panuju pama nu sok dijubah, gamis, sorban jeung
ngingu janggot teh, di sebut nuturkeun kabiasaan Abu Jahal atawa Abu Lahab. Ieu
teh naha kaum kafir Arab nu niru-niru papakean Rosulullah SAW, atawa Rosulullah
SAW nu narima tur milu reueus kana budaya luluhurna, budaya Arab? Kapan nu
utamana dina Islam mah nutup orat, lain pakean nu kumaha nu kudu dipake?
Tah di dieu dadasar analogina nu beda teh, ceuk nu sejen mah sunahna teh ngurus
janggotna, ceuk kuring mah, sunahna teh ngahargaan budayana. Atuh terapna
sunnah ka urang Sunda oge lain make janggot atawa make sorbanna, tapi sunnah
ngahargaan budaya karuhunna, nyatana budaya Sunda.
Tina dadasar kiyas nu dipadungdengkeun dina paguneman harita teh, jadi nyambung
kana sikep jeung paripolah urang Sunda jaman kiwari. Tepi ka tingpecenghul
sababaraha pasualan, upamana naha make batik atawa baju adat Sunda teh
disunnahkeun ku Rosul? Naha dibendo jeung digelung teh sunnah Rosul? Naha make
basa Sunda oge sunnah Rosul? Ngan ari dina pamahaman kuring mah, nanaon ge nya
kumaha niat, mangka niatan bae ngahargaan budaya Sunda, Insya Allah barokah.
Najan ieu paguneman teh lain mesek hal nu dianggap substansial dina hukum fiqh,
pedah ngan saukur madungdengkeun sunnah fadillah alatan takzim ka Rasullullah
SAW, ngan keur kuring nu ngarasa resep icikibung dina sastra Sunda mah asa
meunang tanaga anyar. Geus mangsana diebrehkeun yen disunnahkeun ku Rosul
ngamumule budaya Sunda teh, pangpraktisna nu kudu gura-giru teh ngampanyeukeun
deui kabiasaan ngagunakeun basa Sunda.
Pasualan samodel kieu siga teu sapira, ngan mere pangaruh gede kana wacana
masyarakat. Saeutik gedena bakal mere bandingan kana imej nu napel di
kalolobaan masyarakat, utamana kaom santri, nu asalna urang Sunda nu ngarasa
pang-arabna teh sok ngarasa pangislamna, kabandingan ku imej yen urang Sunda nu
ngarasa pangsundana oge lewih ngislam batan urang sunda nu mopolerkeun
kasundaan.
Luareun kontroversina, dina perkara ieu, kuring mah keukeuh mipaham yen nyunda
dina hirup sapopoe teh nyunnah. Kawas keukeuhna kuring mukakeun ieu wacana dina
halaqah budaya nu diayakeun ku Komunitas Azan, ceuk kuring ka Abidah
Al-Halaeqi, nu harita jadi panyatur, yen karya sastra dina basa daerah, kawas
karya-karya Darpan Arjawinangun (da harita Darpan jadi pamilon) nu ditulis dina
basa Sunda, geus kawengku kana karya sastra nu Islami, sabab eta karya sastra
geus ngahargaan basa daerahna sakumaha Rosulullah SAW ngahargaan basa
luluhurna, nyaeta basa arab.
Nya dina halaqah harita, padungdengan deui. Ngan nu jelas mah kapan Islam teh
rahmatan lil-alamin. Atuh keur kuring jeung Darpan harita ge, ngarasa yen
pagilinggisik dina sastra Sunda teh rahmat ti Gusti Nu Maha Suci, yen ngamumule
basa jeung sastra Sunda teh, dirahmat ku Allah, disunnahkeun ku Rosululloh.
Komo pama bari nilik kana ayat Al-Qur'an mah, utamana dina Surat Ar-Rum Ayat 22
nu tarjamahana: Jeung sawareh tina ayat-ayat-Na, Anjeunna ngayugakeun langit
katut bumi jeung beda-bedana basa maraneh katut warna maraneh. Saestuna dina
anu karitu teh kakandung ayat-ayat pikeun jalma-jalma anu palinter mah.
Saur Allah, keur nu palinter kandungan ayat-ayat Allah dina basa Sunda teh.
Saha nu palinter teh? Tah ayeuna mah hayu urang paheula-heula pinter,
dimimitian ku sapopoe ngagunakeun basa Sunda. Cenah kumaha undak-usuk basana?
Bebas bae, nu make undak-usuk basa jeung nu henteu ge sarua hadena, nu goreng
tur bodo mah, nyaeta urang Sunda nu geus mumul make basa Sunda. Kapan
disunnahkeuna oge make basa Sunda, lain make undak-usuk basana.***
Singaparna, 19 Juli 2005
___________________________________________________________________
Sarabunis Mubarok
www.sarabunis.cjb.net
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/