Tah tah tah... Sok atuh ah, Kang Bunbun, berendelkeun bae kira-kirana naon
bae tradisi/adat urang Sunda nu kaasup sunnah (dirojong ku Rosululloh s.a.w.
sangkan dimumule) jeung nu teu kaasup sunnah...
jk
On 7/24/05, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> DISUNNAHKEUN KU ROSULULLOH SAW,
> NYARITA KU BASA SUNDA
>
> Éséy Sarabunis Mubarok
>
>
> Sawatara waktu katukang, dina paguneman di pasantren tempat kuring ngaji,
> kuring nisik salah sahiji wacana konvensional sakaligus mere jalan keur
> wacana nu teu ilahar, ngeunaan naon sababna loba jalma nu nganggap ngingu
> janggot teh sunnah Rosul, malah aya nu oge nu nganggap di sorban jeung make
> gamis oge sunnah Rosul. Kuring teu sapuk, ceuk kuring, urang Sunda mah teu
> keuna ku eta fadilah sunnah model kitu mah, ku lantaran analogi atawa kiyas
> keur nangtukeun sunnahna teu dumasar kana argumen anu daria.
>
> Ngeunaan janggot, di urang mah geus prah nyarebutkeun disunnahkeun ku
> Rosulullah SAW. Malah jadi leuwih legal pama nu mere fatwana kiayi atawa
> ajengan. Oge dina sababaraha hal nu aya patula-patalina jeung kasopanan make
> pakean, adab-adaban dahar, jeung nu lianna kaasup ngagunakeun basa dina
> cacarita, disebut sunnah pama disusurupkeun kana budaya Arab. Najan teu
> jelas budaya Arabna nu mana? Naha budaya Arab jaman Rosulullah SAW, atawa
> budaya Arab kiwari? Nu jelas, ceuk kuring mah nya budaya Arab nu napel
> marengan nyebarna Islam di Indonesia ti sababaraha abad kalarung.
>
> Aya nu kudu di saliksik, yen fenomena ieu kudu dibarengan ku kasadaran nu
> imbang, sajauh mana imbanganana antara Islam nu rahmatan lilalamin, jeung
> toleransi Islam kana budaya nu geus turun-tumurun di hiji daerah luareun
> jazirah Arab. Pasualan nu ku kuring ditanyakeun teh, naha merenah
> kalungguhan budaya di hiji daerah kudu ka sered ku dalil-dalil taqlid model
> kitu? Naha teu asa kaleuleuwihi, upama sababaraha komunitas nu mihak kana
> budaya Arab motif janggot-sorban-gamis, geus ngarasa lewih muslim batan nu
> teu panuju kawas kuring? Lain, Islam geus mere kabebasan pikeun ngamekarkeun
> budaya di saban daerah, salila teu pagedrugan jeung aqidah?
>
> Ceuk kuring, pama baheula Rasulullah SAW make jubah atawa gamis, sorban,
> di kopeah jeung ngingu janggot teh, ku lantaran Rasulullah SAW mikadeudeuh
> tur mikanyaah kana budaya luluhurna, nyatana budaya Arab. Kapan Abu Jahal,
> Abu Lahab jeung kaum kafir di zaman jahiliyyah oge papakeanana geus lumrah
> kawas kitu. Tangtuna moal aya nu panuju pama nu sok dijubah, gamis, sorban
> jeung ngingu janggot teh, di sebut nuturkeun kabiasaan Abu Jahal atawa Abu
> Lahab. Ieu teh naha kaum kafir Arab nu niru-niru papakean Rosulullah SAW,
> atawa Rosulullah SAW nu narima tur milu reueus kana budaya luluhurna, budaya
> Arab? Kapan nu utamana dina Islam mah nutup orat, lain pakean nu kumaha nu
> kudu dipake?
>
> Tah di dieu dadasar analogina nu beda teh, ceuk nu sejen mah sunahna teh
> ngurus janggotna, ceuk kuring mah, sunahna teh ngahargaan budayana. Atuh
> terapna sunnah ka urang Sunda oge lain make janggot atawa make sorbanna,
> tapi sunnah ngahargaan budaya karuhunna, nyatana budaya Sunda.
>
> Tina dadasar kiyas nu dipadungdengkeun dina paguneman harita teh, jadi
> nyambung kana sikep jeung paripolah urang Sunda jaman kiwari. Tepi ka
> tingpecenghul sababaraha pasualan, upamana naha make batik atawa baju adat
> Sunda teh disunnahkeun ku Rosul? Naha dibendo jeung digelung teh sunnah
> Rosul? Naha make basa Sunda oge sunnah Rosul? Ngan ari dina pamahaman kuring
> mah, nanaon ge nya kumaha niat, mangka niatan bae ngahargaan budaya Sunda,
> Insya Allah barokah.
>
> Najan ieu paguneman teh lain mesek hal nu dianggap substansial dina hukum
> fiqh, pedah ngan saukur madungdengkeun sunnah fadillah alatan takzim ka
> Rasullullah SAW, ngan keur kuring nu ngarasa resep icikibung dina sastra
> Sunda mah asa meunang tanaga anyar. Geus mangsana diebrehkeun yen
> disunnahkeun ku Rosul ngamumule budaya Sunda teh, pangpraktisna nu kudu
> gura-giru teh ngampanyeukeun deui kabiasaan ngagunakeun basa Sunda.
>
> Pasualan samodel kieu siga teu sapira, ngan mere pangaruh gede kana wacana
> masyarakat. Saeutik gedena bakal mere bandingan kana imej nu napel di
> kalolobaan masyarakat, utamana kaom santri, nu asalna urang Sunda nu ngarasa
> pang-arabna teh sok ngarasa pangislamna, kabandingan ku imej yen urang Sunda
> nu ngarasa pangsundana oge lewih ngislam batan urang sunda nu mopolerkeun
> kasundaan.
>
> Luareun kontroversina, dina perkara ieu, kuring mah keukeuh mipaham yen
> nyunda dina hirup sapopoe teh nyunnah. Kawas keukeuhna kuring mukakeun ieu
> wacana dina halaqah budaya nu diayakeun ku Komunitas Azan, ceuk kuring ka
> Abidah Al-Halaeqi, nu harita jadi panyatur, yen karya sastra dina basa
> daerah, kawas karya-karya Darpan Arjawinangun (da harita Darpan jadi
> pamilon) nu ditulis dina basa Sunda, geus kawengku kana karya sastra nu
> Islami, sabab eta karya sastra geus ngahargaan basa daerahna sakumaha
> Rosulullah SAW ngahargaan basa luluhurna, nyaeta basa arab.
>
> Nya dina halaqah harita, padungdengan deui. Ngan nu jelas mah kapan Islam
> teh rahmatan lil-alamin. Atuh keur kuring jeung Darpan harita ge, ngarasa
> yen pagilinggisik dina sastra Sunda teh rahmat ti Gusti Nu Maha Suci, yen
> ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, dirahmat ku Allah, disunnahkeun ku
> Rosululloh. Komo pama bari nilik kana ayat Al-Qur'an mah, utamana dina Surat
> Ar-Rum Ayat 22 nu tarjamahana: Jeung sawareh tina ayat-ayat-Na, Anjeunna
> ngayugakeun langit katut bumi jeung beda-bedana basa maraneh katut warna
> maraneh. Saestuna dina anu karitu teh kakandung ayat-ayat pikeun jalma-jalma
> anu palinter mah.
>
> Saur Allah, keur nu palinter kandungan ayat-ayat Allah dina basa Sunda
> teh. Saha nu palinter teh? Tah ayeuna mah hayu urang paheula-heula pinter,
> dimimitian ku sapopoe ngagunakeun basa Sunda. Cenah kumaha undak-usuk
> basana? Bebas bae, nu make undak-usuk basa jeung nu henteu ge sarua hadena,
> nu goreng tur bodo mah, nyaeta urang Sunda nu geus mumul make basa Sunda.
> Kapan disunnahkeuna oge make basa Sunda, lain make undak-usuk basana.***
>
> Singaparna, 19 Juli 2005
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/