Punten ah bade ngiringan...
Katingalna rada rame ngabahas perkawis Ahmadiyah teh.

Hoyong tumaros oge ka dulur-dulur sadaya, pangpangna perkawis Nabi Isa. Atuh 
saleresna kumaha eta teh ?

Naha leres Nabi Isa teh teu acan pupus ?
Upami saur Ahmadiyah tos pupus sareng aya makamna, eta mah rengse dugi dinya 
panginten.
Tah ayeuna upami teu acan pupus, dimana atuh saleresna Nabi Isa salami ieu teh 
linggih na ?
Teras nguping wartos yen Nabi Isa teh saurna diangkat ka langit, bade lungsur 
deui akhir jaman. 
Dimana lungsurna sareng kumaha rupina ?
Kuring teh bingung, kahiji urang teh ngangken Muslim sareng ngangken jungjunan 
urang Nabi Muhammad S.A.W nu paling Mulia ti sadaya Nabi.
Tapi naha bet Nabi Isa nu teu pupus teh, kunaon gusti Allah teh teu milih Nabi 
Muhammad we anu teras langgeng aya dugi ka kiwari teh ?Panginten urang ge bakal 
langkung bingah upami jungjunan urang aya teras dugi ka ayeuna mah.
Atanapi perkawis jumeneng sareng pupus mah teu pangaruh kana Mulia henteuna 
salah sawios Nabi kitu ?
Sok bingung ari ditaros ku batur nu non-Muslim, kieu ceunah Nabi kuring mah 
langkung Mulia ti batan nabi anjeun sabab nabi kuring mah aya keneh masih 
jumeneng dugi ka kiwari, pan nabi anjeun mah tos pupus lami.
Kedah kumaha ngawalerna nya ?

Punten da sim kuring mah jalmi bodo, janten manawi aya dulur2 nu tiasa masihan 
penjelasan.
Hatur nuhun.

Salam,
Dikki





> Nembe abdi ngaos artikel Ahmadiyah kintunan Kang Jaka Tingkir sawareh, aya
> sababaraha point anu teu leres (correct me if I am Wrong) :
> 1. Dina dalil ayat Qur'an ti versi Ahmadiyah eusina teu sami jeung Al'Quran
> versi umum, diantawisna
>     - Surah 3 : 180
>     -           23:52
>    -            7 : 36
> sok wae kidulur sadaya parios sareng Al 'Quran anu umum euisina jauh
> kama-mendi, panginten nu dimaksad didieu Ahmadiyah teh gaduh Al 'Quran versi
> nyalira (?), nu matak teu sami jeung Qur'an umum, mangga  abdi dibantos
> bilih lepat.
> 2. Dalil ti Ahmadiyah nu nyebutkeun yen Kanjeng Nabi Isa As, teh tos pupus,
> malihan aya makamna, ieu mah nyalahan pisan tina surah Annisa ayat 157-158,
> mani jentre disebatkeun dina ieu ayat yen "Nabi Isa teu wafat, mung raray-na
> disalin sareng nu sanes jalmi", mun aya hadits nabi ngaragukeun urang
> "parios heula hadits"-naha bener atanapi lepat, tapi mun aya jalmi nu
> ngaragukeun Qur'an (komo nyalalahan mah) tangtuna "jalmina nu kudu
> dipariksa".
> 3. Kuring kantos ngadongkapan markas Ahmadiyah nu aya di kebon jahe, Bogor,
> naroskeun ajaran Ahmadiyah ka jemaah-na nyalira (upami ceuk batur mah bilih
> lepat, atanapi timbul pitnah), nalika abdi tumaros perkawis Nabi Isa tos
> pupus, anjeuna ngaluarkeun pendapat ti sababaraha sumber, diantawisna tina
> Bible (seueur dalilna nu dicandak ti dieu),  asa ku aneh ceuk kuring mah aya
> urang Islam nyandak dalil tina Bible bari jeung eusina patukang tonggong
> (masih mending  upami sami mah), akhirna sim kuring ngemutan naha ieu aya
> pihak sanes nu ngadompleng (janten bonekana) kanggo ngaruksak Islam ?
> Sim kuring oge teu resep nyandak jalan kebrutalan jeung kaheurasan komo bari
> aya korban mah, ngan panginten dina ayana hiji kajantenan teh pastina aya
> sabab musababna, hese ngaleungitkeunnana salami sabab musababna teu
> dilereskeun, kuduna mah pamarentah ngalarang ajaran ieu margina tos
> jelas-jelas ngalanggar jeung ngahina ajaran agama, komo deui mun nyieun
> agama anyar, pan di Indonesia mah agama nu diakui ngan 5. Basa keur shalat
> make basa Indonesia/Arab di Malang tea, pamarentah langsung nutup ieu ajaran
> bari nyiduk pamingpinna. Kuring mah inggis dina hiji waktu ajaran nu ayeuna
> dianggap salah, hiji waktu mah dibenerkeun komo bari penganutna eta ajaran
> ngahiji jeung ajaran sanes nu sami-sami lepat, ngarah menta dukungan.
> ----- Original Message -----
> From: "Agus Wirabudiman" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Cc: <[email protected]>
> Sent: Monday, July 18, 2005 7:39 AM
> Subject: [Urang Sunda] Naon Ari Ahmadiyah Teh


>> Sampurasun
>>
>> Cing saha urang SUnda anu ngiringan maledogan Jemaat Ahmadiyah di bogor,
> eta
>> kelompok teh asa teu aya ciri kasundaannana dina paripolahna
>> teh....(ngaharewos Kuring keur Kuring), meureun lain urang sunda
> ketang...ah
>> duka kumaha bingung...mikiran paripolah batur mah, diri satangtung oge can
>> puguh ajeug, ngan diajar pikeun ngajegkeun nana.
>>
>> cik kumaha Kamotekaran Urang Sunda dina kayakinan AHMADIAYAH, sareng upami
>> Aya anu ngagem Ahmadiyah di milisi Urang Sunda cing bejer beaskeun kumaha
>> saestuna teh?
>>
>> mangga ah
>> baktos
>> Awb
>>
>> ----- Original Message -----
>> From: The saint <[EMAIL PROTECTED]>
>> To: <[email protected]>
>> Sent: Saturday, July 16, 2005 5:44 PM
>> Subject: [Urang Sunda] Naon Ari Ahmadiyah Teh
>>
>>
>> > Apakah sebenarnya Jamaah Amadiyah yang begitu membuat marah massa
>> > islam LPPI dan FPI dan yang menamakan diri Gerakan Umat Islam (Umat
>> > Islam Mana?).
>> > Untuk mengetahuinya Simak Tayangan wawancara Amir Jemaat Ahmadiyah
>> > Indnesia di Metro TV Insya Allah Hari Sabtu 16 Juli 2005 Pukul 18.00
>> > WIB.
 





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke