*Bintang Emas*

 Hiji jalan geusan panggugah kabujanggaan!

Hiji jalan geusan panghudang ka tukang ngarang!

Kajabi ti pasang-giri (saémbara) ayeuna aya deui pangjurung, pangdeudeul 
pamakayakeun pamakihikeun Java-Instituut, nya éta baris ngabintangan buku 
Sunda anu kapilih pangsaéna, buku saha baé, kaluaran atawa citakan mana baé, 
henteu tolih, sok mun alus, *basana* alus *ungkarana*, anu keuna anu 
ninggang kana enyana, merenah dina rasana udagan Java-Instituut. 
Dibintanganana ku hadiah artos *f *500,— éstu wungkul hadiah ganjaran, 
panambah kauntungan ka anu kagungan damel, ka anu ngarangna


 *LIMA RATUS RUPIAH*.


 Tur ka anu kagungan damel henteu aya pisan naon-naona, ieu mah nawuku 
nambahan untung, tawis* *bingah pangjurung laku.

Prung geura ngararang!

Perlu diaos* *ieu serat béwarana ti Hoofdbestuur Java-Instituut.


 *SERAT BÉWARA*


 Hoofdbestuur Java-Instituut parantos sabilulungan nangtoskeun yén dina 
unggal-unggal taun, baris ngahaturkeun hadiah (ganjaran) ka nu ngarang 
buku-buku basa Sunda, Jawa, Madura sareng Bali anu katimbang saé *basana*saé 
*ungkarana*.

Unggal taun pikeun sahiji-hijina basa téa disayagikeun artos *f *500,— (Lima 
ratus rupiah), anu baris dihadiahkeun boh sadayana boh ngan sabagian baé.

Sugri anu kagungan karangan, atanapi anu ngaluarkeunana upami hoyong ngiring 
kana ieu balap hadiah, kedah ngintunkeun bukuna téa ka Sékrétaris 
Java-Instituut Laan Wiechert 13 Weltevreden.
 

(Sumber: Poesaka Soenda edisi 1924-01-02 (07), kaca 112)


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke