Sakali deui ieu mah upami masih kenging keneh dibahas, saurna mah urang 
Ahmadiyah teh ngaku Nabi nu saba'da Nabi Muhammad saw teh nyaeta Nabi Isa nu 
bakal lungsur di akhir jaman tea.

Sakumaha posting kuring di ieu milis sababaraha dinten kapengker teu acan aya 
nu ngawaler, janten upami kenging mah aya sababaraha hal anu hoyong ditaroskeun 
ka dulur2 di ieu milis bilih wae aya nu kagungan pemahaman langkung tiasa 
ditampi ku sim kuring pribados.

Pami memang Nabi saparantosna Nabi Muhammad saw leres-leres moal aya deui, 
kumaha atuh gelar Nabi Isa nu bakal lungsur teh ?
Naha masih ngangge keneh "Nabi" dipayuneun jenengannana ?
Atanapi nu bakal lungsur engke mah ujug-ujug wae jenengannana teh "Isa" teu 
ngangge gelar Nabi ?

Teras atuh upami leres Nabi Isa teh bade lungsur deui, iraha kinten-kinten 
lungsurna, dimana tur kumaha rupina ?

Masih keneh sapertos kapungkur kitu ? 
Anu mana rupina, da urang oge sadayana nu hirup di jaman kiwari mah teu acan 
aya nu kantos tepang sareng anjeunna.

Kumaha deui urang kedah ngangken ka Nabi Isa nu bade lungsur teh, da ti payun 
mah diangken ku umat nu sanes pan Nabi Isa teh, naha henteu bakal parebutan 
"nganken" kitu ka anjeunna ?

Kunaon teu Nabi Muhammad saw we atuh nya nu diangkat ka langit tur bakal 
dilungsurkeun deui di akhir jaman teh ?
Panginten moal aya silih "sesatkeun" diantawis urang Islam, boa-boa Ahmadiyah 
oge moal kantos aya, da panginten teges-teges disebatkeun di Al-Quran yen Nabi 
Muhammad saw bade angkat heula ka langit tapi urang nu janten ummat na teu 
kedah bingung margi akhir jaman oge bade dipapagkeun deui ku anjeunna.

Ieu mah mung saukur emutan sim kuring anu nuju hoyong nambih elmu tina hasil 
"sharing" emutan sareng dulur-dulur di milis ieu.

Hatur nuhun.

Dikki


> Komentar singket bae kalawan henteu maksud neruskeun ieu ngadu bako:
>  Anu jadi mataholang pasoalan teh Ahmadiyah anu ngaku Islam ngaku boga nabi
> sejen salian ti Nabi Muhammad saw. Sok sanajan kumaha bae argumen anu
> digunakeun (anu museur kana nafsirkeun kecap "khotamun nabiyyun"), ieu
> kayakinan ayana nabi anyar teh geus kaluar tina kayakinan ummat Islam
> mayoritas. Ceuk logika bae, keur naon aya nabi anyar upama darajatna
> sahandapeun nabi anu samemehna, dina sagala aspekna (akhlak, tuladan, hukum,
> jeung kakuduan micontona).
>  Syi'ah anu ku sababaraha golongan muslim mayoritas sok dianggap sasar lebah
> nabi mah henteu ngaku boga nabi anyar saba'da Nabi Muhammad saw, pon kitu
> deui Al Qur'anna oge sarua. Kukituna, golongan Islam anu ngaku-ngaku boga
> nabi anyar dihenteu-henteu oge memang geus ngagerian hate ummat Islam anu
> sejenna. 
>  Sok sanajan teu satuju kana tindakan heuras jeung anarkis, tapi si kuring
> henteu narima jeung moal nyatujuan upama aya ummat anu ngaku-ngaku Islam
> dina waktu anu sarua ngaku boga nabi anyar salian ti Nabi Muhammad saw.
> Kukituna, sapuk jeung pamadegan Muhamadiyyah: mendingan nyieun agama anyar
> bae ulah nyalindung dina tiung Islam.

> manAR
>  On 7/27/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>> 
>> 
>>  Kalau MUI mengatakan Ahmadiyah sesat, lalu menerbitkan fatwa, dan 
>> kemudian
>> meminta pemerintah membuat satu edaran entah melalui Kejaksaan atau
>> Departemen Agama, yang menyatakan kelompok ini sesat. Saya menolak argumen
>> ini. Menurut orang Islam: orang Kristen, orang Hindu, orang Budha, orang
>> Sinkh, orang agama-agama lokal, itu semua sesat. Karena mereka tidak
>> mengikuti akidah tauhid. Apakah MUI harus mengeluarkan fatwa Krsiten
>> sesat?
>> Hindu sesat? Budha sesat? agama Sikh sesat? agama yang dipeluk orang Dayak
>> dan Irian sesat? Dalam standar Islam mereka semua itu sesat kok! 
>> 
>> Heuheu... geus puguh atuh ari ageman sejen mah dianggap sasabna teh, teu
>> kudu make fatwa deui! Tapi najan kitu, ka ageman sejen pan Islam mah ngaku,
>> pek napsi-napsi bae. Matak alus usul ti Muhammadiyah (cenah ceuk dina ieu
>> artikel), geus we nyieun ageman sorangan, ulah make jeung diimplik2an Islam.
>> 
>> jk
>> 
>> 
>> Komunitas Urang Sunda -->
>> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
  



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke