Nu katarima ku harewos hate sim kuring mah kieu.
Wayahna Nabi Isa teh moal lungsur-lungsur deui ka alam
dunya ieu, sababna naon? Lantaran  moal kaumuran ku
urang-urang kajadian akhir jaman eta.(kiamat qubro).
Sok ceunah disebutkeun yen turunna Nabi Isa teh
pertanda bakal kajadian kiamat ageung.
Logikana kulantaran kiamat ageung eta moal ka umuran
ku urang-urang, jadi kasimpulan na "imam mahdi" teh
moal turun-turun. 

Kiamat alit anu ceket mah, sareng ieu anu kudu pisan
dipikiran jeung diraraoskeun siang kalayan wengi.

Hampura dulur bilih langkung saur.

wassalam
mz


--- Dikki <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sakali deui ieu mah upami masih kenging keneh
> dibahas, saurna mah urang Ahmadiyah teh ngaku Nabi
> nu saba'da Nabi Muhammad saw teh nyaeta Nabi Isa nu
> bakal lungsur di akhir jaman tea.
> 
> Sakumaha posting kuring di ieu milis sababaraha
> dinten kapengker teu acan aya nu ngawaler, janten
> upami kenging mah aya sababaraha hal anu hoyong
> ditaroskeun ka dulur2 di ieu milis bilih wae aya nu
> kagungan pemahaman langkung tiasa ditampi ku sim
> kuring pribados.
> 
> Pami memang Nabi saparantosna Nabi Muhammad saw
> leres-leres moal aya deui, kumaha atuh gelar Nabi
> Isa nu bakal lungsur teh ?
> Naha masih ngangge keneh "Nabi" dipayuneun
> jenengannana ?
> Atanapi nu bakal lungsur engke mah ujug-ujug wae
> jenengannana teh "Isa" teu ngangge gelar Nabi ?
> 
> Teras atuh upami leres Nabi Isa teh bade lungsur
> deui, iraha kinten-kinten lungsurna, dimana tur
> kumaha rupina ?
> 
> Masih keneh sapertos kapungkur kitu ? 
> Anu mana rupina, da urang oge sadayana nu hirup di
> jaman kiwari mah teu acan aya nu kantos tepang
> sareng anjeunna.
> 
> Kumaha deui urang kedah ngangken ka Nabi Isa nu bade
> lungsur teh, da ti payun mah diangken ku umat nu
> sanes pan Nabi Isa teh, naha henteu bakal parebutan
> "nganken" kitu ka anjeunna ?
> 
> Kunaon teu Nabi Muhammad saw we atuh nya nu diangkat
> ka langit tur bakal dilungsurkeun deui di akhir
> jaman teh ?
> Panginten moal aya silih "sesatkeun" diantawis urang
> Islam, boa-boa Ahmadiyah oge moal kantos aya, da
> panginten teges-teges disebatkeun di Al-Quran yen
> Nabi Muhammad saw bade angkat heula ka langit tapi
> urang nu janten ummat na teu kedah bingung margi
> akhir jaman oge bade dipapagkeun deui ku anjeunna.
> 
> Ieu mah mung saukur emutan sim kuring anu nuju
> hoyong nambih elmu tina hasil "sharing" emutan
> sareng dulur-dulur di milis ieu.
> 
> Hatur nuhun.
> 
> Dikki
> 
> 
> > Komentar singket bae kalawan henteu maksud
> neruskeun ieu ngadu bako:
> >  Anu jadi mataholang pasoalan teh Ahmadiyah anu
> ngaku Islam ngaku boga nabi
> > sejen salian ti Nabi Muhammad saw. Sok sanajan
> kumaha bae argumen anu
> > digunakeun (anu museur kana nafsirkeun kecap
> "khotamun nabiyyun"), ieu
> > kayakinan ayana nabi anyar teh geus kaluar tina
> kayakinan ummat Islam
> > mayoritas. Ceuk logika bae, keur naon aya nabi
> anyar upama darajatna
> > sahandapeun nabi anu samemehna, dina sagala
> aspekna (akhlak, tuladan, hukum,
> > jeung kakuduan micontona).
> >  Syi'ah anu ku sababaraha golongan muslim
> mayoritas sok dianggap sasar lebah
> > nabi mah henteu ngaku boga nabi anyar saba'da Nabi
> Muhammad saw, pon kitu
> > deui Al Qur'anna oge sarua. Kukituna, golongan
> Islam anu ngaku-ngaku boga
> > nabi anyar dihenteu-henteu oge memang geus
> ngagerian hate ummat Islam anu
> > sejenna. 
> >  Sok sanajan teu satuju kana tindakan heuras jeung
> anarkis, tapi si kuring
> > henteu narima jeung moal nyatujuan upama aya ummat
> anu ngaku-ngaku Islam
> > dina waktu anu sarua ngaku boga nabi anyar salian
> ti Nabi Muhammad saw.
> > Kukituna, sapuk jeung pamadegan Muhamadiyyah:
> mendingan nyieun agama anyar
> > bae ulah nyalindung dina tiung Islam.
> 
> > manAR
> >  On 7/27/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> >> 
> >> 
> >>  Kalau MUI mengatakan Ahmadiyah sesat, lalu
> menerbitkan fatwa, dan 
> >> kemudian
> >> meminta pemerintah membuat satu edaran entah
> melalui Kejaksaan atau
> >> Departemen Agama, yang menyatakan kelompok ini
> sesat. Saya menolak argumen
> >> ini. Menurut orang Islam: orang Kristen, orang
> Hindu, orang Budha, orang
> >> Sinkh, orang agama-agama lokal, itu semua sesat.
> Karena mereka tidak
> >> mengikuti akidah tauhid. Apakah MUI harus
> mengeluarkan fatwa Krsiten
> >> sesat?
> >> Hindu sesat? Budha sesat? agama Sikh sesat? agama
> yang dipeluk orang Dayak
> >> dan Irian sesat? Dalam standar Islam mereka semua
> itu sesat kok! 
> >> 
> >> Heuheu... geus puguh atuh ari ageman sejen mah
> dianggap sasabna teh, teu
> >> kudu make fatwa deui! Tapi najan kitu, ka ageman
> sejen pan Islam mah ngaku,
> >> pek napsi-napsi bae. Matak alus usul ti
> Muhammadiyah (cenah ceuk dina ieu
> >> artikel), geus we nyieun ageman sorangan, ulah
> make jeung diimplik2an Islam.
> >> 
> >> jk
> >> 
> >> 
> >> Komunitas Urang Sunda -->
> >>
>
http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>   
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke