Dulur sasunda,
Kajian demi kajian, seminar demi seminar ngeunaan cara hirup urang baduy
parantos seueur didokumentasikeun. Oge parantos seueur tokoh akademisi anu
kenging gelar doktor/profesor ku neuleuman budaya urang kanekes. Hanjakal
teu aya seratan anu sumberna ti urang kanekes asli, tapi nu kapendak teh
ukur seratan ti urang saluareun kanekes, anu nalungtik kahirupan urang
rawayan, anu mungkin tulisanana teh teu sarua jeung cepengan asli urang
kanekesna, maklum da urang ditu mah tertutup pisan nyinghareupan urang
luar. Ukur ngaladenan obrolan ku lantaran minuhan tatakrama mah wajar wae,
tapi lamun nyosop jero ka jeroanana mah tangtu moal diladenan.
Anu kabandungan ku sim kuring, para tokoh anu nalungtik kabudayaan kanekes
teh sabagianana mah enggoning neangan lolongkrang pikeun ngarobah kahirupan
urang kanekes sangkan nyepeng salah sahiji agama, tapi weleh teu hasil nepi
ka kiwari, maklum urang rawayan mah pengkuh kana tatali karuhuna. Salaku
pamulang tarima ti para tokoh anu geus meunang runtuyan gelar ti kahirupan
urang kanekes teh, intina mah hayang 'ngabasmi' ageman sunda wiwitan. Da
lamun di tanya paduduan mah para tokoh teh teu aya nu panuju yen di urang
masih keneh aya suku bangsa anu masih keneh ngagem agama saluareun agama
anu resmi ti nagara. Teu percanten, mangga buktoskeun.
Ceuk urang maranehna aya dina kaayaan 'sesat' teh, da ceuk manehna mah
urang anu 'linglung' teh, sabab teu nyaho di purwadaksi.
Palebah dieu urang rawayan oge geus sadar yen kayakinan maranehna teh aya
dina 'anceman', nu matak ugeran-ugeran warisan karuhun kacida
diterapkeunana ka sakumna urang rawayan, nyeta sangkan teu kabawa ku
'sakaba-kaba' tea. Matak wajar lamun aya urang luar ngayakeun panalungtikan
di kanekes, ukur meunang 'cangkangna' wungkul. Apan urang mah nyebutna oge
Urang Baduy ka maranehna teh, nyaeta umat anu teu daek narima kana ajaran
salah sahiji agama.
Mangga lajengkeun deui ku nu sanesna.....
ilen kardani
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/