Aeh...hatur nuhun Kang pangeling-ngelingna...maklum atuh, ngomentaran bari
jeung henteu nyepeng bukuna. Saterasna, mangga diantos pamairanana dina
jejer Sunda Wiwitan. Panganteurna parantos dikawitan ku Kang Ilen sareng nu
sanesna.
manAR
On 8/4/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sigana kedah dilempengkeun sakedik; Prof. Judistira Garna sigana sanés
> murid Prof. Kusnaka, ogé kolégana. Margi ninggali tina yuswa sareng angkatan
> katinggalina mah pakokolot supa.
>
> oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :Sunda wiwitan, sapalih tos
> diserat ku MJ, hatur nuhun. Rujukan sanesna tiasa
> diantosan pedaranana Kang Engkus atawa Kang Indra, mangga dihaturanan.
> Rujukan sanesna ngeunaan Urang Baduy (dilebetna tiasa diaos oge ngeunaan
> Sunda Wiwitan) tiasa dipilarian dina buku "Orang Baduy", seratanana Kang
> Yudistira Garna (hapunten upami lepat nyerat namina), dosen antropologi
> Univ. kebangsaan Malaysia, lulusan UNPAD, muridna Dr. Kusnaka Admihardja.
> Ieu buku anu dipedalkeun tina thesis Kang Garna di perpustakaan Unpad
> rupina
> sayogi.
> Baktos
> manAR
>
> On 8/4/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > IEU kuring boga arsip ngeunaan sunda wiwitan. Nyanggakeun. Ari
> > bukunamah kuring teu terang.
> >
> >
> > From: mj
> > To:
> > Subject: [UrangSunda] AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
> > Date: Tuesday, December 16, 2003 10:43 AM
> >
> > AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
> >
> >
> > Nu ngagem:
> > Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy). Kanekes teh ngaran hiji
> tempat
> > di Banten.
> >
> > Ngaran Agama & Kapercayaan:
> > Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati. Ngaran
> sejen:
> > Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)
> >
> > Ngaran Pangeran:
> > Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha
> Menghendaki).
> >
> > Sebutan sejen:
> > Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa),
> > Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam)
> > Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)
> >
> > Tempat Pangeran:
> > Buana Nyungcung
> >
> > Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra, Yama,
> > jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.
> >
> > Konsep Alam ceuk 'mitologi' atawa 'kosmologi' urang Kanekes aya tilu:
> > 1. Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
> > 2. Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup tangkal
> > jengkol jeung peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo,
> tumbila,
> > jeung sajabana)
> > 3. Buana Larang , naraka. Panghandapna.
> >
> > Antara Buana Nyungcung jeung Buana Panca Tengah, aya 18 lapisan (langit
> > tea meureun). Lapisan pangluhurna, ngarana Buana Suci Alam Padang, nu
> ceuk
> > koropak 630 (sigana nomer lomari paranti nunda naskah kuno di Arsip
> > Nasional Jakarta) disebut Alam Kahiyangan atawa Mandala Hiyang, tempat
> > linggihna Nyi Pohaci Sanghiyang Asri jeung Sunan Ambu. (Sunan Ambu ieu
> > ayeuna dijadikeun ngaran gedong teater di Sekolah Tinggi Seni Indonesia
> > Bandung (STSI) Buah Batu.
> >
> > Sang Hiyang Keresa nurunkeun tujuh batara di Sasaka Pusaka Buana. Nu
> > pangkolotna, Batara Cikal, dianggap karuhun urang Kanekes (Baduy).
> Turunan
> > batara sejenna marentah di daerah Karang, Jampang, Sajra, Jasinga,
> > Bongbang, Banten.
> >
> > Kapangaruhan Hindu Saeutik
> > Mun noong ngaran2 batara ('utusan' Sang Hiyang Keresa: Wisawara, Wisnu,
> > Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan urang
> > Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.
> >
> > Buana Panca Tengah
> > Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat
> > kasucianana:
> > 1. Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeung
> > Sasaka Domas (atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
> > 2. Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
> > 3. Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat
> > Banten
> > 4. Banten, jadi pusat Sunda
> > 5. Tanah Sunda
> > 6. Luar Tanah Sunda
> >
> > Aturan Hirup:
> > Titahan jeung Pamali (basa urang dinya, Buyut) ti karuhun. Kabuyutan,
> > tempat nu ngandung rupa-rupa pamali. (Teu meunang anu, teu meunang anu
> > tea-.)
> >
> > Ritual/Upacara:
> > ngukus,
> > muja,
> > ngawalu,
> > ngalaksa.
> >
> > Muja
> > Muja diayakeun di Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas dina waktu nu
> > beda. Di Sasaka Pusaka Buana sataun sakali, lilana tilu poe, tiap
> tanggal
> > 16, 17, 18 bulan Kawolu (bulan kalima numutkeun sistim kalender Urang
> > Kanekes. US boga sistem kalender sorangan tah!). Muja dipingpin ku Puun
> > (sigana sarupaning kepala adat) Cikeusik, jeung jalma2 kapercayaanana
> > (baris kolot-sesepuh meureun). Poe kahiji, rombongan upacara angkat ka
> > ranggon (Talahab- saung). Ngendong di dinya. Isukna, mandi jeung
> karamas,
> > terus angkat ka ka Sasaka Pusaka Buana ti arah kaler. Upacara muja
> > dilakukeun di undakan kahiji, ngadep ka pasir/bukit SPB, nepi ka tengah
> > poe. Terus mersihan salira, bari memeres palataran undakan. Beres kitu,
> > ngumbah leungeun jeung suku ti batu Sang Hiyang Pangumbahan. Terus naek
> ka
> > puncak pasir/bukit. Di dinya rombongan ngala lukut nu napel dina batu.
> > Lukut (lumut) eta disebut komala (permata), dibawa mulang jeung
> dipercaya
> > bisa ngadatangkeun berkah jang nu merlukeun.
> >
> > Buyut/Pamali
> > Aya dua jinis:
> > 1. Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung jero).
> > Buyut ieu pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna/rinci
> > 2. Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka
> (warga
> > Kanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping
> atawa
> > Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu kaci.
> >
> > Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:
> > a. melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
> > b. melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
> > c. melindungi tradisi
> >
> > Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala
> > Kanekes, karena ti samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya
> deui
> > karajaan nu ngalindungi. Malah sok aya pertentangan kapentingan antara
> > urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge pamarentah kolonial. Tah,
> > ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali atawa
> buyut!
> > Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.
> >
> > Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut: di
> > kaluarkeun/dipiceun/ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nu
> > tangtu, biasana 40 poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.
> >
> > Konsep Daur Hirup
> > Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca
> > Tengah angges, sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea meureun!).
> > Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina rahayu,
> > alus, balik oge kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan loba
> > buyut/pamali nu dirempag, nya ka naraka. Alus gorengna sukma waktu rek
> > mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana Panca Tengah saluyu jeung
> > tugas hidup masing2. Dina raraga mancen tugas, sukma dibekelan 10 indra.
> > Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!
> >
> > Geus ah, cape euy!
> > -------------------------
> > Catetan:
> > Meunang niron ti Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan
> > Sejarah), Pustaka Jaya, 1995. (Bukuna meunang nginjem ti Arie Kusuma
> > Argadipa, urut mahasiswa si kuring, teu kaburu dibalikeun, da si eta na
> > geus lulus manten, hehe-)
> >
> >
> > mj
> > geocities.com/mangjamal <http://geocities.com/mangjamal> <
> http://geocities.com/mangjamal>
> >
> >
> >
> > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
> >
> >
> >
> > Thursday, August 4, 2005, 7:54:11 AM, you wrote:
> >
> > > Punten numawi aya anu gaduh buku atanapi artikel ngeunaan SUNDA
> WIWITAN.
> > --
> > Best regards,
> > durahman mailto:[EMAIL PROTECTED]
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
> Culture Indonesia Diskusi Corporate culture Hawaiian culture Hispanic
> culture
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> Visit your group "kisunda" on the web.
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
> Téléchargez le ici !
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/