Baraya, Isuk-isuk mukaan milist, kareret aya anu nataroskeun perkara muflish. Hapunten ngeunaan patarosan eta dipairan di dieu bae (jejer anyar) jalaran teu kapaluruh deui postinganana (ma'lum di gmail jeung miluan sababaraha milist). Kanggo anu naroskeun perkara muflish, leres, anu muflish teh jalmi anu "bangkrut" poean kiamah (poean balitungan amal). Singgetna, jalmi anu di dunya seueur amalna, tapi kusabab manehna oge loba nganyeyeri batur atawa dolim tea ka papada manusa, nya ganjaran amal kahadeanana teh beak dipake babayar ka jalma anu dinyenyeri ku manehna. Malah, nalika ganjaran amalna geus beak dipake "babayar", dosa dolim atawa nganyenyeri ka nu lian teh loba keneh. Tah kitu cenah jalmi anu bangkrut (muflish) poe akhir engke teh. Kanggo ecesna, aya hiji seratan ngeunaan muflish di alamat ieu: http://www.hayatulislam.net/comments.php?id=606_0_1_0_C (sanes abdi lebet anggota eta website/milist, namung kenging milarian nganggo kecap konci "bangkrut"). Pamugi aya manfaatna. Kumargi sakitu, di kalangan ahli tasawuf mah aya adagium kieu: beresihan heula (diri tina dosa-dosa atawa takhalli = ngosongkeun diri tina dosa), nembe ngahias diri ku amal-amalan sunnah (anu wajib mah tangtu kudu dipayunkeun bari takhalli; lengkah kadua ieu disebut tahalli), tah engke baris kapanggih kanyataan (tajalli tea). Geus tajalli mah geura eces sagala rupina. Pamugi urang sadaya teu kalebet jelema-jelema anu muflish; sabalikna, kalebet jalmi anu takhalli, tahalli sareng tajalli. baktos, manAR
[Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
