Baraya saalam dunya, 
 Kaamanahan ku Kang Mubiar sareng Kang Sobirin ti DPKLTS, anu janten pupuhu 
dina ngarumuskeun rancangan peraturan daerah (PERDA) ngeunaan Kawasan 
Lindung (KL) di Jawa Barat, dina file nangkod (attachment) kahaturkeun draft 
Perda KL Jawa Barat versi 15 Agustus 2005. Luyu sareng amanah ti kelompok 
anu ngarumuskeun ieu rancangan Perda, dihaturanan ka para wargi sadaya 
kanggo maparinan asupan (input) kanggo pangropea ieu rancangan Perda (bilih 
aya anu kirang, boh subtansina atawa ketikanana). Mangga, kanggo asupan mah 
tiasa dijaprikeun bae ka alamat e-mail si kuring atawa Kang Sobirin <
[EMAIL PROTECTED]>.
 Sakumaha ti heula kungsi dipostingkeun, ieu rancangan Perda teh ngudag 
tujuan sangkan Kawasan Lindung (leuweung) di jabar teh minimal 45% tina 
legana Jabar/TS sagemblengna. Apan Singapur jeung Malaysia mah boga 
kawijakan anu miang tina "kearifan lokal" na sewang-sewangan, yen nuturkeun 
prinsip, sakabeh wilayah di ieu dua nagara teh eta leuweung. Sok komo deui 
di TS anu boga ajen-inajen Kabuyutan. 
 Kukituna, dina rancangan ieu perda oge diatur yen cara ngokolakeun leuweung 
(salah sahiji bagean tina kawasan lindung) teh kudu nyoko kana budaya Tatar 
Sunda. Nya sakuduna kitu, apan ceuk Amanah Galunggung oge bangsa anu henteu 
bisa ngurus kabuyutanana (diantarana leuweung) eta leuwih hina tinimbang 
kulit lasun anu aya dina jarian. 
 Teu rek kitu kumaha, leuweung teh salah sahiji sumber kahirupan sarerea. 
Diantara hasil panalungtikan (anu jadi salah sahiji eusi naskah akademis ieu 
perda) netelakeun yen karuksakan leuweung di Indonesia ngabalukarkeun 
karugian masyarakat/nagara Rp 83 milyar unggal POE. Leuweung Jabar kaasup 
leuweung anu pangruksakna di Indonesia.
 baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke