Merdeka ka sakumna urang sunda

Ieu mah perkawis kailmuan ka ma'rifatan nu  kahartos ku 
simkuring dina danget ieu duka engke mah, panginten kanggo 
nu sanesmah nembe informasi manawi aya manfaatna ka ki 
dulur sadayana.

Hapunten ka para karuhun oge anu tos masagi dina bidang 
ieu, abdi ngantos wejangan boh kritikannana bilih lepat.

Kaleresan abdi di ajarna ku cara ngobrol wae sareng 
ngangge istiah arab sapalih, kieu salah sawiosna :

Kapungkur abdi sateuacan rimbitan kantos naroskeun naon 
anu disebat mari'rifat ka Gusti the ? saurna, gali olah 
manfaatkeun jadi tos dugi the sanes beres malah kedah 
 tiasa ngagali ngolah na sareng ngamanfaatkeun dina na 
naon oge ti mikro dugi kamakro

Lajengna deui diajarmah ka mana wae jeung kasaha wae, ngan 
alusna mah saenggeus rimbitan saurna, ngan ari patokan mah 
anu katanpi tentang kailmuan diantawisna :

1.      Elmu sarea't nya eta :
§       Elmu tentang panyarek sareng panitah nusok dijantenkeun 
tata cara paribadatan sareng diaji di ajaran agama 
termasuk dina adat istiadat dugika hukum ka tatanagaraan 
anu rupi rupi tergantung kana asal usul, tempat  sareng 
jaman dikaluarkeunana eta sare'at. Dzikirna dzikir jahar 
(tarik)
§       Manfaatna henteu picarekeun jeung henteu titaheun estu 
pujieun da mani soleh
§       Godaanana sok haying nitah jeung nyarek bari kirang pas
§       Upami dina silatmah pangintean ibing penca
§       Carana sering maca sareng ngobrol ka ahlina

2.      Elmu tarekat nyaeta :
§       Elmu tentang jalan pikiran atanapi ayeunamah logika 
panginten, mung dina sekup diri mah ngalatih otak tina 
ngalatih alatna dugika digawena eta alat, sareng kanggo 
nalungtik naon nu sabenerna, make jeung dicarek jeung 
dititah tah caang weh eta ge nembe kaharti kedah 
diteraskeun dugi terang hakekatna atanapi kaluarna rahmat 
dina hate
§       Manfaatna tiasa ngiatan kana panyarek sareng panitah 
dzikirna dzikir khouf (laun) alamna malakut
§       Godannana pedah kenging kakiatan sok jadi wani teuing 
 jeung ngajago
§       Upami dina penca mah panginten olahan nafas atanapi 
nusok disebat pernapasan
§       Carana sering latihan ka ahlina sareng ngobrol

3.      Elmu hakekat nyaeta:
§       Elmu tentang naon nusabenerna panyarek jeung panitah the 
sareng terang manfaatna. Atanapi olahan hate tina mulai 
alatna gerakna sareng ngamaknaannana kana panyarek jeung 
panitah sareng sidik jeung nuturkeun gerakna eta rahmat ti 
gusti dina hate
§       Manfaatna tiasa ngajelaskeun sareng mere kasadaran kan 
ayana panyarek sareng panitah. Dzikirna dzikir sir jeung 
alamna alam jabarut kenging roh weh roh kudus
§       Godaannana sok nurutan jiga nu bogana padahal tos teu 
usum atanapi sanes wancina lantaran apal jeung nyaho kana 
eta panitah jeung panyarek
§       Upami dina penca mah panginten gerak otomatis terang 
kana sagala jurus boh diurang jeung dibatur
§       Cara na sering meditasi sareng munajat dibingbing ku 
ahlina bari sering dialog paduduaan.

Ma'rifatmah langsung sareng gustina dina nyiptakeun sagala 
solusi sesuai dengan kadarna masing-masing tos dialam 
caang (sunda)  tapi heunteu serab jeung nyerabaan tos 
disebat jalmi tanggel waler jadi wali pinilih nya ahli 
rasa nu sajati anu tiasa ngamerdekakeun sajati sa dunya. 
kitu saurna
Mangga nyanggakeun kasadaya abdi nampi wejangan oge 
hapunten kanu langkung uninga kana ieu perkara. Ieumah 
mung penelaahan simkuring.

Salam baktos aka




> 

========================================================================================
Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS 
Easy. 

Klik http://easy.ventusmobile.com
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke