Punten bade ngiringan kaleresan sim kuring gaduh pangalaman kantos ngobrol
sareng salah saurang aktifis jemaat ahmadiah.
Ngeunaan ahmadiah sakaterang sim kuring ajaran eta dilarang sabab dina
prak-prakanana maranehna ngaku yen sabada nabi Muhammad aya deu nabi nyaeta
Mirza Gulam Ahmad (pendiri ahmadiah), padahal dina ajaran Islam ditandeskeun
yen Nabi MUhammad SAW ngarupakeun nabi panutup, teu aya deui nabi sareng
rasul sabadana mantenna wafat.

Waktos kkn tahun 1994, salah saurang anggota kelompok kkn teh ngagem
ahmadiah. Mimitina mah teu percaya eta wanoja teh ngagem ahmadiah, waktu
diajak solat jamaah malah mandeurikeun maneh alesan kudu  kukumbah piring
heula. ku sabab sababara kali diajak solat bareng teu daek, babaturan kkn
anu wanoja lianna ngomong tong teuing di ajak solat bareng da manehna mah
ahmadiah. Ngadenge eta asa percaya teu percaya, ngan dina hiji isuk keur
ngadenmgekeun diskusi agama di radio anu kabeneran ngabahas ahmadiah,
manehna langsung mareuman eta radio bari jeung ngomong : Teu suka saya
ngadengekeun eta ceramah bari terus ngaleos deui ka kamar. Ku sabab geus
apal yen manehna ahmadiah ku sarerea teu diropea da bisi kasinggung.
Salah sahiji kagiatan rutin anu dilaksanakeun keur kkn teh nyaeta
ngadatangan majlis taklim, lamun kabeneran acarana leuwih ti hiji sok dibagi
ngarah eta kagiatan di tiap dusun bisa diluluuhan, ngan anu rutin mah
pangajian rutin ibu-ibu di masjid desa samemeh wktu lohor. Beres pangajian
biasa sok diteruskeun ku solat lohor berjamaan, ngan babaturan anu hiji tara
pernah daek ngilu solat bareng alesanna rupa-rupa ti mimiti datang bulan,
tinggaleun mukena, baju kotor jeung rea-rea deui, pokona mah cadu solat
ngamamum ka batur teh. Hal eta jadi perhatian ibu-ibu, obrolan eta datang
oge ka kuring saparakanca anu intina manghanjakalkeun.
Dina hiji mangsa kabeneran ukur duaan di posko teh da nu sejen keur pada
ngarengsekeun program masing-masing, kuring nyoba nanya sacara pribadi
ngeunaan kagiatan agama anu dipiluan ku manehna, manehna balaka yen dirina
ahmadiah. Geus nyaho kitu, terus ditanya ngeunaan eta ajaran, kalawan daria
manehna medarkeun ti a nepi ka z ajarannana. Ceuk manehna : Ahmadiah teh mun
di kristen mah sajenis sekte, maranehna percaya yen sabadana nabi Muhammad,
SAW pupus aya nabi deui nyaeta Mirza Gulam Ahmad, terus dina kagiatan
sapopoena kudu nyebarkeun kasih ka umat manusa anu can sadar (persis saperti
anu diajarkerun dina agama kristen) ku rupa-rupa cara tapi utamana ku cara
anu matak pikayungyuneun sarta dukungan ekonomi. Dina ibadah sapopoe manehna
teu meunang ngamamum kanu lian, ari anu lian rek ngamamum ka manehna mah teu
nanaon, ku kituna deui maranehna teu meunang solat di masjid anu lain masjid
ahmadiah, tapi laun anu lian tek solat di masjid ahmadiah teu nanaon.
Maranehna oge ngaku boga pimpinan agama sadunya (imam) model paus dina agama
katolik. Salian ti eta, dina masalah pernikahan maranehna kudu nikah ka anu
sajamaat (papada ahmadiah) rek disatujuan atawa henteu ku kolotna, pokona
teu meunang nikah ka saluareun ahmadiah. Masalah pernikahan ditanyakeun
sabab  kabeneran manehna teh urang sebrang tapi boga papacangan urang sunda,
nya sakalian bae ditanyakeun naha disatujuan ku kolotna, jawabanana kolot
mah teu satuju da lamun nepi ka rek akad tetep kolot teu satuju moal rek
menta panyatujuan sabab nepi ka danget eta kolotna mah masih tetep lain
ahmadiah da lamun apaleun mah kolotna sigana geus dipecat jadi anak, jawabna
bari seuri. Naha teu sieun dosa nambalang ka kolot ? tanya kuring
harita,Jawabna lumayan pertentang : Teu sieun dosa da antara kolot jeung
kuring beda kayakinan, kuring ngahormat ka kolot sabatas dina hubungan
antara anak jeung kolot anu ngalantarankeun kuring lahir di alam dunya, tapi
dina kayakinan mah teu bisa dipaksa masing ku kolot oge da geus papada
dewasa, kuring geus nangtukeun pilihan ageman anu ceuk kuring paling bener.
Da moal dosa ngalawan ka kolot ari mertahankeun kayakinan mah.
Kitu para wargi hasil wangkongan sim kuring sareng  salah saurang anggota
jemaat ahmadiah mudah-mudahan tiasa masihan gambaran kumaha jemaat ahmadiah
teh, punten henteu lengkep da dugi ka ayeuna oge sim kuring teu patos paham
kana eta ajaran.

baktos,
Iwan





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke