Assalamualaikum wr wb,
Kang Engkus, wasta abdi sanes "Gin" nanging Gunawan sok disebat Gun, upami
"Gin" eta sanes nami sepintas mah siga nami istri, atuh "pelecehan" ceuk
abdi mah, akang nyebatkeun panjang lebar yen pitnah leuwih kejem tibatan
maehan nanging akang oge ngalakukeun "padamelan ieu", akang nuduh yen
seratan abdi ngan direka-reka, padahal mah ieu otentik dumasar kana
pangalaman abdi, mangga aos sakali deui seratan abdi,
KAHIJI
Basa taun 1980-an keur kuring kuliah keneh di Bogor, kuring boga babaturan
manehna kakak kelas abdi, abdi sok tunya tanya ngenaan sakola ka anjeuna,
hiji waktos kuring dongkap ka rorompokna di Bogor, di Jl Perintis
Kemerdekaan, Kebon Jahe, caket pengkolan TK Pertiwi, bilihna akang teu
percanten mangga dongkapan ka ieu tempat, bisi abdi disangki pitnah deui,
tah di dieu teh aya masigit tur tempat janten tempat diajar jemaah
ahmadiyah, rerencangan abdi linggihna di dieu, tangtosna anjeuna oge ngiring
jemaah ahmadiyah, harita abdi saparantos ngabahas pelajaran sakola oge
ngabahas ajaran ahmadiyah, malihan abdi oge dipaparinan buku-buku ahmadiyah,
diantawisna ngenaan Nabi Isa versi ahmadiyah, oge ajaran-ajaranana, moal
cekap waktos dideu upami abdi ngabahas eta buku, ngan tina eta buku sim
kuring kantos naros ka ulama oge, hasilna memang ahmadiyah nyimpang tina
ajaran islam
KADUA
Kuring kantos masihan komentar ngenaan ajaran ahmadiyah di milist urang
sunda sababaraha waktos kapengker, teu lami kuring kenging postingan ti hiji
jalmi, namina Pak Tatang rupina anjeuna jemaah ahmadiyah, tadina dikinten
anjeunana teh anggota milist urang sunda, sihoreng sanes, rupina aya nu
ngaposting ka anjeuna ti milist urang sunda, harita nu diposting ti anggota
milist urang sunda selain abdi, nyaeta Kang Agus Wirabudiman, lajeng ku abdi
diwaler eta postingan ngenaan ajaran ahmadiyah bari jeung di cc-keun ka
anggota milist urang sunda nu sanes, Pak Tatang oge rupina nga-cc-keun ka
jemaah ahmadiyah nu sanes, diskusi ngenaan ahmadiyah ieu lami pisan aya
kirang langkung tos dugi ka sasasihna, tos sababaraha dinten ieu abdi teu
nampi postingan ti Pak Tatang, sareng jemaah ahmadiyahna, mung salami
diskusi ieu seueur pisan ajaran-ajaran ahmadiyah nu ditampi ku abdi ti
jemaah ahmadiyah langsung, ieu mah sanes nuduh, pitnah, jsb, upami Kang
Engkus teu percanten, tiasa naros ka anggota milist nu sanes, ke ku abdi
bade diwartosan saha-saha nu ku abdi dikintun diskusi ngeaan ahmadiyah ieu,
bilih-na Kang Engkus teu percanten engke nganggepna ka abdi "PITNAH"  deui,
sanes kitu ?
KATILU
Abdi bade ngomentaran postingan ti Kang Engkus, ieu milist urang sunda nu
mayoritas oge islam, kaleresan bahasan ayeuna ngenaan bagian tina islam oge,
nyaeta ajaran ahmadiyah, abdi bade naros kunanon Kang Engkus, teu ngucapkeun
salam ti Islam sapertos Assalamulaikum, Kang Engkus-mah malihan nyerat salam
nganggo "Sampurasun, rampes", kuring mah teu masalahkeun ucapan ieu sah-sah
bae, mung ditingal tina adab, komo urang sunda mah luhur budi pisan,
ngayahokeun kana kaayaan, pan ceuk kolot oge pindah cai pindah tampian,
ayeuna upami Kang Engkus wantun ngabahas ajaran islam (ahmadiyah), langkung
sae Kang Engkus ngucapkeun salam sacara islam oge, logikana kumaha batur rek
percaya ka nu diomongkeun lamun Kang Engkus teu nyontoan ajaran ieu
KAOPAT
Masalah ngenaan urang ahmadiyah nu sopan, sabar, keur ngajawab patarosan nu
garihal, basa Kang Engkus nginali di tipi, eta mah teu tiasa janten standar,
da ayeuna mah seueur nu katingali sopan padahal mah hatena goreng, teu
percanten tingali kasus kriminal ayeuna, sakali deui punten sanes abdi nuduh
awon ka urang ahmdiyah yen anjeuna jahat, teu teu pisan pisan, ngan sim
kuring mah bade nunjukeun yen sopan jeung sabar mah sanes standar, nu
dibahas didieu mah ajaranana.
Panginten kajantenan, abdi teu tiasa shalat di masigit ahmadiyah teu ku
urang ahmadiyah, eta mah jalmina wungkul, panginten jemaah nu sanesna mah
heunteu ?, mung nu janten masalah mah sanes sopan atanapi heunteuna mung
ditilik tina ajaranana nu janten masalah. Sok Kang Engkus, ayeuna urang
diskusikeun masalah ahmadiyah ieu, ku abdi pendapat  Kang Engkus ngenaan
ahmadiyah ieu bade didangu lan di ditanggapi, nanging tangtosna sakali deui
kedah nganggo dumasar tina ajaran islam oge, ulah tina ham, atanapi ajaran
urang bule, ulah ngabahas masalah biologi dumasar kana elmu pulitik, kedah
ka indung elmu-na.
Mangga diantos pedaranana

Wassalam

----- Original Message -----
From: "engkus ruswana" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, August 24, 2005 2:44 PM
Subject: Re: Re[2]: [kisunda] "Kearifan lokal" urang Sunda geus leungit?


> sampurasun kang Dikki,
> sami simkuring ge asa nembe nguping perkara sikep
> panganut Ahmadiyah dugi ka kitu, benten sareng
> pangalaman simkuring waktos kungsi babarengan ngariung
> gunem catur di Pasantren Cipasung (Tasikmalaya) sareng
> waktos aya padungdengan di Kanwil DEPAG Jawa Barat di
> Jl. Sudirman Bandung nu diluluguan ku kelompok LSM
> PAKUAN. Da nyatana nu kasaksi jeung karasa maranehna
> teh estu someah, sabar, hade tutur hade catur sapertos
>  hasna urang Sunda, malahan ngondang ka simkuring
> pikeun datang ka komunitasna. Oge sakur kidulur nu
> pernah nyaksian dialog di televisi nu dipandu ku Salim
> Said nu ngahadirkeun MUI jeung pangurus Ahmadiyah
> katiten sabarna eta pangurus sok sanajan keur
> dikekesek, estuning teu katingal aya rasa kasinggung
> sumawonna ambek.... Bet asa patebih sareng nu
> dicaturkeun  ku  kang Gin.  Ke... ke..ke..  Naha leres
> eta teh pangalaman kang Gun (mugi dijelaskeun panaros
> ti kang Dikki), atanapi dumasar kana beja jeung
> cenah??, Punten sanes simkuring teu percanten, mungkin
> bae pangalaman kang Gun leres kitu, mung nu
> dipikahariwang teh simkuring mah inggis jeung bisi eta
> cariosan teh teu dumasar tina pangalaman nu kasaksi
> jeung karasa, rempan bisi kalebet kana perkara nu
> kasebat "fitnah" anu apan sakitu dilarangna ku ajaran
> Islam teh, malah apan aya paribasa Fitnah leuwih kejem
> tinimbang maehan. Hal ieu sanes teu aya alesan, margi
> upami ngabandungan kahirupan di dunya, teu sakedik
> jalma nu mikaresep natalepakeun atawa
> nyebar-nyebarkeun cenah jeung beja teh bari jeung sok
> ngadon terus ditambahan jeung dirarangkenan supaya
> leuwih "heboh" jeung "dramatis". Dina nampa beja/
> cenah boh liwat ucap oge tulisan, oge umumna urang sok
> langsung yakin jeung percaya sok sanajan teu nyaksi
> teu ngarasa, komo lamun kana perkara nu panuju jeung
> kahayang atawa sapamadegan, di lebah dieu biasana
> kajembaran disapirakeun. Palebah dieu saleresna urang
> kudu jembar, sabab teu saeutik tulisan atawa beja
> ngahaja disebarkeun dibewarakeun pikeun ngawangun
> citra
> luyu jeung nu dipikayang malah mungkin ngandung muatan
> pulitik, saperti Amerika liwat film-filmna, ngahaja
> ngagambarkeun urang Indian teh mangrupa hiji bangsa nu
> biadab, kejem jeung primitif, kukituna waktu diserang
> jeung dimusnahkeun ku koboy-koboy, pamireung teh teu
> nyalahkeun, malah ngeprokan panuju jeung nganggap si
> koboy teh pahlawan jagoan. Teu beda walanda ngahaja
> ngawangun citra yen luluhur urang memeh agama ti luar
> arabus ka Nusantara digambarkeun biadab teu mibanda
> budaya, agamana ge primitif, nyembah roh nenek moyang
> liwat patung/batu, tatangkalan jeung tempat-tempat
> karamat. Ieu memang ngandung muatan pulitik sangkan
> bangsa nu dijajahna boga kayakinan nepi ka "dibawah
> sadarna" (dicuci-otak), jadi : teu ngabogaan rasa
> percaya diri, teu boga kareueus ka luluhur jeung
> budayana, teu micinta ka lemah-cai jeung bangsana,
> Bangsa ti wewengkon Kulon (bangsa kulit putih)leuwih
> luhur darajatna tinimbang bangsa wewengkon wetan
> (Asia), nganggap sagala nu datang ti luar bangsana
> mibanda ajen nu adiluhung, nu tinangtu nguntungkeun
> pikeun penjajahan. Tah citra/gambaran kitu teh masih
> keneh narerempel di bangsa urang kiwari. Mana pantes
> Walanda nu lega nagarina jeung jumlah wargana jauh
> leuwih leutik tinimbang P.Jawa bisa mampu ngajajah
> nagara urang tepi ka 350 taun (sapuluh generasi
> leuwih), malah tepi ka kiwari mun nyanghareupan basa
> Kulit Putih umumna bangsa urang masih keneh sumuhun
> dawuh, eleh pamor teu aya komara, sabab panjajahan
> umumna lian ti panjajahan nu sifatna fisik, oge
> dibarung ngagunakeun pendekatan budaya pikeun ngarobah
> pola pikir jalma (brain image).
>
> Tah ku gambaran ieu, kuring umajak ka dulur-dulur,
> naon bae kayakinan agamana, hayu urang nanjeurkeun
> deui ajen-tinajen Kasundaan nu didumasaran kana
> Kamanusaan. Percaya jeung yakin ka nu aya jeung
> karasa, teu ngagugulung kana cenah jeung beja. Hirup
> kumbuh miheulakeun laku lampah nu didumasaran welas
> asih, sabab urang geus rumasa kasifatan ku welas-asih
> Gusti Nu maha Suci
>
> cag heula.
> Rampes,
>
> --- Dikki <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > : dihapus :
> >
> > Kang Gun... kumaha perkawis Nabi Isa nu nuju diantos
> > lungsur di akhir jaman tea ?
> > Naha moal disebat Nabi ?
> > Pami disebat Nabi, naha bakal disebat Nabi sateuacan
> > Nabi Muhammad, atanapi nabi saparantosna ?
> > Teras naha engke pami urang tos tepang sareng Nabi
> > Isa nu bakal lungsur teh, urang kedah ngangken umat
> > nabi Muhammad atanapi umat Nabi Isa ?
> > Atanapi kumaha atuh kedahna teh ?
> > Nyuhungkeun "pencerahan" kumaha atuh nu disebat teu
> > aya deui Nabi saparantos Nabi Muhammad teh, kaitanna
> > sareng lungsurna Nabi Isa di akhir jaman...
> >
> > Perkawis shalat di masjid na ahmadiyah, asa nembe
> > nguping wartos dugi ka kitu mah... di masjid
> > ahmadiyah nu mana harita kang Gun ngiring shalat ?
> > Naha aya bentenna islam nu biasa sareng nu ahmadiyah
> > ? Maksadna pami nuju shalat di masjid nu sami ?
> > Atanapi lebet ka masjid ahmadiyahna ge tos kedah
> > ngangge absen/kartu anggota ?
> >
> > Perkawis nu katilu, kumaha atuh urang ahmadiyah di
> > lingkungan masyarakatna, panginten pami kasumpingan
> > ketua RT, RW atanapi nu sanes teh teras "beberesih"
> > di bumina masing-masing nya pami kitu mah cara nampi
> > tamu na... :)
> > Boa-boa pami urang ka bumi urang ahmadiyah mah teu
> > di waler kitu salam na oge pami tea mah urang
> > ngucapkeun assalamu'alaikum...
> > Naha kang Gun kantos ngalaman kajantenan "namu" ka
> > bumi urang ahmadiyah teras teu di waler "salam"na
> > sapertos kitu ?
> >
> > Nuhun.
> >
> > Baktos,
> > Dikki (nu nuju milari "pencerahan")
> >
> > > ahmadiyah, naha ahmadiyah oge toleran, arif , ka
> > non ahmadiyah ?, kiwari aya
> > > sababaraha ajaran ahmadiyah nu nyieun umat islam
> > ngamuk :
> > > 1. Jemaat Ahmadiyah ngaku Nabi, saparantos nabi
> > Muhammad, bari jeung ngaku
> > > umat islam keneh, lain halna upami teu ngaken umat
> > Nabi Muhammad (Islam)
> > > 2. Umat Islam non ahmadiyah teu kenging shalat di
> > jero masigit ahmadiyah,
> > > alesanana umat islam non-ahmadiyah dianggep
> > "najis", sanajan mandi 7 poe 7
> > > peuting tetep bae diangggep najis, kenging shalat
> > di masigit ahmadiyah upami
> > > ngiring jemaat ahmadiyah, padahal masigit teh keur
> > sarana shalat umat islam
> > > dimana bae, naha ieu tiasa disebat "pemaksaan" ?
> > > 3. Aya oge sabagian jamaat ahmadiyah, saupami
> > kadongkapan umat islam non
> > > ahmadiyah di tempatna (rorompok), tilas calik non
> > ahmadiyah baris
> > > dikumbah/disebor/dibersihan, alesanana aya najis,
> > tah naha daek kidulur
> > > dianggep saperi kitu ?, kuring oge saupami
> > kadongkapan non-muslim di
> > > rorompok abdi teu kitu-kitu teuing, kacuali upami
> > aya sato asup ka rorompok,
> > > saperti hayam, embe, jrrd, tangtuna bakal
> > dibersihan, margina bilih aya
> > > najis nu kasisa, tah ki dulur naha daek dianggep
> > kos "sato" ?
> > > ----- Original Message -----
> > > From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
> > > To: "kisunda" <[email protected]>;
> > <[email protected]>;
> > > <[email protected]>
> > > Sent: Monday, August 22, 2005 9:23 PM
> > > Subject: [kisunda] "Kearifan lokal" urang Sunda
> > geus leungit?
> >
> >
> > >> Wartos tina detik.com, perkawis jamaah Akhmadiyah
> > nu diserebu jeung nu
> > >> kasieunan diserebu. Anu menarik tina wartos ieu,
> > nyaeta ucapan sekertaris
> > >> Komisi A DPRD Jawa Barat, Syaiful Huda Syafii, nu
> > nyebatkeun "Kearifan
> > >> lokal' Jawa Barat parantos leungit,. Lengkepna
> > kieu cenah ceuk anjeunna
> > > teh
> > >> :
> > >> "Ahmadiyah juga warga negara Indonesia. Mereka
> > harus dilindungi. Kearifan
> > >> lokal di Jawa Barat sudah tidak ada lagi. Soal
> > SKB tersebut harus
> > > dikritisi,
> > >> jangan dibiarkan terus terjadi. SKB itu harus
> > digugat. Sudah cukup MUI
> > > saja
> > >> yang salah"
> > >>
> > >> Kumaha tah baraya? naha leres kaarifan lokal
> > urang sunda teh parantos
> > > punah?
> > >> jeung naon nu dimaksud "kaarifan lokal" didieu
> > teh?
> > >>
> > >> Dihandap ieu wartos ti detik.com :
> > >>
> > >> Merasa Terancam, Jemaat Ahmadiyah Cirebon
> > Mengungsi
> > >>
> > >> Ahmadiyah telah difatwakan oleh  Majelis Ulama
> > Indonesia (MUI) sebagai
> > >> ajaran yang sesat. Pasca terbitnya fatwa itu,
> > sejumlah aksi kekerasan
> > >> menimpa sebagian Jemaat Ahmadiyah di berbagai
> > daerah.
> > >>
> > >> Jumat (19/8/2005) lalu, masjid Istiqomah, yang
> > menjadi markas kegiatan
> > >> jemaat Ahmadiyah di Desa Sadasari, Kecamaran
> > Argapura, Kabupaten
> > > Majalengka
> > >> dirusak oleh sekelompok massa. Tindakan anarkis
> > ini juga membuat jemaat
> > >> Ahmadiyah di Cirebon merasa terancam. Mereka
> > khawatir terjadi kekerasan
> > > pada
> > >> diri mereka. Karena itu, tidak sedikit dari
> > mereka yang kini mengungsi
> > > dari
> > >> tempat tinggalnya.
> > >> Informasi ini disampaikan pengurus Jemaat
> > Ahmadiyah Jawa Barat, Entang
> > >> Rasyid kepada detikcom, Senin (22/8/2005). Entang
> > menyesalkan sikap
> > > anarkis
> > >> yang menimpa para jemaat Ahmadiyah di beberapa di
> > Jawa Barat.
> > >>
> > >> "Kondisinya sudah begini. Susah diantisipasi.
> > Kita tawakal saja. Yang kita
> > >> perlukan saat ini adalah pengamanan oleh aparat
> > kepolisian . Kita sendiri
> > >> akan menghindari perlawanan," ungkap Entang.
> > >>
> > >> Menurut dia, jumlah jemaat Ahmadiyah di
> > Majalengka dan Cirebon cukup
> > > banyak.
> > >> Diperkirakan ada sekitar 3.000 hingga 4.000
> > orang. "Sekarang pengamanan
> > >> untuk masjid masih dilakukan. Tolong, jangan
> > "Ahmadiyah juga warga negara
> > >> Indonesia. Mereka harus dilindungi. Kearifan
> > lokal di Jawa Barat sudah
> > > tidak
> > >> ada lagi. Soal SKB tersebut harus dikritisi,
> > jangan dibiarkan terus
> > > terjadi.
> > >> SKB itu harus digugat. Sudah cukup MUI saja yang
> > salah,"lagi aksi
> > >> kekerasan," pinta dia.
> > >>
> > >> Kekerasan yang mengancam jemaat Ahmadiyah di Jawa
> > Barat bermunculan
> > > setelah
> > >> keluarnya beberapa surat pernyataan. Antara lain,
> > surat pernyataan yang
> > >> dinamakan Surat Kesepakatan Bersama atau SKB.
> > Surat ini ditandatangi oleh
> > >> pimpinan daerah dari mulai tingkat kejaksaan,
> > pemerintahan daerah,
> > >> kepolisian, komandan militer hingga pimpinan
> > dewan.
> > >>
> > >> Beberapa daerah di Jawa Barat yang telah
> > mengeluarkan SKB tersebut, antara
> > >> lain Cianjur, Majalengka, Tasikmalaya, Cirebon,
> > Bandung, Bogor, dan
> > > Cimahi.
> > >> Lima daerah yang sudah pernah terjadi kekerasan
> > terhadap Ahmadiyah terjadi
> > >> di Bogor, Cirebon, Majalengka, Kuningan, dan
> > Cimahi.
> > >>
> > >> Menanggapi hal ini, Sekretaris Komisi A DPRD
> > Provinsi Jawa Barat, Syaiful
> > >> Huda Syafii menyesalkan aksi kekerasan ini. Dia
> > meminta Presiden SBY
> > > segera
> > >> dengan tegas memutuskan keberadaan Ahmadiyah dan
> > menghentikan upaya
> > >> kekerasan tersebut. Mahkamah Agung (MA) juga
> > didesak segera mengambil
> > > sikap
> > >> atas status dari SKB tersebut'.
> > >>
> > >> Isi SKB itu menyangkut status tiap daerah
> > terhadap keberadaan Jemaat
> > >> Ahmadiyah. Dari ketujuh daerah yang sudah
> > mengeluarkan
> === message truncated ===
>
>
>
>
> ____________________________________________________
> Start your day with Yahoo! - make it your home page
> http://www.yahoo.com/r/hs
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke