Assalamualaikum..para wargi nyanggakeun terasna jarah
nyusud…mugia aya mangfaat ka sadayana…punten bae teu
tiasa enggal bawaning instruksi
PANGAButuh...haturan...


Kumaha  cara jarah ka sorangan nyusud tapak asal
sorangan nyatana ???

II

Jarah ka sorangan 

Kabiasaan jarah ka sorangan oge geus jadi kabiasaan
malah kabutuh sabagian urang sunda. Dina ieu guaran
urang dadarkeun saparengna sugan ngudag ucapan kampung
yen ulikan teh kudu minuhan Tritangtu  “kahartos”
(uteuk), “karaos” (rasa) tur “buktos” (bukti
/kanyataan).

Ari jarah ka sorangan, sorangan nu dijarahan nu
dideuheusan, ngadeheusan ka sorangan. …Eta ge loba
warnana loba loba makamna, aya gunungna, aya lengkobna
aya batuna aya caina, tiap tempat boga ‘koordinatna’
boga peletna masing masing boga rajah masing masing
menyan na ge beda beda. 

E

Jarah ka alam papasangan di tangtung…alam midua.

Lamun ….hayang jarah ka kurung pake alam (rasa)
kakuringan -tetep  kuring mun masih boga/ngarasa boga
kurung. Hayang jarah ka alam sasama batur batur di
makamna tangtung pake ka kamian, euweuh luhur
handapan. Hayang jarah ka makam Gusti/Pangeran prak
pake kaabdian, hayang jarah ka loba loba makam
saluhureun  kayaning  makam wali nabi karamat di
sorangan, prak pake ka kaulaan (dina rasa) nu boga
sembah boga puji… pan pangbuka kitab dunya ge
alhamdulillah.  Hayang jarah  ka pribadi pake ka
ingsunan. Kabeh ge aing keneh aing keneh ngan beda
beda makamna nya asma sifat af’alna ge beda beda.
Luhur handapan kumaha nu rek dideheusan dijarahan. 

Urang balikkeun…

Hayang deuheus abdi kudu jadi gusti nyatana moal aya
nu daek ‘ngabdi’ ka urang mun urang teu boga sifat
kagustian, hayang deuheus kurung kudu jadi kuring,
hayang deuheus dia kudu jadi kami, hayang deuheus 
kaula kudu jadi puji, hayang deuheus hurip kudu jadi
ingsun,  hayang deuheus sia kudu ku aing. 

Eta kabeh jampe alam midua…bakal manggihan rame rame
makam batur di tangtung.

 F
 Wah maenya kudu kitu? 

Iih…tingali… sapopoe ge moal aya nu daek ngabdi  (nu
nurut/bawahan/sahandapeun) mun urang teu boga sifat
gusti (asmaul husna) kayaning nyaah, kawasa, ilmu,
jrrd sakabutuh abdina.  Sabalikna, moal bijil
kagustian mun euweuh abdina, ayat qur’an ge moal medal
lamun euweuh nu butuh abdi nu jadi sababna. Matak
lamun hayang meunang kagustian ti batur
dagangkeun/deuheuskeun ka abdian..pasti meunang
kagustianana batur. Abdi jeung abdi mah parebut
leungit kaabdianana da ngabasakeunna mun teu uing 
(kuring) nya dewek …gusti jeung gusti mawa karep
sorangan temahna sok tara akur leungit kagustianana
paribasa ‘teh kami mah deuleu’..jst. Matakna sing bisa
sakapeung jadi gusti sakapeung jadi abdi meh layeut
jeung pada batur…kitu oge alam-alam tangtung nu lain
nu masih keneh midua…panjang teuing conto mun
didongengkeun kabeh. Matak dilembur mah diajar
tatakrama kahalusan budi teh lain pikeun jadi ‘teu
Pede’  atawa ‘feodalisme’ atawa ciri jalma marginal
urut kajajah deungeun tapi diajar mernahkeun rasa
sorangan nyanghareupan rupa rupa warna rasa batur
supaya layeut jeung jadi untung keur manehna
mirasa..pada mirasa.

Ari di alam rasa….
Lamun rasa geus awas  kana, misalna, kanyataan puji di
kakaulaan. Bray awas ka saluhureun  kayaning karamat
para wali nabi jeung nu sanesna. Sabab mukana ku puji
lain muji…awas ulah kawas aki-aki zikir muji gustina
bari ngelay bakating tunduh….pan kongas kanu sok muji
mah kudu diawuran lebu saur Sang khtaman Nabiyyin oge.
Tapi lamun jadi puji tah eta pangbuka kitab jagat
rajahna ku alfatihah.
Lamun rasa geus awas ka kagustian ..sok jul jol…nu
daratang kayaning bangsa lelembut nu hayang ngaub…omat
ulah ngageser. Nyoba-nyoba ngandelkeun lelembut
nungabdi sabab engke turun deui leungit kagustianana
pan gusti mah tara ngandelkeun abdi tapi ngayuga abdi.
Sabalikna lamun rasa can merenah rus ras keneh
ngagedekeun rarasaan nyoba nyoba nganjang ka
lelembutan ahirna sok ngagerebeg….loba kadatangan
batur…nu gelo lantaran dzikir. Dzikirna Allah…Allahan
rasana teu nepi..jadina alah alahan ditambahan ku
‘aduh alah’…sabab sukuna singsireumeun kadempet….sirah
bencenur lantaran tidagor waktu ngalenggut…he…he…he.


G
Ngan…ngan…ngan…
Lamun hayang jarah deuheus ka makam Allah, bisana ngan
ku ka  Allahan ….nyaeta mun geus teu maneh maneh acan.
Pan kongas ceuk beja aya dongeng kieu timana
nguningakeun  Allah ya Ali? “nya ti Allah”. Kumaha
cara terang ka Allah ya Abu bakar?…”nya ku Allah”.
Euleuh euleuh kumaha awaluddinni marifatullahna  euy
??? Nu nyaho ka Allah ngan Allah..salian ti Allah mah
pamohalan nyaho Allah. Kade ulah salah terapna, moal
kasusud lamun beda alamna. Atuh abdi moal tiasa jarah
deueheus ka makam Allah…moal, panggih ge ngan jeung
gusti/pangeran/ilah; Atuh kuring moal panggih jeung
makam Allah…moal da eta kurung maneh ngabengbreng;
Atuh kami moal panggih jeung Allah…moal da eta dia mah
…nyasama bae; Atuh kaula moal jadi Allah…moal ngan
beunghar ku  sembah nu jadi puji; Atuh ingsun moal
jadi Allah…moal ngan boga rasa rumasa di usik malikeun
ku Allah; Atuh aing moal jadi Allah…moal ngan nu aya
kari sia jeung aing…alamna muqorrobin.  Cik Allah
kumaha enyana lamun lain ku Allahna ?  Enya enyana
mah…lamun maneh geus teu maneh maneh acan. Sirna
leungit nu ngarasana nya kari rasa rasa jati rasaning
sampurna...asal narima jadi tarima asal ningali jadi
tingali (teu make mata) asal ngadenge jadi kadenge
(teu usaha heula) asal nyarita jadi terusing rasa….
pantangana ngaku jampena jadi. Matak dina jarah ka
imah Allah di bakkah…loba disindiran….kayaning maehan
nafsu setan (sorangan) di aqabah…marake pakean ihram
bodas beresih jeung geus euweuh bedana jeung batur
(ego/identitas euweuh) nu aya tinggal thawafna ari nu
dikurilingan imah hideung…karasulanna
ibrahim…jrrd..jrrd.
 
Eta kabeh jampe alam yakin…jarah deuheus ka
yakin…ngudag iman tanpa itikad, marifat tanpa ningali,
tauhid tanpa tunggal…islamna tanpa wangenan.

H

Tah…kusabab kitu….sabab loba pasir loba lengkob loba
batu loba caina…beda beda madepna..beda beda alamna.
Nya loba loba bujangga mere papagon. Rupa rupa nu
pondok nu panjang nu nguriling kumaha alamna kumaha
basana kumaha lemburna. Bacaeun memeh nyaba,
akurkeuneun mun lumampah…supaya nu disalindiran
nyaliksik telik ngarucat natrat. Ngan nu penting mah
prak jarahna lain maca na.

Rupa rupa teorina, rupa rupa rarambuna, nyirian di
tiap pamangkatan jarah deuheus ka sorangan ngundakkeun
sorangan ku cara nyusud ka sorangan, rupa rupa tatana
kawas tiap kubur beda kuncenna beda nu dibawana
sanajan maksudna mah sarua wae hayang hasil samaksudna
samaksudna saalamna saalamna…: 

Nurutan tata urang lembur aya darigama, tuhugama,
satmata nepikeun ka nirawerah,..; Nurutan martabat
tujuh der dina tangtung teh manggihan….aya ahadiat,
aya wahdat, wahidiat, mitsal…nepi ka kamil, Aya nu
ditambahan mukamil; Nurutan nu ngawincik nafsu der
dina tangtung mangggihan ..aya nafsu amarah lawwamah
salwiyah, mutmainnah….nepikeun ka rodiah..mardiyah,
aya oge ditambah kamilah; Nurutan nu panta agama  der
bijil tingkatan tangtung…aya islam iya iman aya sholeh
aya ikhsan aya sahadah aya sidikiyyah aya qurbah;
Nurutan Sang Patanjala…aya cikajayaan, aya
cikahuripan, aya ciasihan, aya cikawedukan, aya
cimenceger (mandiri-qiyamuhu binafsihi), aya ciderma,
panungtungan ci paingan kabeh boga aweuhan; Nurutan nu
ngulik pibatin…aya roh hewani roh nabati…roh idhofli
nepikeun ka rohkhullahna; Nurutan urang tarekat
der…aya hambalan sareat tarekat hakekat ma’rifat,
dikepetan ku sifat 20;  Nurutan tukang dzikir…der rupa
rupa timimiti dzkir dhahhir, dhikir nafas… nepikeun ka
dzikir latif; Aya nu nataan di kawalian wali der para
baga wali ..nepikeun ka wali qutb;  der nu nyindiran
ku kitab aya karim aya qadim aya majid aya hakim…..aya
aji galunggung metakeun karatuan galuh dikepetan
kasumedangan jadina kasiliwangian,…aya nu ku diajar
nyaksi der aya sahadat bogor sahadat banten sahadat
cirebon sahadat galuh tungtungna sahadat
sakawayana….Jeung loba loba deui …loba loba
deui..kayaning kawisnuan kasiwaan kabeh aya di
sunda….cape nyaritakeunana…tiap Guru tiap Ajar boga
karesep nyalira nyalira dina metakeun tapakna…luhur
handap kumaha kawacisanana….papinter pinter
ngadadarkeunana…ameh ngalarti nu disindiran tarapti
nyieun dadasar.

I
Enya…aya anu, aya anu, ditangtung teh diwincik nepi ka
jati lamun daek ngajarahanana da enya. Kanyataan nu
dipasieup ku kabinangkitan bujangga terusing rasa.
Resep loba dongengna tinggal tigin dina keur
sasaliksikannana rurucatanana tangtung… lebah mana
lebah mana lebah mendi lebah mendi. Lamun panggih
jeung sasama nu keur sasaliksikan gampang ngujina
mimiti..tengetan
caritaanana..rengkakna…polahna..caharana nu
nyaritakeun nu karasa nyata mah beda jeung nu nyarita
saukur nu nyaritakeun euceuk atawa rarasaan manehna
sorangan. Mun kudu bae metakeun/nyaritakeun/nunjukkeun
tara rea omong …der numpakan rasa…beki henang beki
hening beki henung..tah nu handap keneh..moal bisa
ngilu hiber/teuleum…nu can sampurna tara wani sabab
sieun kasampurnakeun (paeh). Kongas carita Wisnu jeung
Brahma hayang silih ukur saha nu leuwih tepi/luhur
elmuna..teu rea omong cukup ‘yu langsung we urang
hiber nepi kamana tepina. Yu urang nubrus bumi tepi
kamana tepina’. Brahma hiber manggihan merak tapi jadi
naga, Wisnu nubrus manggihan pertiwi jadi bagong…ari
Sayidina Mursalin malah nyamuni di guha hirana…wah 
panjang teuing dodongeng…kacape cape malibir.

J
Wah …kumaha enyana...jaba pamanggih batur nu
loba-loba, mana nu benerna, kudu nurut kamana? Aing
keur aya dimana?.  loba nu huleng jentul mikiran teu
undak undak da eta hijabna, loba nu teu manggih
manggih da resep neangan…pan panggihna ge lamun teu
panggih. Barieukeun panyakit tina rea kanyaho uteuk…
rupa rupa ceuk anu/ceuk cenah/buku/qur’an/ bari saukur
dikira kira; 

Geura pek  keur di alam tuhugama…dibejaan carita alam
satmata…puguh teu kasusud teu kaalaman…jadina ngira
ngira euh meureun satmata teh kitu…kitu…kitu. Ari kira
kira tara ninggang di enya. Aya ci derma aya
cikahuripan nepi ka cipaingan ….rek kumaha patanjalana
unggal poe ngan ciledeng (PAM). Ahirna euh meureun ci
paingan teh kitu…kitu…kitu ari kira kira tara ninggang
di enya pas mandi teh saukur kabulusan. Aya
ahadiyat…alam awang awang uwung uwung can kasebut naon
naon, suwung tapi eusi…aing di mitsal keneh tukang
ngalamun…, oh ahadiyat teh meureun kitu..kitu…da ceuk
itu kitu jadi we sigana kitu, anggeus ku kira kira.
Aya qurbah teh kitu cirina….iman ge teu panta panta
acan….euh meureun qurbah teh disisi Allah da raket…euh
meureun uing teh Allah da tohid...beu!...gelo!...
Pantesan nu ngira ngira ngeunaan Allah disebutna ge
baturna setan (srt. Sapi bikang).  Nu Mulya Kean
Santang teu tiasa nyabut iteuk alif pancerna hirup
dugi ka boborot getih..enya lamun alifna euweuh moal
aya deui nu hirup…alif nu sakabeh hurip bijil
tidinya…euh maenya ongkoh gagah sakti teu bisa
ngangkat iteuk…sabaraha beuratna?der dikira-kira...
Panggih jeung baturna matak parasea …tukang ngira
ngira panggih jeung tukang ngira ngira…kabeneran beda
guruna beda nu dibacana beda makam nu geus
dijarahanana…jadina pasegag segag..ceuk itu kitu ceuk
ieu kieu…tulangna…karek ceuk cenah/ceuk
buku/guru/qur’an…seubeuh mah acan, bari moal, piraku
dahar tulang lalamunan ….bari ongkoh diparebutkeun.
 
K
Tina eta sakabeh nu didadarkeun ngeunaan cara deuheus
ka sorangan nu loba loba…Jampena lamun hayang
nganyahokeun kalawan yakin pangjarahan sorangan katut
makam makamna nu diaing nu dibatur katut rupa rupa
ajaran  teori rarambuna dina nyusud sorangan kudu bisa
tepikeun ka qiamat heula…pan kongas dina
at-taqwir..disebutkeun karek kabeh nganyahokeun kana
naon -kayaning bener henteuna jrrd- nu geus dipigawena
lamun geus kiamat heula….aliman nafsun ma ahdaraat…pan
kongas sumpahna ge fa laa uqsimu bilkhunnas…al jawaril
kunnas walalili idza as as  wa subhi idza tanaffas. 
Lamun can kiamat heula  saur Allah dina At-takwir moal
haqqul yakin nyahona…dina At-takatsur moal ainul yakin
ka kubur batur kubur sorangan mun teu dikubur heula …
nu can kiamat moal bisa nyaritakeun ilmal yakinna…ceuk
nu sahinasna mah “nu encan mah euy…ngira-ngira wungkul
ceuk cenah mungkul…kayakinan nu naruhkeun ka
susuganan…’gambling’ da can kaasaan bener
henteuna…nyarita we soal aherat ngalaman sorangan
acan”…Matak ge sing tariasa nedunan ucapan kampung
paeh samemeh paeh…kuburan jadi [gambaran](h)asta
[leungeun]na…qiamat sapapanjangna.

L
Panutup

Jarah ka batur jeung jarah ka sorangan dua metoda nu
lamun dua-duana dipigawe alus temen. Jarah ka batur
bari ngajarahan sorangan, deuheus ka batur eunteung
sabab deuheus ka sorangan, jarah ka rasulullah sabab
deuheus ka rasul rasana pribadi. Jarah ka nabi (tukang
nganepikeun beja ti Allah) menta berkah diantarana
keur biwir na sorangan nu dipake nganepiken beja ti
rasana pribadi. Nadran ka luluhur nu jadi asal  urang
(indung bapa) tiap lebaran…sabab urang geus lulus
puasa balik ka fitrah asal sorangan…ngadu asal jeung
asal wiwitan jeung wiwitan…deuheus ka asal urang nu
geus sirna (indung bapa) bari geus sirna di asal
sorangan…wekasanana lebaran...lubar sagalana.

Jarah ka kubur batur ngadoa’keun nelekinkeun
pangeusina da mampu ngubur tapak sorangan, pan
beuteung urang ge kuburan rupa rupa eroh (nu dihakan).
Ulah tepi kakubur ku roh sato/tutuwuhan nu dihakan
dibeuteung… tapi kudu ngubur eta kabeh nu geus bakti
ibadah kasorangan. Kongas loba pajaratan (tina
pajarahan) kawas di Bandung nu gede teh sirna
raga…nyatana mah urang ge pajaratan…tempat dareuheusna
roh nu dikubur dina beuteung pribadi ragana sirna
rohna dipendem di beuteung nyaliara dina jiwa
sorangan…kade sing bisa nelekinkeunana bisi ti
pajaratan urang rea ririwana. Rarasaan jelema padahal
jurig mungkul eusina. 

Jarah ka makam wali…ngakurkeun kawalian pribadi. Jarah
ka imah Allah jauh jauh di puser bumi…supaya mabrur
jadi haji disorangan haji di pakuan sorangan…dibawa
kababawa kamana mendi…piraku rek cicing terus di
mekah… hasilna jadi sakti bisa ka mekah unggal usik da
ka’bah na qalbu mu’minin…baetullah di sorangan nu
sorangan marengan bari kababawa teu kudu terus mayar
ONH tinggal numpi di kasunyaanana raga (sunya ragi) di
guha hirana sorangan. 

Jarah ka (h)Astana batur sabab urang boga leungeun
(hasta) nu mampuh gawe nyieun amal…kongas  tilas nu
mulya Wastukancana di Kawali jadi astana gede meureun
tina ageung amal (h)astana..sumurna si
jalatunda…tapakna ge  seueur didamel dina batu nu
teuas tur awet…ari (h)asta urang nepi ka mana amalna
nepi kamana deuheusna? Kawas ngado’a dicontokeun bari
ngangkat dua dampal leungeun…Ngado’a 
menta..menta…hayang dibere ku nu Maha Gaib ngecewis
amin…amin…poho ka leungeun sorangan nu nyata pasihan
Rabbul alamin nu biasa ngadatangkeun nu dipenta…henteu
dipake gawe kalah dipelong bae.   Rek kumaha
nanjeurna???

Cag!

Baktosna
Eddy Nugraha



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke