Situs Batujaya nujul kana situs arkéologi (ruruntuk candi Buda) nu aya di wewengkon Désa Talagajaya (Kac. Pakisjaya) jeung Désa Batujaya (Kac. Batujaya), Kabupatén Karawang, Jawa Kulon.
Géografi situs Situs ieu sacara astronomis aya dina koordinat 107°09'17" - 107°09'03" Bujur Wétan jeung 6°06'15" - 6°16'17" Lintang Kidul. Sakumaha situs Cibuaya, situs Batujaya aya di Tanjung Karawang, dataran handap aluvial 4 m l.b.l. sarta kacondongan 2% (rélatif datar). Situs ieu jarakna satengah kiloan ti walungan Citarum. Ajén sajarah Situs ieu munggaran kapanggih taun 1984/1985 ku Jurusan Arkéologi FSUI, sarta nepi ka kiwari nu kagali geus nambahan nepi ka 24 kompléks wangunan kuna nu sakabéhna kapanggih di wewengkon pasir leutik nu ku urang dinya sok disebut unur. Unur-unur/situs ieu sumebar di wilayah dina radius 5 km. Ciri nu katémbong dina sababaraha profil, ringkel, sarta bagian-bagianana némbongkeun yén ieu téh ruruntuk wangunan candi. Ti 24 nu kapanggih tadi, kakara lima nu geus gembleng digali: tilu ruruntuk mangrupa wangunan suci (Unur Serut, Unur Jiwa, Unur Damar, Unur Balandongan) sarta hiji balong. Lian ti ruruntuk candi, di Unur Balandongan geus kapanggih sababaraha prasasti (tina lambaran emas) nu eusina ajaran Buda, jeung amulét. Dumasar kana analisis radiométri Karbon-14 artéfak-artéfak nu aya di Unur Balandongan, kronologi pangkolotna asalna ti abad ka-2 Maséhi, sedengkeun paling ngora ti abad ka-12. Tina hasil ieu, sigana mah candi-candi ieu téh diwangun abad ka-5-7, jaman karajaan Tarumanagara. Ku kituna, bisa dipastikeun yén situs ieu mangrupakeun situs candi pangkolotna di Indonésia mah. Rujukan * Bambang Budi Utomo. 2004. Arsitektur Bangunan Suci Masa Hindu-Budha di Jawa Barat. Kementrian Kebudayaan dan pariwisata. Jakarta. * Percandian Batujaya, ti Wikipédia basa Indonésia per 19 Séptémber 2005. Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Situs_Batujaya" -- sikandar kumincir.multiply.com <http://kumincir.multiply.com> www.urang-sunda.or.id <http://www.urang-sunda.or.id> su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org> [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
