--- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Oeking" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:


Sampurasuun..., Minallaidin walpaizin, 

Hampura kuring bilih aya kacaletot basa,nyangkaruk katugenah dina 
manah, pangkoredaskeun tong di disesa-sesa, labaskeun karerepet hate 
nu nyangkaruk dina ratugna dada tong jadi kabeurat hate da kuring 
mah teu aya niat sapisan keur ngatugenahkeun papada, estuning keur 
diajar hirup bahaneun jaga mun ninggang dina mangsa, Baraya 
waluya.., waluya..,sadaya hirup mukti giinulur dina karahayuan, 
raharja dina kabagjaan. Muga Tepis wiring nagara sakumna murba 
wisesa bisa hangkeut ngabeungkeut sabobot sapihanean dina sela2 
manganeuh nu keur ceuyah mahabu nyaliara.
 
>Tepang deui Baraya....,punten rada telat he..he, sanajan telat 
noongan ieu panglawungan ,tapi teu aya lepatna kuring nepangkeun 
deui kanggo kidulur anu nembean tepang, oge kasepuhan kang Oman 
damang kang? Hampura teu rada remen tepung lawung ayeunamah,teu aya 
jaringan di tempat anu anyar teh, jadi pareumeun obor, nya sakali2 
panginten.

Kasepuhan Abah Joe, gening janten Blogger oge nya he..he.., hebatlah 
ditoongan ku si kuring, Abah Heaven damang kasepuhan? 

Beu aya ku edas,hebatlah si Teteh mah tos tiasa riung mungpulung 
dina raraga silaturahmi sareng rengrengan anu mileuleuheungkeun 
kasundaan,sareng teu pendat2 ngamumule seni sunda sanajan di mana 
wae  ayana.
Oge Kang Yan tiasa nancebkeun bandera kaluhungan olah jiwa di USA. 
Sareng kumaha tah bewarana hasil ngalongokan dayeuh Bandung teh?
Gedong baranang siang,emh..., sono oge kuring teh ka eta tempat 
pintonan teh....,

Teh Neny nuju dimana ayeuna, di dayeuh maneuh atanapi di Huston?

Tungtung Naples

Oeking






> Sampurasun baraya, ki dulur oge ki lanceuk,
>  
> Sawios kang , hatur nuhun ditepangkeun oge sareng kang Pendekar, 
boro- boro kang Yan cumarita ku basa urang sesah, na da abdi oge 
basa kamari nepungan kopi daratna kusnet di Bogor teu weleh dikekeak 
ku ki adi urang kusnet, yeh teh nenny tong dicampur siga lotek basa 
sunda sareng basa asing cenah kitu, muhun isinmah eta oge hoyong 
nyakuan beungeut, ngan kulantaran basa sundamah sawios, kasar, basa 
loma, atanapi lemes, hiling kuaing wae ku abdi teh, ngan basa 
aranjeuna di piwarang nyuling jeung ngacapian abdi ngahaleuang karak 
wae percayaeun yen abdi teh salah sahiji anu mulasara basa jeung 
seni urang.
>  

.
>  
> cag ach.
> Baktos ka sadayana
>  
> teh nenny
>

--- End forwarded message ---






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke