>
Sampurasun baraya...di USA, ah dimana wae pokokna sa sunda,
Neda dihampura  raga jeung batin simkuring sakuluwarga , ari dinten
ieu di NYC nembe se'ep Boboran Siyam 1 Syawal 1426 H.
Sakantenanan masihan zakat  langsung keur fakir miskin teu kedah
nganggo birokrasi sagala. Enjing solatna tabuh 7:30, janten kuring kedah
ngalakonan sa jam ka masjid anu pang ageungna di NYC.
Nya kinten-kinten tabuh lima subuh kedah rengse naik subway (sanes naik 
onta
jiga di Arab).

Kang Asep, nyuhunkeun pido'ana wae , anu ku akang di ulik
seni penca guyuran karuhun sunda, tiasa nyangkrung  aya tapakna di USA.
Nepi ka ayeuna kuring mah masih ngalakonan "raga" acan nepi ka "jiwa".
Masih aringgis ngigelkeunana, nya kawani simkuringmah kakarak nepi
sa ukur didinya.

Geuning kuring teh di NYC mani papukpek-pakepuk jeung ulikan nu 
dipikaresep US
oge di pikaresep urang USA. Nembe oge kuring ngawurukan sa kelas teh
eusina 120 murid atuh rada lieur ngontrolna eta barudak anu bararaong
asuhan Bronx, Harlem, Brooklyn, Newark, New Jersey, New York City.
Kuringmah da aprak-aprakan ngawurukan penca teh gumantung pamarentah
USA nga order ka kuring. Jiganamah engke aya rencana ngawuruk penca di
kutub utara bagian nagara Amerika. Tiris euy,,,,,, ah da pencamah aya 
elmu anti salju.

Oge anu rada ageung tanggungjawab kedah mussat ka payung PAGURON,
IPSI, PERSILAT sareng Payung-payung Organisasi  Penca nu aya di USA.
Jadi kuring teh nu ditunjuk ku eta payung-payung sacara demokrasi janten
"Ketua Penca Sa USA".

Ayeuna nuju medarkeun program keun kajuaraan dunia di Thailand december
2006, aya lolongkrang waktu satuan keur  ngatur strategy siap tempur 
penca USA kedah
ngalawan leuwih ti 40 nagara anu dipayungan ku eta organisasi di luhur.

Da kuring ngan sa ukur jiga "wayang", da dalangna mah maranehna nu boga 
kawasa
(raja-raja, jendral-jendral jeung kaum birokrasi nu paling resep nonton 
wae).

Baranang siang Kang Asep tempat kuring nonton mitos-mitos US anu di 
igelkeun
ku para dalang. Nya eusina seni sunda sa abreg-abreg aya wayang golek, 
wayang
manusa, jaipongan, Kacapi Cianjuran anu ku Akang Asep di pedar, reog,
sandiwara lutung kasarung / Sangkuriang / Ngaruat / Si Jampang......
resep pisan lamun dalang ngawuruk nu nonton model kuring bari jeung
sisindiran.

tos ah bilih bosen

yan nyc



> Oge Kang Yan tiasa nancebkeun bandera kaluhungan olah jiwa di USA.
> Sareng kumaha tah bewarana hasil ngalongokan dayeuh Bandung teh?
> Gedong baranang siang,emh..., sono oge kuring teh ka eta tempat
> pintonan teh....,

On Wednesday, Nov 2, 2005, at 11:57 US/East-Indiana, Asep Oeking wrote:

> --- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Oeking" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
>
> Sampurasuun..., Minallaidin walpaizin,
>
> Hampura kuring bilih aya kacaletot basa,nyangkaruk katugenah dina
> manah, pangkoredaskeun tong di disesa-sesa, labaskeun karerepet hate
> nu nyangkaruk dina ratugna dada tong jadi kabeurat hate da kuring
> mah teu aya niat sapisan keur ngatugenahkeun papada, estuning keur
> diajar hirup bahaneun jaga mun ninggang dina mangsa, Baraya
> waluya.., waluya..,sadaya hirup mukti giinulur dina karahayuan,
> raharja dina kabagjaan. Muga Tepis wiring nagara sakumna murba
> wisesa bisa hangkeut ngabeungkeut sabobot sapihanean dina sela2
> manganeuh nu keur ceuyah mahabu nyaliara.
>
>> Tepang deui Baraya....,punten rada telat he..he, sanajan telat
> noongan ieu panglawungan ,tapi teu aya lepatna kuring nepangkeun
> deui kanggo kidulur anu nembean tepang, oge kasepuhan kang Oman
> damang kang? Hampura teu rada remen tepung lawung ayeunamah,teu aya
> jaringan di tempat anu anyar teh, jadi pareumeun obor, nya sakali2
> panginten.
>
> Kasepuhan Abah Joe, gening janten Blogger oge nya he..he.., hebatlah
> ditoongan ku si kuring, Abah Heaven damang kasepuhan?
>
> Beu aya ku edas,hebatlah si Teteh mah tos tiasa riung mungpulung
> dina raraga silaturahmi sareng rengrengan anu mileuleuheungkeun
> kasundaan,sareng teu pendat2 ngamumule seni sunda sanajan di mana
> wae  ayana.
> Oge Kang Yan tiasa nancebkeun bandera kaluhungan olah jiwa di USA.
> Sareng kumaha tah bewarana hasil ngalongokan dayeuh Bandung teh?
> Gedong baranang siang,emh..., sono oge kuring teh ka eta tempat
> pintonan teh....,
>
> Teh Neny nuju dimana ayeuna, di dayeuh maneuh atanapi di Huston?
>
> Tungtung Naples
>
> Oeking
>
>
>
>
>
>
>> Sampurasun baraya, ki dulur oge ki lanceuk,
>>
>> Sawios kang , hatur nuhun ditepangkeun oge sareng kang Pendekar,
> boro- boro kang Yan cumarita ku basa urang sesah, na da abdi oge
> basa kamari nepungan kopi daratna kusnet di Bogor teu weleh dikekeak
> ku ki adi urang kusnet, yeh teh nenny tong dicampur siga lotek basa
> sunda sareng basa asing cenah kitu, muhun isinmah eta oge hoyong
> nyakuan beungeut, ngan kulantaran basa sundamah sawios, kasar, basa
> loma, atanapi lemes, hiling kuaing wae ku abdi teh, ngan basa
> aranjeuna di piwarang nyuling jeung ngacapian abdi ngahaleuang karak
> wae percayaeun yen abdi teh salah sahiji anu mulasara basa jeung
> seni urang.
>>
>
> .
>>
>> cag ach.
>> Baktos ka sadayana
>>
>> teh nenny
>>
>
> --- End forwarded message ---
>
>
>
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke