sampurasun BARAYA.............. ucapan ngawilujengkeun ka batur sacara formal, kiwari geus jadi adat anu narekab di masyarakat urang. ucapan ngawilujengkeun (meureun) maksudna tanda silih do'akeun, dalah aspek ngado'akeun jeung ngarojong, tapi kiwari maknana leuwih mangrupa tanda "relasi" jeung dokungan "politis" ti jalma anu ngucapkeunana ka anu lian, anu dituju.
cara ngawilujengkeun teh kiwari lain kucara sacara langsung, tatapi make surat (kartu lebaran), kiwari mah make sms, e-mail, bingkisan (parcel), jrd. kiwari lain datangna terus silih palatepa leungeun bari silih ngawilujengkeun, attapi ngaliwatan anu ku simkuring geus disebutkeun di luhur. sacara adat-pergaulan, jalma anu teu ngawilujengkeun ka batur, contona dina raraga lebaran/'idul fitri, lamun urang teu ngawilujengkeun ka batur, atasan, sobat jrd., sok dianggap teu boga rasa hormat ka batur, teu gaul, teu boga tatakrama, jrd. biasana, lamun ngucapkeun atawa ngawilujengkeun tur ditambah ku kecap-kecap menta pangampura biasana make basa pahade-hade. bari, jeung jalma na mah can puguh pernah/ sering panggih. jeung deuih, waktu nulis "mohon ma'af lahir-batin......", da baturna oge teu wawuh2 acan kaurangna oge, oge can tangtu rasa jeung pikiran urang sacara sadar bener-bener menta panganpura. bene diucapkeun oge kalan-kalan ngan saukur "basa-basi" tamba garing sungut, tamba euweuh omongkeuneun. Sabab, teu mustahil urang ngirim "tanda" ucapan "selamat hari raya....jst" ka jalma anu patepung oge can pernah, ngan kusabab urang boga kabutuh ka eta jalma (ku pangkat jeung jabatanana), teuing dosa naon anu nyampak di diri urang kabatur, sahingga urang kudu ngucapkeun mohon ma'af lahir-batin......" ? ceuk rarasaan kuring (anu bodo jeung teu boga tatakrama), arek nagdoakeun mah tinggal prak, rek menta pangampura tinggal datang bari pok omongkeung! heuheuy deuh, sim kuring mah sok bingung, naon pijawabeunana waktu kuring meunang pangwilujeng ku ucapan "minal a'idin......."? paling2 dijawab ku "sami-sami". asa teu nyararambung, jeung teuin kudu naon pijawabeunana. biasana terus ditambahan ku ucapan do'a "taqabbalallahu minna wa minkum......", nya anu pas meureun jawaban teh "amin..!". kakara ngucapkeun ucapan menta pangampura. Dijawab deui ku ucapan "sami-sami". tah, ieu mah asa rada nyambung. Ngan eta oge lamun papanggih patepang wajah, bari jeung paantel leungeun. komo lamun bari jeung dijelakeun naon dosa jeung kasalahan urang ka eta jalma, nya kitu oge sabalikna, asa leuwih merenah......... Tapi duka ketang, da geus umum ari anu ngarana adat mah teu salawasna kudu jeung alesanana.....(anu jelas). tulisan ieu mah ngan saukur meureun jeung suga......... wilujeng boboran siam ah kasadayana (hehe....), sim kuring nuhun dihampura ku sarerea, ari dosa jeung kasalahanana mah kusabab sim kuring sok poksang, asa pang nyahona....... khususna ka kang RH, sim kuring sok rada usil & nyombongkeun borok na hulu...... hampura kang..... hihihi.......lucu teu nya? (garing?) AG./Bdg. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
