Sampurasun baraya..... Kang AG , "sami-sami" urang silih hampura anu langsung tos tatap muka / gaul, sareng US di alam maya / milis KI Sunda. Tapi anu pang pentingnamah nyuhunkeun dihampura dina ngalakonan puasa, nya ngalokan peurih beuteung, ngalakonan susah, ieu ngaibaratkeun urang niron anu susah nyaanan nyaeta jalma-jalma anu miskin tukang menta teu daya teu walakaya. Maranehna nu miskin kedah jadi walakaya.
Ari nu puasa niron jiga maranehna jiga anu pakir miskin tea. Tujuan Gusti, urang kudu ngorbankeun raga jeung jiwa iklas, komo nu barareunghar kedahna mere jakat teh tong pas mayar sa ukur sa jalmaeun kudu leuwih loba mere zakat harta kanu miskin ameh nu miskin bisa ngarobah hirup tiasa sajajar naik ekonomina . Nu miskin jadi pinter hartina eta jakat tinu jalma beunghar dibikeun ka maranehna nu miskin di sakolakeun ameh pinter ameh bisa digawe ningkatkeun ekonomina. Nabi Muhammad teh asalna ti kalangan urang nu miskin dina eta sajarah islam, Kitu oge nabi Isa nu kristen Gusti metakeun yen nu miskin teh tempatna Kuring, Kuring teh tempatna sorga, Nu miskin teh loba nu gering kudu disehatkeun / dicageurkeur, teu boga kadaharan / haus jeung lapar, teu boga harta / taneuh keur imahna. Di eta bulan suci bebersih raga jeung sukma teras langsung dialog "DUH HAPUNTEN GUSTI" jeung Nu Maha Kuasa. Komo deui pas peuting-peuting anu hatena ngarasa poek dicaangan ku GUSTI, deukeut ka salapan poe ti puasa anu 30 poe, unggal peuting manusa sunda ngadeluk menta "MAAF" ka GUSTI. Da geuning ka sieun jeung ka era ngalakukeun lalampahan sasa dinten nu 335 poe minang saraya ka GUSTI bari ceuceurikan, ieu ulah basa-basi jiga sasalaman kanu can wawuh di poe lebaran, kedah wawuh ka Gustina lamun urang hayang wawuh ka dirina. Ngaumpamakeun nu barareunghar waktu puasa,maranehna nu boga kawasa sok ngerukan kauntungan ti urang miskin kedah di balikeun deui eta harta teh ka urang miskin, hartina ngahibahkeun harta-harta nu meunangna teu "HALAL" (nyatana ayaeunamah meureun ; meres tanaga urang miskin, pungli, pajak taneuh, pajak kadaharan, meureun "udara" / angin keur hirup ngolah nafas oge erek erek dipajak ku manusa nu kawasa, pajak -pajak / upeti-upeti jeung sajabana anu teu halal. Kabeh eta di tiron jamana urang Roma di Itali, ku urang Arab-Arab anu anu ngaku raja jadi tuhan. Euleuh -euleuh baraya sok kaciri dina dawah maraneh sok niron nyorakeun jiga tuhan omonganana padahal manehna jalma biasa tingkatna jiga urang-urang keneh. Da di tatar sunda euweuh eta conto-conto teh ayana di wetan. Naha lalampahan urang wetan ngalakukeun nu teu halal neangan harta ditiron? Ieu anu jadi falsafah pananya keur US anu teu nyunda, nu nyunda ukurana manggihan dirina jadi "ratu adil" keur urang sunda. Hahampuraan jeung nu teu wawuh ngan sa ukur basa basi hartina meureun neangan batur nu anyar /sosialisasi, sugan wea cocok jeung hate-hate maranehna sosialisai keur kahareup jadi sa uyunan sa sunda silih asah-asuh-asih. Silaturahmi hahampuraan nu wawuh jeung nu kakarak wawuh. Da jalma mah bisa dibaca teh dina hatena keur ucap jeung lakuna, sora jeung tulisan prakna dilapangan gawena asup akal nyatana / logikana dina eta silaturahmi bisa ka baca waktu ngigelkeun sukma jeung ragana. Hapunten Gusti, baraya nu wawuh, nu teu wawuh , nu pajabat, nu beunghar, nu miskin, nu rakyat simkuring kumawantun ngocoblak, kakarak oge boboran tos ngieun igel-igelan, dosa meureun nya baraya.......sorga teh ayana dimana ayeuna teh.....?????? Ngadeluk dzikir atanapi mantuan urang miskin? salam yan nyc On Wednesday, Nov 9, 2005, at 22:03 US/East-Indiana, kang_gibson wrote: > sampurasun BARAYA.............. > ucapan ngawilujengkeun ka batur sacara formal, kiwari geus jadi adat > anu narekab di masyarakat urang. ucapan ngawilujengkeun (meureun) > maksudna tanda silih do'akeun, dalah aspek ngado'akeun jeung > ngarojong, tapi kiwari maknana leuwih mangrupa tanda "relasi" jeung > dokungan "politis" ti jalma anu ngucapkeunana ka anu lian, anu dituju. > > cara ngawilujengkeun teh kiwari lain kucara sacara langsung, tatapi > make surat (kartu lebaran), kiwari mah make sms, e-mail, bingkisan > (parcel), jrd. kiwari lain datangna terus silih palatepa leungeun bari > silih ngawilujengkeun, attapi ngaliwatan anu ku simkuring geus > disebutkeun di luhur. > > sacara adat-pergaulan, jalma anu teu ngawilujengkeun ka batur, contona > dina raraga lebaran/'idul fitri, lamun urang teu ngawilujengkeun ka > batur, atasan, sobat jrd., sok dianggap teu boga rasa hormat ka batur, > teu gaul, teu boga tatakrama, jrd. biasana, lamun ngucapkeun atawa > ngawilujengkeun tur ditambah ku kecap-kecap menta pangampura biasana > make basa pahade-hade. bari, jeung jalma na mah can puguh pernah/ > sering panggih. jeung deuih, waktu nulis "mohon ma'af > lahir-batin......", da baturna oge teu wawuh2 acan kaurangna oge, oge > can tangtu rasa jeung pikiran urang sacara sadar bener-bener menta > panganpura. bene diucapkeun oge kalan-kalan ngan saukur "basa-basi" > tamba garing sungut, tamba euweuh omongkeuneun. Sabab, teu mustahil > urang ngirim "tanda" ucapan "selamat hari raya....jst" ka jalma anu > patepung oge can pernah, ngan kusabab urang boga kabutuh ka eta jalma > (ku pangkat jeung jabatanana), teuing dosa naon anu nyampak di diri > urang kabatur, sahingga urang kudu ngucapkeun mohon ma'af > lahir-batin......" ? > > ceuk rarasaan kuring (anu bodo jeung teu boga tatakrama), arek > nagdoakeun mah tinggal prak, rek menta pangampura tinggal datang bari > pok omongkeung! > > heuheuy deuh, sim kuring mah sok bingung, naon pijawabeunana waktu > kuring meunang pangwilujeng ku ucapan "minal a'idin......."? paling2 > dijawab ku "sami-sami". asa teu nyararambung, jeung teuin kudu naon > pijawabeunana. biasana terus ditambahan ku ucapan do'a "taqabbalallahu > minna wa minkum......", nya anu pas meureun jawaban teh "amin..!". > kakara ngucapkeun ucapan menta pangampura. Dijawab deui ku ucapan > "sami-sami". tah, ieu mah asa rada nyambung. Ngan eta oge lamun > papanggih patepang wajah, bari jeung paantel leungeun. komo lamun bari > jeung dijelakeun naon dosa jeung kasalahan urang ka eta jalma, nya > kitu oge sabalikna, asa leuwih merenah......... > > Tapi duka ketang, da geus umum ari anu ngarana adat mah teu salawasna > kudu jeung alesanana.....(anu jelas). tulisan ieu mah ngan saukur > meureun jeung suga......... > > wilujeng boboran siam ah kasadayana (hehe....), sim kuring nuhun > dihampura ku sarerea, ari dosa jeung kasalahanana mah kusabab sim > kuring sok poksang, asa pang nyahona....... khususna ka kang RH, sim > kuring sok rada usil & nyombongkeun borok na hulu...... hampura > kang..... > > hihihi.......lucu teu nya? (garing?) > > AG./Bdg. > > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
