Assalamu'alaikum wr wb.,
Sampurasun,

Ka para wargi sadaya, kum henteu diwiji-wiji, sok sanaos rada telat, 
henteu kakantun sim kuring ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1426 H, 
neda sih hapunten samudaya kalepatan. Atuh sawangsulna, ka sadayana 
anu parantos ngahaturkeun wilujeng boboran siam sareng neda 
dihapunten, oge ka anu henteu kantos kumargi ku kasibukan atanapi 
jalaran naon wae, kum deui wae henteu ditataan hiji-hiji, sim kuring 
ngahapunten pisan oge ngahaturkeun nuhun. 

Pamugi poean anu pangbalikan kana kasucian diri ieu jadi hiji 
pangjejer dina raraga urang nanjeurkeun wiwitan anu sajati. 

Ari nyorang poean lebaran teh sok inget wae kana hiji nasehat manusa 
mulya, panghulu para wali, Syaidina Ali kw tea. Saur anjeunna, kirang 
langkung kieu: "Poean fitri (lebaran) anu satemenna taya lian ti 
poean nalika anjeun henteu (atawa pangsaeutikna) nyieun dosa". Rada 
muringkak bulu punduk inget kana eta papatah mah, boa-boa salila ieu 
diri teh tacan kungsi nyorang lebaran.

Pamugi wae atuh ka payun mah urang sadaya leres-leres nyangking 
lebaran, cunduk taun, unggal mangsa.

baktos,
manAR 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke