Lebaran tangtung fitri kami
Assalaualaikum....
Para wargi, sim kuring mah lebaran ayeuna teh teu
tiasa ka mana-mana sapertos sabiasana, nya seuseurna
mah cekap silaturahmi di Bandung sareng kadang wargi
nu caraket. Ku kitu teh nya ngupahan maneh ku kotrat
kotret bari lalamunan aya di lembur sorangan alam
padang poe panjang nu can tangtu saalam jeung nu
sanes, tapi da taya bayana sabab alam sorangan, kieu
dongengna:
Fitri....
......kanyataan sanggeus mampuh balik ka lembur banjar
karang pamidangan di alam asal fitrah sorangan desa
sorangan lembur sorangan nu jadi asal muasalna
tangtung alam jati pada jati sungsieun sakabeh batur
anu sajati.
Kahontalna....
.....sabab tamat puasa maehan 30 wincikan kajelemaan
teu dahar teu nginum teu sahwat katut 27 itungan nu
jadi ciri jelema. Beurang peuting sapoe apeuting
tibalik belah. Beurangna pengkuh megung nafs
kajelemaan ditahan tong bijil ti tangtung...kuat tara
nepi ka bocor parahu si sarah dengdekna. Ari peutingna
mah ngahaja mukakeun nafs kamahlukan ti jero saeutik
ameh panggih jeung baturna di kadunyaan ;...roh sangu
panggih jeung sangu, roh sato panggih jeung sato
kahakanan aing nu ngersakeunana tandaning rido....
tanda sukuran kana rizki sorangan wa ala rizkika
aftartu. Jelema mah peuting hees, ieu terus nyaring
nangtungkeun tangtung nu jadi kanyataan shalat
Alif-lam-lam he dadasar mim-he-mimdal ku apal
kanyataan He bijil tina Hu jadi ku ciciptaning Ha.
....sabab pareng tadarus nataan 30 warna afal alam,
nunutur waktu bari neneda lailatul qadarna dina
lelebah entak entakan romdhon. Ku jalan noongan
lilikuran tangtung rikip misahkeun jangkep gangsalna,
moro gangsal nunda jangkep sabab tohid nunggal euweuh
baturna. Ameh min kulli amri tangtung meletus bijil
jadi salam keur bekel metakeun quran bacaan nu
sorangan keur sorangan di sorangan bacaeun, obat,
eunteung salila kumelendang jadi rahmat di alaming
tangtung.
......sampurnana.
Sabab kabeh difitrahan ku zazakat tangtung sorangan
yuzakihim, Cirining sanisabna sanisabna tara mere
tara menta boh kurangna sok komo leuwih.. Sampurna
puasa, pantes panggih jeung fitri sorangan nu sorangan
di sorangan, emh....lamun dina henteu kapohoan ....era
teuing isin temen kunu murbeng alam nu jongok ka
tangtung nu lebaran ku enyana...meureun teu kaasup ma
taghaa na komo baid tepi ka jadi taghut taghaa ciri
umat nu nyimpang sabab kaleuleuwihi teu apal nisab
kamahlukan. Dina nyatana ulah aya batur nu nyaho,
indung suku ge ulah dibejaan, bisi kadenge ku cakcak
bodas, ku jalma alam jelema. Hayoh disebut majnun.
Dijalanna.....
Euh resep... rupa rupa deudeuleuan dedengean rarasaan
wawayangan batur dunya. Pan kongas dina at-takatsur
pek asaan mun kabeh nafs kajelemaan geus dikubur di
sorangana...teu harirup deui sagawayah..bakal nempo
kalawan ainal yakin...loba nu baralik hese cape ka
lembur numpak sirath nu pinuh ku loba-loba, seleleket
bau kelek jaln nu teu boga, aya nu ngeunah bae di
ac-an, aya nu mangprung, aya nu palastra di
jalanna.....batur batur nu ku rupa rupa, aya nu
sareuri aya nu barungah aya nu rungsing ku BBM amal
sok komo karunya teuing kanu teu barisa balik ka
lembur sukur, nu aya kari waasna ...rus..ras teu puguh
rarasaan..kaditu kadieu kamana mana... kumaha nya ari
di lembur fitri alam jati ....beunangna ku lalamunan
bari angger dipangumbaraan. Rungsing... ditorah
senang ku batur sabab breh agama breh darigama
dunyana..teu karasaaeun ku sorangana..kurunyinyi teu
puguh ancikan teu apal lembur sorangan. Teu mampuh
sirna ning sirna di nu sorangan teu bisa kumambang di
jati sorangan..da teu bisa balik.
Tepi ka ahir panungtungan romdhon geu paraeng tepi ka
lembur....takbir euy takbir....takbir euy takbir.. eta
kabeh ku kersaning Allah...urang mah kumaha
bisana..pamohalan bisana...takbir euy...takbir..ulah
unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, ulah luntur ku
usum ulah laas ku jaman ulah cueut ka nu hideung ulah
ponteng ka nu koneng euy...takbir...takbir... meh
isukan pas nafs muka deui teh bisa takbir bari
nangtung dina tangtungan sorangan murub mancur
gumebyar sunda moncorong di tangtung sumedang ka
sakuriling siliwangi di pajajaran rea da jaya dina
Dewata tedak Galunggung sasaka di kabantenan mawa
bekel Muhammad. Mulya temen euy ...takbir metu di 7
alam tangtung takbir di 5 papat kalawan pancer
sorangan lir lingga kabuyutan.
Pas nincak naktu Lebaran........
(teraskeuneun)
baktosna
Eddy Nugraha
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/