Haturan Kang Maman,
Hampura bisi pamairan si kuring samemehna rada togmol. Sabenerna eta teh
leuwih ngarupakeun ekspresi ka-teu-mampu si kuring dina ngigelan pedaran
wacana filsafat Sunda, teu mampu boh dina materi atawa waktu. Mangga, ieu
pangropea pamadegan: teraskeun wae ka saha wae anu bade ngaguar filsafat
Sunda, da milist mah demokratis ieuh, tinangtu aya manfaatna. Sagigireun ti
eta, harepan mah aya oge warga milist anu ngaguar jejer-jejer terasna tina
filsafat, singgetna: jejer anu lain ukur eureun dina wacana.
Cag.
baktos,
manAR
On 11/16/05, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Anapon ari padungdengan filsafat sawates kaelmuan
> > jeung diskusi mah, komo ngabuntut bangkong, alias
> ukur tepi
> > kana wacana diskusi wae, hampura moal bisa aub.
> > baktos,
> > manAR
>
> Kang Oman anu soleh,
> Pamendak sim kuringmah keun bae ngabuntut bangkong
> oge, ngan ukur tepi ka wacana wungkul oge, margi
> sepertos sim kuring asa "minim" pisan nampi kanu
> informasi sunda sareng kasundaan. Ku jalan
> di"hirup"keun ku adu renyom, adu bako filsafat atanapi
> "buah pikir" sunda jeung kasundaan, di milis naon bae,
> ieu tiasa janten efek menyundakan masyarakat dan
> memasyarakatkan sunda. Tibatan istilahnya naon kitu,
> "sunda teh paeh teu nya neut".
>
> Peryogi metakeun, "mapping", supados gampil
> ngajalananana dina prak-prakan kahirupan sapopoe.
> Upamina kieu pamendak sim kuringmah tina Nilai-nilai
> luhur/luhung, sim kuring teu nyebatkeun filsafat, ieu
> anu jadi cikal bakal jadi agama atanapi politik.
> Turunan tina agama atanapi politik, nya seueur, tiasa
> ekonomi, sosial, HANKAM, budaya, Iptek jste.
>
> baktos,
> mz
>
> --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Kang Gibson,
> > Ngeunaan ugeran (definisi) atawa maksud kecap-kecap
> > "urangsunda",
> > "kisunda", "Tatar Sunda", "budaya Sunda", jst anu
> > pakait, sabenerna geus teu
> > kudu didiskusikeun deui ceuk pipikiran mah. Geus
> > sakitu ngaleuyahna
> > pamadegan ti para ahli, boh ti Kang Ajip, Kang Ayat,
> > Kang Edi S. Ekajati,
> > Kang Hidayat Suryalaga, Ibu Suwarsih Warnaen, dkk,
> > nepi ka ceuk kamus
> > (Encarta, rupa-rupa encyclopedia), oge padungdengan
> > di milist-milist
> > kasundaan.
> > Anu diperlukeun dina jejer filsafat ieu satemenna
> > kumaha ringkelanana
> > --upamana ku conto - tina filsafat anu sifatna
> > abstrak, konsep mental, nepi
> > ka strategi prak-prakanana (action) pikeun ngahontal
> > cita-cita luhur sakabeh
> > kabudayaan: kontribusi gawe nyata pikeun nanjeurkeun
> > kamanusaan. Upamana,
> > tina filsafat Sunda ngeunaan elmu (sumber elmu, saha
> > ari anu jadi guru, alam
> > salaku pustaka), bisa ngalahirkeun konsep jeung
> > prak-prakan gawe miara
> > leuweung jeung walungan. Tina kosmologi Sunda atawa
> > filsafat ngeunaan
> > Pangeran (jamaliyyah-jalaliyyah; Sunan Ambu-Guru
> > Minda/Mundinglayangdikusumah), ngalahirkeun konsep
> > jeung prak-prakan
> > visi-misi manusa Sunda, usaha nanjeurkeun
> > silaturahim (tali kakulawargaan),
> > jeung nanjeurkeun kaadilan (manajemen hukum jeung
> > montoringna), jst. Hal ieu
> > ceuk pipikiran si kuring mah anu ditataroskeun ku
> > milister saperti Kang Eddy
> > Nugraha jeung anu sejenna.
> > Dina tataran anu disebut pangakhirna di luhur tadi
> > si kuring seja mairan,
> > pareng aya waktu kitu oge, jeung ngalajuninglaku
> > jejer filsafat Sunda ieu.
> > Anapon ari padungdengan filsafat sawates kaelmuan
> > jeung diskusi mah, komo
> > ngabuntut bangkong, alias ukur tepi kana wacana
> > diskusi wae, hampura moal
> > bisa aub.
> > baktos,
> > manAR
> > On 11/8/05, kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > >
> > > ".....Sunda"
> > >
> > > aya sababaraha "variable" anu dicirian ku kecap
> > Sunda:
> > > - manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda atawa
> > urang Sunda ("u"
> > > leutik);
> > > - Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki Sunda;
> > > - adat/budaya Sunda;
> > > - agama Sunda;
> > > - alam Sunda; jeng rea-rea deui.
> > >
> > > anu kahiji, nyaeta manusa Sunda, bangsa Sunda,
> > turunan Sunda, atawa
> > > atawa urang Sunda ("u" leutik). Taya lain nyaeta
> > hiji jalma anu lahir
> > > ti kokocoran darah pituin Sunda. Naha lahir di
> > Tasik, Bandung,
> > > Cirebon, Jawa Tengah, di Eropa atawa di mana bae,
> > asal medal tina
> > > kokocoran darah pituin Sunda. Hiji identitas jalma
> > anu sacara alamiah
> > > nyangkin modal utama/modal dasar pikeun disebut
> > "Sunda".
> > >
> > > Kadua, nyaeta Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki
> > Sunda. Taya lian ti anu
> > > kahiji manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda,
> > atawa atawa urang
> > > Sunda ("u" leutik) tatapi oge inyana (manehna)
> > sacara konsisten
> > > micinta tur ngagunakeun bahasa, tur papagon
> > kahirupan kasundaan
> > > sawarehna atawa sagemblengna. Naha cicing di tatar
> > Sunda atawa di luar
> > > tatar Sunda.
> > >
> > > Adat/budaya Sunda; nyaeta saperangkat budaya jeung
> > adat istiadat
> > > kasundaan anu lahir tina kahirupan masyarakat
> > Sunda di Tatar Sunda,
> > > boh adat istiadat jeung kabudayaan heubeul (buhun)
> > atawa anu anyar,
> > > anu masih keneh dipake (hirup) atawa anu geus
> > lawas teu dipake
> > > (tilem); dina wujud naon bae paling henteu anu
> > disebut dina teori budaya.
> > >
> > > Alam Sunda: nyaeta wilayah geografis (Tatar Sunda)
> > jeung alam
> > > saeusina, asal muasal "kalahiran" urang Sunda
> > jeung budayana.
> > >
> > > Eta kabeh mangrupa "kata kunci" (keyword) pikeun
> > ngabahas naon anu
> > > disebut "
.Sunda". tapi eta oge karek "hipotesa"
> > jeung konsep anu
> > > memang perlu disawalakeun heula, naha sapuk atawa
> > hanteuna. Tatapi,
> > > pikeun sawatara cecekelan kuring rek ngagunakeun
> > ieu konsep jeung
> > > hartina (definisi).
> > >
> > > Nyambung
(ngantos komentar)
> > >
> > > AG/.Bdg.
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> > >
> > > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang
> > balarea]
> > > Yahoo! Groups Links
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> > [Non-text portions of this message have been
> > removed]
> >
> >
> >
> > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> >
> >
> > PENTING..!
> >
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> > seluruh member.
> >
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> >
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> > [EMAIL PROTECTED]
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/