Ngiringan nambih catur,
Ka baraya sadayana, nyanggakeun tinu diajar keneh

Kungaraos reueus mun tos tiasa neleuman naon filsafat 
Sunda nu sabenerna
ceuk beja, na ari Pancasila filsafat saha, meunang timana 
da moal bisaeun ngalaksankeunana amun lain nubogana atawa 
nu miboga eta falsafah.

Janten jang urang Sunda mah tinggal nyontoan bari teu 
haripeut hayang mimpin komo bari ngarasa boga jasamah 
jeung sing apal da Pancasila teh dikaluarkeun lain jang 
sa. Indonesaeun tapi keur kumna sa alam dunya bari bisa 
kapimilik ku maranehna bari angger hiji , dina bahasa 
tanggung jawabna mah “Nya Aing Sri Telewih Nu 
Nyangking Sajagat Alam” teu hayangeun disembah ngan 
mun teu daraek miara rasakeun ku maraneh. (ti rahayat ku 
rahayat kanggo rahayat)

Asa parantes urang sunda mun nyarangga darma (Sangga Buana 
) jaradi damar wulung pakuning alam bari ariatna, tong 
rusuh kajurung ku kabutuh nu teu puguh, Tong kapaksa ku 
kahayang ari lain kahayang balarea mah, teu bisa 
disingsieunan kunu sieunan komo kunu ngaruksak, piara diri 
sing kaukur saimbang jeung sa jagat alam, teu hawek 
keukeureuweuk da aingmah nyaah nu sabenerna.

Dina natratkeun sagurat puguh guratannana, lempeng lir 
ibarat shirothol mustaqim, tang tos teu lieur pilampaheun, 
 acuan moal jadi nguncir komo gampang jicirmah, anteng teu 
eundeuk kalinduan maseuk akarna, kuat  tangkalna, ngemplok 
daunna, leubeut buahna .

Kitu panginten jigana kanggo urang sunda anu tos ka buka 
“Ka Nur Muhamadan”, tiasa nyumput dinu caang 
bari angger nyaangan, moal aya nu bisa ngancurkeun , nu 
dipikasieun ngan ukur sieun  teu bisa jeung salah 
narimakeun ieu kaberkahan ti Gusti anu teu aya wates 
wangenna.

Hapunten bilih langkung teuing, ieumah ceuk saujratna rasa 
teu kabujeng diropea jeung kolebatna pikir teu kabujeng 
diukir, sae sareng henteuna mah nyanggakeun lepatna ti sim 
kuring saena tangtos ti Gusti, mangga lajeng keun, 
haturan...nu karangkum tinu tos ka dangu

Wasalam


Asep


> Kang Oman anu soleh, 
> Pamendak sim kuringmah keun bae ngabuntut bangkong
> oge, ngan ukur tepi ka wacana wungkul oge, margi
> sepertos sim kuring asa "minim" pisan nampi kanu
> informasi sunda sareng kasundaan. Ku jalan
> di"hirup"keun ku adu renyom, adu bako filsafat atanapi
> "buah pikir" sunda jeung kasundaan, di milis naon bae,
> ieu tiasa janten efek menyundakan masyarakat dan
> memasyarakatkan sunda. Tibatan istilahnya naon kitu,
> "sunda teh paeh teu nya neut".
> 
> Peryogi metakeun, "mapping", supados gampil
> ngajalananana dina prak-prakan kahirupan sapopoe.
> Upamina kieu pamendak sim kuringmah tina Nilai-nilai
> luhur/luhung, sim kuring teu nyebatkeun filsafat, ieu
> anu jadi cikal bakal jadi agama atanapi politik.
> Turunan tina agama atanapi politik, nya seueur, tiasa
> ekonomi, sosial, HANKAM, budaya, Iptek jste.
> 
> baktos,
> mz
> 
> --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
>> Kang Gibson,
>>  Ngeunaan ugeran (definisi) atawa maksud kecap-kecap
>> "urangsunda",
>> "kisunda", "Tatar Sunda", "budaya Sunda", jst anu
>> pakait, sabenerna geus teu
>> kudu didiskusikeun deui ceuk pipikiran mah. Geus
>> sakitu ngaleuyahna
>> pamadegan ti para ahli, boh ti Kang Ajip, Kang Ayat,
>> Kang Edi S. Ekajati,
>> Kang Hidayat Suryalaga, Ibu Suwarsih Warnaen, dkk,
>> nepi ka ceuk kamus
>> (Encarta, rupa-rupa encyclopedia), oge padungdengan
>> di milist-milist
>> kasundaan.
>>  Anu diperlukeun dina jejer filsafat ieu satemenna
>> kumaha ringkelanana
>> --upamana ku conto - tina filsafat anu sifatna
>> abstrak, konsep mental, nepi
>> ka strategi prak-prakanana (action) pikeun ngahontal
>> cita-cita luhur sakabeh
>> kabudayaan: kontribusi gawe nyata pikeun nanjeurkeun
>> kamanusaan. Upamana,
>> tina filsafat Sunda ngeunaan elmu (sumber elmu, saha
>> ari anu jadi guru, alam
>> salaku pustaka), bisa ngalahirkeun konsep jeung
>> prak-prakan gawe miara
>> leuweung jeung walungan. Tina kosmologi Sunda atawa
>> filsafat ngeunaan
>> Pangeran (jamaliyyah-jalaliyyah; Sunan Ambu-Guru
>> Minda/Mundinglayangdikusumah), ngalahirkeun konsep
>> jeung prak-prakan
>> visi-misi manusa Sunda, usaha nanjeurkeun
>> silaturahim (tali kakulawargaan),
>> jeung nanjeurkeun kaadilan (manajemen hukum jeung
>> montoringna), jst. Hal ieu
>> ceuk pipikiran si kuring mah anu ditataroskeun ku
>> milister saperti Kang Eddy
>> Nugraha jeung anu sejenna.
>>  Dina tataran anu disebut pangakhirna di luhur tadi
>> si kuring seja mairan,
>> pareng aya waktu kitu oge, jeung ngalajuninglaku
>> jejer filsafat Sunda ieu.
>> Anapon ari padungdengan filsafat sawates kaelmuan
>> jeung diskusi mah, komo
>> ngabuntut bangkong, alias ukur tepi kana wacana
>> diskusi wae, hampura moal
>> bisa aub.
>>  baktos,
>> manAR
>>  On 11/8/05, kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]>
>> wrote:
>> >
>> >
>> > ".....Sunda"
>> >
>> > aya sababaraha "variable" anu dicirian ku kecap
>> Sunda:
>> > - manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda atawa
>> urang Sunda ("u"
>> > leutik);
>> > - Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki Sunda;
>> > - adat/budaya Sunda;
>> > - agama Sunda;
>> > - alam Sunda; jeng rea-rea deui.
>> >
>> > anu kahiji, nyaeta manusa Sunda, bangsa Sunda,
>> turunan Sunda, atawa
>> > atawa urang Sunda ("u" leutik). Taya lain nyaeta
>> hiji jalma anu lahir
>> > ti kokocoran darah pituin Sunda. Naha lahir di
>> Tasik, Bandung,
>> > Cirebon, Jawa Tengah, di Eropa atawa di mana bae,
>> asal medal tina
>> > kokocoran darah pituin Sunda. Hiji identitas jalma
>> anu sacara alamiah
>> > nyangkin modal utama/modal dasar pikeun disebut
>> "Sunda".
>> >
>> > Kadua, nyaeta Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki
>> Sunda. Taya lian ti anu
>> > kahiji manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda,
>> atawa atawa urang
>> > Sunda ("u" leutik) tatapi oge inyana (manehna)
>> sacara konsisten
>> > micinta tur ngagunakeun bahasa, tur papagon
>> kahirupan kasundaan
>> > sawarehna atawa sagemblengna. Naha cicing di tatar
>> Sunda atawa di luar
>> > tatar Sunda.
>> >
>> > Adat/budaya Sunda; nyaeta saperangkat budaya jeung
>> adat istiadat
>> > kasundaan anu lahir tina kahirupan masyarakat
>> Sunda di Tatar Sunda,
>> > boh adat istiadat jeung kabudayaan heubeul (buhun)
>> atawa anu anyar,
>> > anu masih keneh dipake (hirup) atawa anu geus
>> lawas teu dipake
>> > (tilem); dina wujud naon bae paling henteu anu
>> disebut dina teori budaya.
>> >
>> > Alam Sunda: nyaeta wilayah geografis (Tatar Sunda)
>> jeung alam
>> > saeusina, asal muasal "kalahiran" urang Sunda
>> jeung budayana.
>> >
>> > Eta kabeh mangrupa "kata kunci" (keyword) pikeun
>> ngabahas naon anu
>> > disebut "&#8230;.Sunda". tapi eta oge karek "hipotesa"
>> jeung konsep anu
>> > memang perlu disawalakeun heula, naha sapuk atawa
>> hanteuna. Tatapi,
>> > pikeun sawatara cecekelan kuring rek ngagunakeun
>> ieu konsep jeung
>> > hartina (definisi).
>> >
>> > Nyambung&#8230;&#8230;&#8230;&#8230;&#8230;&#8230;&#8230;&#8230;(ngantos 
>> > komentar)
>> >
>> > AG/.Bdg.
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>> >
>> > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang
>> balarea]
>> > Yahoo! Groups Links
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> 
>> 
>> [Non-text portions of this message have been
>> removed]
>> 
>> 
>> 
>> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
>> --------------------~--> 
>> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make
>> Yahoo! your home page
>>
> http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
>>
> --------------------------------------------------------------------~->
>> 
>> 
>> PENTING..!
>> 
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
>> seluruh member.
>> 
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
>> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
>> 
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
>> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>>  
>> Yahoo! Groups Links
>> 
>> 
>>     [EMAIL PROTECTED]
>> 
>>  
>> 
>> 
>> 
> 
> 
> 
>       
>               
> __________________________________ 
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
> http://mail.yahoo.com
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
>seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Ikuti Lomba Foto Wisata 2005, kirimkan foto-foto terbaik Anda. Pengiriman mulai 
1 November s.d 31 Desember 2005. Keterangan lengkap ada di 
http://lombafoto.telkomnetinstan.com/ dan dapatkan hadiah jutaan rupiah!! 
(khusus Jawa Timur)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke