Upami ningali masalah terorisme tina "kacamata"
politik, pasti bosenna, da sadaya analisa di media teh
sigana tos distel "seragam" sareng "stereotipe" pisan.
aya dalangnalah, dikaitkeun ka DI/TII lah,
fundamentalislah, sareng sajaba ti eta.
Tapi upami ningali tina perspektif anu langkung luas
(tina sudut pandang akademis), aya hal anu "menarik".
Upami ningali terorisme tina perspektif konflik antar
agama, aya gerakan IRA di Irlandia Utara anu mayoritas
Katolik ngalawan Inggris anu mayoritas Katolik. Aya
gerakan Suku Basque (Katolik) anu ngalawan
pamarentahanana (Spanyol) anu katolik oge. Aya
kelompok Tamil Elang anu ngalawan pamarentahan
Srilangka anu sami-sami ngagem agama Hindu/Sikh (?).
aya Hindu Lawan Islam di India. aya oge sekelompok
penganut agama Budha (fanatik) di Tibet an ngalakukeun
"kekerasan" ku alatan mertahankeun kamurnian agama.
Jadi ampir di sadaya penganut agama, aya anu
ngalakukeun "kekerasan" atas nama agama.
Kasus di Indonesia, kawilang rada aneh. Upami ningali
latar belakang para pelakuna, percaya teu percaya
manehna ngalakukeun sacara sadar, kusabab 'panggilan'
ajaran agamana. Misno, pelaku Bunuh diri "Bom Bali
II" ceuk bapana teh, budak anu sieuneun lamun ngingali
aya gelap dordar. Urang Cikijing Majalengka tea anu
mayitna ditolak ku Bupati Majalengka, asalna tina
kulawarga anu teu mampu jeung "buta" perkara politik.
Beda jeung pelaku BOM bunuh diri di Timur Tengah. Di
Palestina misalna, para pamudana aya kasadaran politik
anu kentel, tapi lamun ngalawan Israel anu pakarang
perangna kumplit pasti kana elehna. Tah dina kaayaan
kitu, hiji-hijina jalan nya maledogan ku batu jeung
nyieun bom "bunuh diri" tea. Dina kasus siga kitu,
Ceuk Komarudin Hidayat ti Universitas Paramadina mah,
diwenangkeun ngalakukeun bunuh diri.
Sigana wae dina danget ieu, ceuk ahli sosiologi mah
aya nu "teu beres" di masyarakat urang. Naha media
massana anu sok nyebarkeun beja anu teu dipikir
panjang heula, naha para ahli agamana anu teu 'baleg'
dina nungtun umatna, naha para birokratna anu teu
"junun" gawena. Katurug-turug ditambah ku
perekonomian anu ngabalukarkeun masyarakat jadi
balangsak. Kaayaan siga kieu teh mangaruhan ka
individu atawa kelompok di masyarakat, jadi sok babari
kasigeung, gampang putus asa. Ari faktor
pangaruh/intervensi ti luar mah ngan sakadar sekunder
sifatna.
Jadi dina situasi ayeuna, sigana mah urang kedah tiasa
nahan maneh, ulah nepi ka matak batur tereh kasigeung,
ngomentaran kalayan teu asak pikir. anu kedah
digedurkeun teh 'rasa kebersamaan' siga halal bihalal
kusnet kamari. Tapi poma tong raramean dina urusan
kagorengan, saperti contona korupsi rame-rame siga di
KPU tea. Sabab nu kitu teh matak "kasigeung" birokrat
sejenna anu teu "kabagian" sapertos si kuring. (punten
ah... heureuy).
baktos,
mrachmatrawyani
--- Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasun,
>
> Terus terang sabenerna mah geus bosen ngomongkeun
> perkara Terorisme
> teh..., tapi ieu mah sakadar hanteu.....
> Ahhhh..ketang eta mah sakadar MEUREUN....... rumasa
> lain ahlina.
>
> AG./bdg.
>
>
>
>
>
__________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs. Try it free.
http://music.yahoo.com/unlimited/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/