Lamun teu lepat, baheula waktu PM Malaysia jamanna dokter M(ahathir), sumanget jihad ka Afghanistan nu harita keur dicaplok ku Uni Soviet gede pisan, komo di Malaysia mah da sang PMna siga nganjurkeun. Akhirna loba nu kadaritu, kaasup urang Indonesia nu tadina niatna ukur rek digarawe di Malaysia. Waktu baralik ka lemburna para "pahlawan" ieu, kurang diperhatoskeun ku masyarakat Indonesia sorangan. Maklum ari kitu na mah, da umumna urang Indonesia mah teu tarerang aya dulurna nu ngiringan perang alias jihad di Afghanistan. Akibatna naon, nya jiga ayeuna. Jalmi anu kantos ngiluan perang, memang sok rada sesah rek hirup normal deui, da rarasaanana dina suasana perang wae, komo deui lamun euweuh nu nganggap di lemburna. Seueur contona, jiga di Amerika, loba pahlawan perang Vietnam, nu akhirna malah jadi "trouble maker" di lemburna (tingali we film2 Hollywood siga Rambo).
Janten kedah ati-ati nganjurkeun ngiluan perang teh, komo ngiluan perang di lembur batur mah, sabab akhirna malah jadi mamala di lembur sorangan. Baktos, WALUYA --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kasus di Indonesia, kawilang rada aneh. Upami ningali > latar belakang para pelakuna, percaya teu percaya > manehna ngalakukeun sacara sadar, kusabab 'panggilan' > ajaran agamana. Misno, pelaku Bunuh diri "Bom Bali > II" ceuk bapana teh, budak anu sieuneun lamun ngingali > aya gelap dordar. Urang Cikijing Majalengka tea anu > mayitna ditolak ku Bupati Majalengka, asalna tina > kulawarga anu teu mampu jeung "buta" perkara politik. > Beda jeung pelaku BOM bunuh diri di Timur Tengah. Di > Palestina misalna, para pamudana aya kasadaran politik > anu kentel, tapi lamun ngalawan Israel anu pakarang > perangna kumplit pasti kana elehna. Tah dina kaayaan > kitu, hiji-hijina jalan nya maledogan ku batu jeung > nyieun bom "bunuh diri" tea. Dina kasus siga kitu, > Ceuk Komarudin Hidayat ti Universitas Paramadina mah, > diwenangkeun ngalakukeun bunuh diri. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/WpTY2A/izNLAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
