Haturan Teh Siti,

Nami-nami muslim (anu nganggo basa arab) kalintang seueurna, bade nyandak
tina asmaul husna (Al Qur'an) atanapi ngarakit tina basa Arab anu hartosna
sae, tiasa wae. Pon kitu deui, nami anu sae atanapi nami basa Sunda anu
hartosna sae tiasa wae. Ieu nami Insya Alloh satingkat sareng nami-nami anu
asalna tina Al Qur'an/basa Arab anu hartosna sae.

Maparinan nami anu sae ka murangkalih eta kalebet kawajiban anu jadi sepuh.
Nami dina lebah dieu ngarupakeun do'a, cita-cita, atawa harepan ti sepuhna
ka anu jadi anak. Tangtu wae, sadayana pakait jeung laku lampah, amal,
sareng naon rupi bagean kahirupan anu sararae. Ngeunaan nami anu sae ieu,
dina tradisi Islam, aya sababaraha patokan.

Kahiji, nuturkeun sakaol hadist anu netelakeun yen nami-nami anu sae teh
diwangun ku asma'ul Husna + kecap "Abdu" anu hartosna "hamba", "makhluk", di
payunna. Upamana wae, Abdul Muhyi tina asmaul husna "Al Muhyi", anu Maha
Ngahirupan, + Abdu: Abdul Muhyi (hamba ti anu Maha Ngahirupan) . Pon kitu
keneh, nami-nami sapertos Abdul Manan, Abdul Hamid, Abdul Aziz, Abdurahman,
jst, ieu kalebet-kalebet nami-nami ngagunakeun patokan di luhur.  Kapungkur,
ngadamel nami sarupi ieu kantos populer, namung ka palihdieunakeun seueur
anu tos teu ngaranggo deui. Sigana, jaman kiwari, kecap-kecap "Abdu" atawa
"Abdul" dipayuneun kecap asmaul husna rada morosot pasaranana. Namung teu
kitu saleresna mah, da jalmi mah salian ti ngaran, oge kumaha eusi anu
nyanding eta ngaran.

Kadua, aya oge anu maparinan nami anu sae ieu ku cara nurutan nami-nami
tokoh-tokoh Islam atawa tokoh sajarah atawa tokoh kamanusaan anu sae.
Upamina wae, Nami "Muhammad" eta nyonto kana nami kangjeng Nabi Muhammad saw
(saleresna, nami "Muhammad" asal kecapna kalebet oge asmaulhusna, sabanding
sareng: "Mahmud" atawa "Al Hamid"). Dina patokan anu ieu, nya nami-nami
sapertos: Ali, Hasan, Husen, Fatimah, A'isyah, Aminah, Abu Dzar, Sumayyah,
jst, ti rengrengan para sahabat. Atuh kapalihdieunakeun, ti rengrengan para
wali atanapi jalmi-jalmi sholeh sanesna aya nami-nami: Ali Zainal Abidin,
Fariduddin Attar, Abdul Qodir (ieu kalebet oge nami tina fatokan anu
kahiji), jst sakitu seueurna (teu acan kalebet tokoh-tokoh Islam Nasional).

Dina patokan kadua ieu, tiasa oge urang nyonto nami-nami anu sararae ti
rengrengan inohong-inohong Sunda baheula dugi ka ayeuna. Upamana wae
nami-nami: Ajiguna, Linggabuana, Ragamulya, jst. Aya kahemeng lebah dieu:
moal asa kabaheulaan teuing atawa beurateun ku ngaran upami nami-nami anu
sapertos kitu dianggo?

Katilu, aya oga patokan nami ku cara ngagabungkeun antara nami anu sae +
kecap "din" + (hartosna : agama, jalan hirup) + nami kulawarga (clan)/bapana
anu jadi putera. Upamana wae nami-nami : Jalaluddin Rahmat (kagagahan agama
+ Rahmat nami kulawarga/sepuhna), Jamaludin Wiartakusumah (kaendahan agama +
 Wiartakusumah = nami ramana), jst. Pon kitu keneh, nami-nami saperti:
Ihsanuddin, Fariduddin, Zainuddin + masing-masing nami kulawarga,   jst, ieu
kalebet nami-nami nganggo patokan katilu. Dina leresn ieu, tiasa wae dianggo
nami, upamina: Jamaluddin Ahmad (pameget), upami isteri: Na'imah Ahmad, jst.

Kaopat, nami-nami anu asalna nyutat tina Al Qur'an atawa Al Hadist atawa
istilah-istilah anu sae tina agama, sagemblengna atawa dimekarkeun
(dipilarian derivat atawa turunan kecapna). Upamana wae nami-nami:  Zaki,
Muthahhari, Na'imah, Haidar,  jst. Tina wacana budaya Sunda nami-nami ieu
kalintang seueurna, upamina: Asih, Karta, Sasmita, Kania, jst.

Kalima, nami kenging ngarakit sorangan tina kekecapan anu sae sangkan jadi
hiji do'a atawa harepan anu sae. Upamina: tina kecap "hubbaka" (=
asih/kterasn Anjeun/anjeun) sareng "ghoyatii" (tujuan abdi) tiasa
ngajenggelek hiji nami anu lumayan endah: "Hubbaka Ghoyati". Pola sapertos
kieu tiasa wae digunakan kanggo kecap-kecap anu aslina tina basa Sunda,
upamana: Ajiguna Permana (sangkan anak lalaki urang teh jadi hiji
panutan anu manfaat tur waspada salawasna), Ratna Wulan (sangkan jadi jalmi
anu kalintang luhur darajatna, sapertos inten, tur jasmanina + akhlakna
 geulis dipikaresep siga bulan), jst. Contoh sanes: Aria
Santana(tokoh anu -bahasa Indonesia-kesatria).

Rupina sakitu wae, pamugi aya manfaatna.

baktos,
manAR
PS: aya saena tataros ka nu ahli, upamina: pangersa H.R Hidayat
Suryalaga (022-7801282)


On 11/30/05, siti komariyah ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Manawi aya anu ngaduh daftar nami (muslim) kanggo si utun anu sakedap deui
> bade gumelar. Tangtosna kedah lengkep sareng hartosna.
> Kana pitulungna si kuring ngahaturkeun nuhun
>
> baktos pun
> ahmad
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke