Bawirasa kuring ari basa sunda teh disebut hese henteu
disebut gampang oge henteu. Gampangna lamun teu kudu
mikir naha ieu basa teh kasar atawa henteu, nu penting
basa sunda tangtu gampang, tapi lamun mikir heula naon
kecap nu benerna, nya sok kadang kerung heula mikiran,
saperti kecap "lain" jeung "lian" sok kadang patukeur
jeung basa Indonesia. Urang sunda kadang ku hayangna
make basa lemes sok kadang jadi salah kaprah saperti
nyebut "minggon" keur kecap "mingu", pan asana mah
bener, padahal ari minggon mah asal tina kecap
"minguan". Jadi kacindekanna mah ceuk kuring, nya
gampang-gampang susah. Cara hujah pikeun memener basa,
nya liwat gunem-catur di kisunda ieu, karasana ku
kuring nambahan deui kanyaho teh, sabab di lingkungan
memang jarang digunakeun ku kuring nu dumuk di Bekasi.
Kitu manawi.


--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ceuk kuring hese. Margina emang geus langka batur
> catur ngobrol basa sunda di daratan. 
> Katambih deui, dina pelajaran bhs sunda, tatabahasa
> sok di kuat kaitkeun jeung aturan tatabahasa
> inggris,
> jadi pabaliut.
> Alhamdulillah ku ayana KUSNET sakedik sakedik
> pribados
> rada lancar deui nyarios sunda.
> 
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Barayaaa!
> >   Ngahaja make a tilu kali, maksudna mah
> ngagorowok.
> > Ngarah sorana nepi ti hilir ka girang. Hehehe.
> Urang
> > neruskeun kuesioner tea.
> >   
> >   Numutkeun 'sensus' ka opat wewengkon milis
> > ([email protected], 
> > [email protected],
> > [email protected], jeung 
> > [EMAIL PROTECTED]), geuning wargana teh
> > lumayan gereyek.  Jumlah-jamleh aya kana 2700
> jalmi.
> > Tangtuna oge loba duplikasina, sabab  loba nu
> miluan
> > leuwih ti hiji milis. Upama dicokot puratana, aya
> > 675.  Tapi tina anggota nu ngaratus teh, karek aya
> > 26 jalmi nu ngarespon kana  kuesioner. Jadi masih
> > keneh acan bisa kakobet kumaha gambaran kaayaan 
> > basa sunda ceuk pinuturnajeung ahliwarisna
> sorangan.
> >   
> >   Sakali deui kuring umajak, kum we ka sadayana.
> > Utamana ka baraya no  salami ieu nembe resep
> noong,
> > sabab cenah sieun salah nyariosna, sieun  dicawad
> > tea, sieun itu tea. Ayeuna mah tong sieun-sieun,
> > mangga wae  balakakeun, da moal digeunggeureuhkeun
> > ieuh. 
> >   
> >   Kitu deui ka para sesepuh, asana jawaban ti
> > aranjeuna bakal tiasa  nambihan pangdeudeul kana
> > kumaha bule-hideungan basa Sunda teh. Cing  mangga
> > geura pedar kumaha pamendakna.
> >   
> >   Tah ieu patarosanana: "Numutkeun pangalaman
> > pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda
> > teh hese?"
> >   
> >   Pituduh: Pikeun jawabana, lengkepan ku opini
> > nyalira. Upama leres hese  naon hujahna? Upama ah
> > heunteu hese cenah, kumaha alesanana? 
> >   
> >   Jawaban kana ieu pananya teh,  asana lumayan
> > penting. Sugan wae bisa dijadikeun bahan
> tinimbangan
> > ka  para guru, para panalungtik, para inohong
> pikeun
> > nyiar tarekah kudu  kumaha ngamekarkeun basa Sunda
> > teh.
> >   
> >   Baktos,
> >   MH
> >   
> >   Catetan:
> >   Daftar rsponden nu tos lebet
> >   1. kuring (mh)
> >   2. joko tingkir
> >   3. kumincir
> >   4. durahman
> >   5. boim
> >   6. hasan supriadi
> >   7. cecep wahyu
> >   8. puspita w.
> >   9. msasmita
> >   10. rahman
> >   11. indung peuting
> >   12. asep subandi
> >   13. tito suryana
> >   14. oman abdurahman
> >   15. dudi herlianto
> >   16. nenny nenden
> >   17. ujang kemod
> >   18. ikmal
> >   19. aqis fairuz
> >   20. roni suarsa
> >   21. deny suwarja
> >   22. rahdiani nurulaini
> >   23. miih
> >   24. tarawadul
> >   25. runa irawan
> >   26. yudi rosandi
> >   
> >   
> > 
> > 
> > =====
> > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran,
> Koropak]
> >                     
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Shopping
> >  Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping 
> > 
> > [Non-text portions of this message have been
> > removed]
> > 
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Start your day with Yahoo! - Make it your home page!
> 
> http://www.yahoo.com/r/hs
> 



                
__________________________________ 
Start your day with Yahoo! - Make it your home page! 
http://www.yahoo.com/r/hs


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke