Nuhun Kang RH Aya sababaraha hal nu jadi udagan kuring. Keur naon maksudna, kuring perlu informasi perkara basa Walanda di nagri Walanda sorangan. Kahjina, pikeun eksperimen, naha bisa studi banding dina hiji perkara dilakukeun kalawan waragad nu paling ekonomis. Pedah mindeng meunang beja, cenah mun ngayakeun studi banding teh sakitu biayana. Tetela geuning bisa, kujalan ngamangpaatkeun jaringan komunikasi jeung teknologi nu geus nyampak. Kaduana aya kapanasaran, hayang rada engeuh jiga kumaha batur miara jeung ngemekarkeun basa jeung budayana. Sugan we atuh, aya mangpaatna, pikeun baraya nu rek milu mikiran perkara basa Sunda. Mudah-mudahan guaran Kang RH tiasa lengkep. Harepan kuring mah, upama rengse noong Walanda, hayang noong Jepang, Korea, Ferancis, German, jeung AS. Apan aya lin baraya urang nu keur ngalumbara. Mudah-mudahan sambungan dongeng di nagri Kincir Angin teh, tiasa nepi ka, jiga kumaha kandungan pangajaran basa jeung model pangajaran nu dipakena, pikeun tiap tingkatan sakola. Upama tea mah ti TK nepi ka PT, meureun bakal langkung euyeub informasina. Salam, MH Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Balik deui kana perkara basa Sunda, kuring minangsaraya ka Kang Rahman, jiga > kumaha pangajaran basa Walanda di nagri Walanda. > > Kang MH, Rek nedunan jangji... rek ngadongeng kaayaan basa NL tea. Rek dimimitian ku statistik heula. 'Penutur'asli basa NL teh lamun dijumlah-jamleh mah ngan kira2 20 juta manusa. Dipake di NL oge di Belgia. Jadi kaitung basa leutik di UE, kagencet ku basa2 gede saperti : Prancis, Jerman jeung Inggris. Najan kaitung leutik nu makena, basa NL teh kaitung maju. Lamun nengetan satra na oge apan kaitung rempeg. Apan acara taunan Poetry International di Rotterdam ge diayakeun di wilayah basa NL lin? Kamajuan ieu basa teh sigana mah nyambung jeung argumen kuring tiheula. Kusabab ieu basa teh dipake sacara formal dina sagala widang kahirupan di NL jeung di BE. Dina widang pendidikan basa NL dipake basa panganteur ti TK dug nepi ka PT. Kulantaran kitu, dunya peristilahan oge apan milu maju, sa nuturkeun pangabutuh masyarakat basa NL tea. Di NL, oge aya sakola2 anu make basa panganteur salian ti basa NL. Misalna di sakola kelompok etnis Maroko jeung Turki boga hak make basa panganteur masing2 (basa Arab/Berber jeung basa Turki). Ketah... situasi siga kieu teh keur rame didiskusikeun deui, dina raraga integrasi ieu para migran tea. Pondok heula we dongengna, urang sambung deui kahareup. baktos, Rahman
===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Yahoo! Shopping Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
