Assalamu 'alaikum wargi kisunda. Nepangkeun sim kuring aki-aki ti wewengkon kalurahan Antapani Bandung, seja ngadangukeun obrolan kalajan ngaos karya wargi sadaya, meuni asa reueus basa Sunda masih seueur anu ngange geuning.
Nambih deui kareueus teh ku ngaos artikel "Nurul Hikmah", sanes akon- akon Masya Alloh sim kuring ceurik bungah, eta ku aya wargi urang anu kersa ngabagi elmu, ngaguar hikmah Al Qur'an ku basa anu sakitu saena, Alhamdulillah ieu anu ku sim kuring diantos-antos. Sakantenan tumaros, naha 'Al Fatihah' na teu katinggal?, sim kuring peryogi pisan, muga wargi leah manah tiasa midangkeun Nurul hikman Serat Al Fatihah, muga-muga Alloh maparin rohmat ka urang sadaya. Wassalam. Abah Odeng ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
