Wassalamualaikum Wilujeng tepang Abah Odeng, sim kuring pun Hasan urang Garut. Hehehe Nurul Hikmah nu dimaksad teh, "Nadoman Nurul Hikmah" yasana Abah Surya (Hidayat Suryalaga) kitu? Upama tea mah leres, sayaktosna eta nadoman teh pangjangkep "Nurhidayahan" (Sari Tilawah Basa Sunda Al-Quran), dina wangun kawih pupuh. Upama Abah Odeng peryogi tiasa nepangan anjeunna di Bandung. Sumangga Abah Odeng, geura guar dongengna. Baktos, Mh
adet_3 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu 'alaikum wargi kisunda. Nepangkeun sim kuring aki-aki ti wewengkon kalurahan Antapani Bandung, seja ngadangukeun obrolan kalajan ngaos karya wargi sadaya, meuni asa reueus basa Sunda masih seueur anu ngange geuning. Nambih deui kareueus teh ku ngaos artikel "Nurul Hikmah", sanes akon-akon Masya Alloh sim kuring ceurik bungah, eta ku aya wargi urang anu kersa ngabagi elmu, ngaguar hikmah Al Qur'an ku basa anu sakitu saena, Alhamdulillah ieu anu ku sim kuring diantos-antos. Sakantenan tumaros, naha 'Al Fatihah' na teu katinggal?, sim kuring peryogi pisan, muga wargi leah manah tiasa midangkeun Nurul hikman Serat Al Fatihah, muga-muga Alloh maparin rohmat ka urang sadaya. Wassalam. Abah Odeng ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
