Kang Oman.
Alhamdulillah eta elmu teh ageung pisan mangpaatna, sadayana parantos dicatet
tur disimpen di 'file' sim kuring. Pamugi ulah kapameng, sakantenan bae kumaha
tah 'prosedur' sareng persyaratan ngadegkeun Yayasan ieu, Udagan ma Insya Alloh
hoyong ngajadi yayasan sajati, mung tantanganana lumayan, nyaeta kampung sim
kuring 2/3 tina jumlah jiwa teh pakasabanana buruh pabrik patengah sareng
pangangguran, cindekna mah rawan 'pamurtadan'.
Modal panangan katuhuna nyaeta gaduh Lahan 250 meter payuneun Masjid, nya
dihandapna bade didamel gedong sarwa guna, anu d luhur kanggo Laboratium kajian
Islam sareng tempat ngaos barudak generasi gegentos urang.
Neda pidu'a ti sadayana, atuh bilih aya wargi anu badi nguniangaan alamatna
di Kp. Bunisari RT 04 RW 16 Kalurahan Antapani Kacamatan Cicadas Bandung, mani
masjidna At-Atqwa, Sim Kuring aya di kampung teh dinten Saptu sareng Ahad, magi
pakasabanma di Jakarta.
Wassalam
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Urang teraskeun catur ngeunaan nyieun LSM/yayasan kenging meureut tina
wangkongn jeung Kang Endang tea. Mangga nyanggakeun, pamugi aya manfaatna:
1. Ringkesan obrolan ti heula
Yayasan teh sajatina lembaga bogana masyarakat. Kukituna, kagiatan yayasan
kudu leuwih gede dina urusan sosial. Tapi, kitu na teh tetep yayasan kudu
boga sumber pendanaan, boh tina usaha (profit) sorangan atawa tina
sumbangan-sumbangan. Upama digambarkeun kagiatan yayasan anu sifatna sosial
salaku leungeun katuhu, jeung kagiatan yayasan anu profit salaku leungeun
kenca, yayasan anu baris maju kudu boga dua leungeun ieu kalawan leungeun
katuhuna salawasna leuwih gede tinimbang leungeun kencana, tur, duanana oge
tumuwuh bareng. Anu akhir ieu lain hartina yayasan kudu karoroncodan. Anu
dimaksud, kagiatan yayasan kudu condong boga sifat sosial anu beuki lila
beuki tambah gede, bari, sumber danana oge ngagedean, boh tina leungeun
kenca (usaha profit sorangan) atawa sumbangan-sumbangan ti masyarakat,
pamarentah atawa sumber-sumber sumbangan sejenna, kulantaran nyakseni kana
karancagean gawe yayasan. Babandingan karancagean ieu dua leungeun yayayasan
baris nangtukeun jenis yayasan: naha yayasan padati, japati atawa sajati.
Anu jadi udagan teh yayasan model anu sajati. Kukituna perlu cara pikeun
ngahontal anu jadi udagan.
2. Yayasan model padati, japati atawa sajati?
Upama yayasan ukur ngagarap bakti sosialna, bari jeung kurang merhatikeun
kalanggengan sumber danana, bisa jadi eta yayasan lila-lila siga padati:
ripuh ku tanggungan. Mungkin aya yayasan anu bisa hirup sanajan ukur
ngandelkeun sumbangan-sumbangan, tapi tangtuna oge bakti sosialna teh moal
bisa dirarancang kalawan daria. Hartina, lamun teu boga sumber penghasilan
mah...kalawan kumaha wae carana anu halal tur dimeunangkeun ku aturan-tetep
yayasan teh moal bisa ngagarap program sosialna kalawan rancage tur beuki
lila beuki gede. Yayasan padati dilarapkeun ka yayasan anu teu bisa
ngawangun sumber danana nepi kahirupna ripuh. Kang Endang angkat topi lamun
aya yayasan gede, darma sosialna ngabadagan ti waktu ka waktu, tapi teu boga
sumber dana anu maneuh.
Sabalikna tina padati, aya yayasan model japati. Enya siga japati dina lebah
keur neangan kahakanan, uclak-aclok ka unggal tempat atawa sumber kahakanan,
geus seubeuh baranghakan mah nya ber deui ka tempat sejen atawa ngahening
dina paeunteupanana atawa diimahna. Yayasan model kieu nya kitu pisan,
diadegkeunana oge badis keur neangan penghasilan wae. Kalan eunteup atawa
ngadekeutan hiji instansi, hiji waktu biluk ka donor-donor ti luar
nageri. Dimana aya sumber "proyek", nya didinya eunteupan ieu "japati".
Tangtu, "fure" japati mah asa piraku laku yayasan teh, asa teu luyu jeung
badan hukumna. Ngan nyakitu, dina seuh-seuhanana mah geuningan loba
kacaritakeun yayasan model japati teh. Urang sadaya tangtu moal rido lamun
aya yayasan diadegkeun ukur keur neangan kauntungan para pangurusna. Asa
kabina-bina, make baju sosial keur neangan kauntungan material.
Anu katilu, yayasan sajati tea, nya model yayasan anu kieu anu diteangan
teh. Tangtu, ari sajati pisan mah hese neanganana. Ngan sakurang-kurangna,
sakabeh gerak lengkah yayasan teh geus ngadeukeutan atawa aya dina "track"
lalampahan anu ideal atawa anu sajati tea. Lamun diringkeskeun, yayasan
sajati teh nya siga anu tadi tea: leungeun katuhuna leuwih gede ti leungeun
kencana bari dina kaayaan duanana oge mekar, tumuwuh ngagedean. Yayasan
sajati beuki lila tambah ngagedean, boh anggota anu aktifna, sumber danana
oge kagiatan sosialna. Tangtu aca cara-cara pikeun - sakurang-kurangna -
hiji yayasan geus aya dina lengkah gerak anu mawa kana kalungguhan yayasan
sajati. Gerakna teu aya sanes: gerak anu alami, anu biasa disorang ku
organisasi pausahaan galede.
3. Lalampahan yayasan: mikaangen yayasan anu ajeg tur tumuwuh
Bisi ideal teuing nepi ka seunggah ngalakonana, urang sebut wae yayasan anu
sajati dina konteks obrolan ieu teh salaku yayasan anu ajeg bari tumuwuh.
Hal tangtu wae merlukeun jurus-jurus lengkahna, kitu ceuk Kang Endang.
Lalampahan yayasan anu normal sakuduna nohonan laku alamiahna sakuma
organisasi sejenna anu tumuwuh, kaasup "organisasi" badan satiap jelema anu
hirup nepi ka sawawana. Maksud teh, yayasan kudu tuhu kana katangtuanana
sacara alami salaku hiji "organisme"/badan. Anu alami teh nyaeta: aya mangsa
sasadiaan samemeh lahir (formal ka notaris), aya mangsa sanggeus
diformalkeun di notaris, aya mangsa ngawangun kaajegan (establish), mangsa
tumuwuh, jeung aya oge mangsa mekar.
- Mangsa Pra Formal
Mangsa samemeh lahir, sebut wae mangsa pra-formal, dicirikeun ku kudu
lumangsungna proses inseminasi. Dina mangsa ieu, para calon anggota pendiri,
atawa pembina, pengurus jeung pengawas (saterusna disebut anggota badan
yayasan) teh lumayan kudu rada loba kaluar tanaga jeung pikiran kalawan can
tangtu meunang pangupahjiwa (ekonomi).
Mangsa pra formal penting pisan disorang jeung dieusian ku inseminasi atawa
nyerepkeun naon rupa maksud, tujuan jeung kagiatan (atawa wae visi, misi,
tujuan, jeung program) yayasan ka para calon pendiri jeung anggota badan
organisasi. Tujuan ieu proses inseminasi teh, taya lian, sangkan naon anu
jadi visi-misi-tujuan jeung program anu rek diudag jeung dilakonan ku
yayasan engkena nyerep, kaharti jeung jadi kasadaran sadayana anu bae
icikibung di yayasan. Ku cara kitu, dina mangsa nga-formalkeun yayasan
(ngesahkeun yayasan di notaris), sadayana anu bade kalibet dina organisasi
yayasan tos paham, sadar jeung paheut kana naon maksud didirikeunana
yayasan. Salian ti paham, sadar jeung paheut teh oge masing-masing geus
ngebrehkeun kasanggupanana diuk di yayasan, naha salaku pendiri, pembina,
pengurus atawa pengawas.
Sajaba ti mahamkeun naon maksud jeung tujuan yayasan, dina proses
inseminasi jero mangsa pra formal ieu aya alusna upama dieusi ku
kagiatan-kagiatan yayasan. Tujuanana, salian ti keur "nguji" nepi ka mana
kakompakan ieu "tim" calon anggota badan yayasan, oge sangkan yayasan teh -
sanajan can boga badan hukum formal - geus ngabogaan "track record"
kagiatan. Proses inseminasi oge kacida manfaatna pikeun ngahasilkeun
perencanaan strategis (visi-misi-tujuan nepi ka program kagiatan) beunang
rereongan atawa babarengan saadaya anggota tim calon anggota badan
organisasi. Sabab, perencanaan strategis anu sae mah teu aya sanes
dihasilkeun ku sadayana anu terlibat dina organisasi. Organisasi anu bisa
nagen tur maju ka hareup, ceuk para ahli, cenah organisasi anu digerakkeun
ku visi jeung misi anu jadi pamahaman anggota2na.
Manfaat sejen tina proses inseminasi nyaeta pikeun nyinglar tulis tonggong
para pendiri jeung calon anggota badan yayasan. Keur informasi wae, teu
saeutik yayasan ngadeg tapi para peniri atawa pembinana teu dibejaan
samemehna, alias ditulis tonggong tea, kitu saur Kang Endang (sigana anu
model kieu mah loba kajadiana dina yayasan model japati).
Sakumaha lilana mangsa pra formal kudu dilakonan? Eta mah gumantung anu rek
ngadegkeun yayasan wae. Lamun perlu buru-buru ngadeg, nya ulah lila teuing,
cukup 3 nepi ka 6 bulan, upamana. Lamun - karana kaayaan - kapaksa kudu
lila, nya bangsa sataunan mah teu jadi halangan. Anu jadi catetan, sanajan
yayasan can formal tapi teu kudu jadi halangan pikeun ieu organisasi
ngayakeun kagiatan-kagiatan anu luyu jeung maksud + tujuan diadegkeuna
yayasan. Perluna akte notaris satemenna ukur keur dina kaayaan
garapan-garapan anu merlukeun adiminstrasi hukum, upamana kontrak pagawean
jeung organisasi atawa badan sejen anu memang merlukeun hal eta.
-Mangsa Formal
Mangsa formal dicirikeun ku geus disahkeunana organisasi yayasan ku notaris.
Sanggeus ka notaris, yayasan engkena kadaftarkeun di departemen kehakiman.
Saterusna, sanggeus meunang akte notaris/depkeh, yayasan teh kudu boga
alamat domisili anu disahkeun ku pamrentah kab/kota satempat jeung NPWP. Ieu
dua syarat teh kudu kahontal dina waktu sataun ti saprak disahkeun ku
notaris, lamun heunteu kahontal dina mangsa sataun, wayahna proses ka
notaris kudu dibalikan deui. Kitu ceuk undang-undang ngeunaan yayasan anu
anyar.
Mangsa formal oge dicirikeun ku waluratna dana yayasan. Kaharti kitu na mah,
sabab yayasan teh apan can kapiresep ngaranna ku masyarakat. Pon kitu deui,
pamarentah atawa lembaga-lembaga donor oge tangtuna can pati percaya. Atawa
sakurang-kurangan hayang noong heula kumaha paripolahna ieu yayasan. Mangsa
formal nepi ka ajeg bener-bener ngarupakeun mangsa ujian hirup-maotna
yayasan. Lamun mampu tahan dina kaayaan walurat dana jeung pamngrojong,
tangtu yayasan teh gede harepan pikeun nanjeur.
Sakumaha anu keur lelengkah halu, dina mangsa formal, lsm atawa yayasan teh
wayahna kudu satekah polah boga aktivitas garapan ku saya-aya modal kamapuh
para pendiri-pengurusna. Dina kaayaan ieu, umumna pembina atawa penasehat
jarang malire. Tapi lamun proses inseminasina alus mah tur geus ditetepkeun
hak jeung kawajibanna masing-masing, tangtu wae sakabehna aktif ngagedekeun
yayasan/lsm.
Kukituna, bisa disinggetkeun yen dina mangsa formal kagiatan-kagiatan
sifatna "track-record oriented". Keun wae teu kudu ideal dina subtansi, anu
penting aya kagiatan atawa aya garapan. Dina lebah dieu urusan biaya keur
kagiatan-kagiatan tadi oge wayahna kudu rereongan saya-aya sumber daya
sorangan ti yayasana/lsm. Kusabab kitu, kagiatan-kagiatan teh dirarancang
sairit-iritna sangkan kadada-kaduga ku tanaga sorangan.
Kang Endang meupeujeuhan, poma lsm/yayasan anu karek dina tahap formal
-lamun hayang maju ulah ngarawu ku siku- ku cara ngagarapan
kagiatan-kagiatan anu pantesna digarap ku yayasan dina mangsa etablish.
Kajaba lamun geus boga pangalaman tur yakin bisa ngagarapanana. Sabab,
sakali gagal dina ngagarapan eta kagiatan, ngaran yayasan teh geus tibeubeut
atawa nyirorot. Kagiatan-kagiatan yayasan dina mangsa formal alusna mah
kagiatan kreativitas sorangan anu teu pati meakeun beayaa gede. Mangsa
formal nepi ka nincak mangsa ajeg kurang leuwih-tina pangalaman - 3 nepi ka
6 taunan.
- Mangsa ajeg
Mangsa ajeg atawa establish hiji organisasi dicirian ku geus saimbangna
antara kagiatan-kagiatan anu didanaan atawa dibeayaan ku sumber daya
sorangan jeung ku sumber daya sumbangan atawa bantuan ti lembaga donor (lsm
deui, pamarentah atawa swasta). Atawa, kagiatan-kagiatan profit yayasan geus
mimiti jalan tur ngadatangkeun hasil. Dina mangsa ieu, yayasan geus
meujeuhna ngagarapan "proyek-proyek" gede luyu jeung visi-misina, boh anu
sifatna usaha profit atawa usaha ku cara neangan donor.
Dina mangsa ajeg, ngaran yayasan geus mimiti diperhatikeun ku pamarentah
atawa lembaga-lembaga donor atawa mitra gawe. Dina mangsa ajeg, yayasan oge
geus mimiti ngagunakeun "leungeun kencana" dina usaha-usaha rintisan atawa
gawe bareng jeung lsm sejenna atawa swasta. Dina mangsa ajeg, lsm/yayasan
geus teu pati hese neangan proyek atawa kagiatan.
Tah, dina mangsa ajeg ieu geus waktuna yayasan/lsm nangtukeun aturan pikeun
ngurus hak jeung kawajiban satiap anggota badan yayasan patali jeung
kagiatan anu geus mekar, boh waktu harita atawa ka hareup. Aturan teh lamun
di perusahaan swasta mah sarupa "pembagian saham", aturan gajih keur
pangurus, jeung "reward jeung punishment" (sistem penghargaan jeung sistem
penalti) sejenna anu diperlukeun. "Omat proses ieu kudu dilakonan, bisi
organisasi yayasan/lsm kabeurangan atawa kapiheulaan ku kajadian rebutan hak
jeung kawajiban akibat geus majuna kaayaan yayasan", saur Kang Endang. Lamun
"kapiheulaan", anu kajadian biasana mah pasea jeung parebut diantara para
pendiri, pembina, pengawas jeung pengurus yayasan (ras si kuring inget
kajadian di hiji yayasan masjid kampus anu kawilang gede di Bandung
sababaraha taun ka tukang, nepi ka salah saurang tokoh anu ngadegkeun eta
yayasan kapeclengkeun). Mangsa ajeg kahontal antara 6 nepi ka 8 taun, saur
Kang Endang.
- Mangsa tumuwuh
Mangsa tumuwuh ngarupakeun terusna tina mangsa ajeg. Lamun yayasan/lsm geus
bisa ngaliwatan mangsa ajeg tangtu baris asup kana mangsa tumuwuh. Dina
mangsa tumuwuh, aturan organisasi anu geus dironjatkeun dina mangsa ajeg
geus karasa hasilna. Struktur organisasi anu tadina ukur aya pendiri,
pembina, pengawas jeung pengurus geus mimiti dilengkepan ku direktur pikeun
satiap widang usaha/kagiatan. Direktur ieu diangkat ti luar. Hartina,
direktur lain pendiri atawa pengurus yayasan, tapi pihak luar anu dikontrak.
Geus profesional wae sistem organisasi yayasan teh.
Mangsa tumuwuh dicirikeun oge ku geus lobana tawaran gawe ti pihak luar.
Tawaran gawe hartina tambahan sumber beubeunangan yayasan. Yayasan lain wae
geus ngagarapan proyek baradag, tapi malah geus jadi mitra langganan
pausahaan, lsm/yayasan sejen, atawa pamarentah. Sora yayasan/lsm
geus diperhatikeun boh ku masyarakat, pamarentah atawa swasta.
Sawatara eta, yayasan/lsm geus teu gumantung teuing ka bantuan atawa proyek
ti luar, sabab usaha-usaha anu profit bogana sorangan oge geus lumayan
nyumponan kaperluan2 beaya sakabeh aktivitasna. Yayasan geus relatif
mandiri. Oge kagiatan-kagiatan atawa usaha-usaha sosialna, kayaning rumah
sakit, lembaga atikan, jst geus jalan kalawan normal.
- Mangsa mekar
Mangsa mekar mah sigana teu kudu dicaritakeun panjang lebar. Lain pedah lila
ngahontalna, ngan kusabab dina mangsa ieu mah kaayaan yayasan/lsm teh
estuning geus pikabitaeun pisan. Sakabeh hontalan dina mangsa tumuwuh terus
mekar. Rumah sakitna geus mere kauntungan gede pisan, upama gerakna dina
widang RS. Atuh pon kitu deui, lembaga atikanana-di sagigireun mere bakti
sosial, oge geus kacida nguntungkeunana. Malah, kagiatan-kagiatan yayasan
anu sinergi antara kagiatan sosial jeung profit ieu geus nambahan.
Dina mangsa mekar, kagiatan yayasan geus kacida gedena. Sora atawa pamadegan
yayasan oge geus diperhatikeun pisan boh ku pamarentah, lembaga donor jero
jeung luar negeri, atawa swasta. Yayasan geus mandiri pisan. Yayasan atawa
lsm dina mangsa ieu lain wae geus "ripuh", bakat ku loba, ku tawaran
pagawean, tapi malah geus bisa nangtukeun rek nolak atawa nyaluyuan kana
hiji tawaran pagawean. Kahirupanana geus teu gumantung ka nu sejen.
Organisasi dina mangsa tumuwuh ieu, lain wae mandiri, malah geus bisa mere
kahirupan ka organisasi sejenna. Teu mustahil, lsm/yayasan dina mangsa ieu
mah geus bisa mangaruhan kana hiji kaputusan publik.
4. Panutup
Kitu cenah dongeng lalampahan yayasan sakumaha dicaritakeun ku Kang Endang
dumasar pangalaman anjeunna. Enya pangalaman boh ayeuna anjeunna salaku
pimpinan sababaraha LSM / yayasan anu geus aya dina mangsa ajeg, atawa
pangalaman anjeunna hasil studi banding ka sababaraha LSM/yayasan di luar
nageri, kayaning India jeung Filipina. Pamugi wae aya manfaatna keur saha
wae anu aya niat ngadegkeun jeung ngagedekeun lsm/yayasan.
baktos,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/