Wargi sadayana..
Kumaha tah upami aya kajantenan ngadirikeun yayasan
teh, mung saukur kedok kanggo "nyuci artos" hasil
korupsi ?
Margi salaku panguasa nagara (pemerintah/PNS) teu
kenging bisnis?
Upami di emut-emut, anu namina yayasan mah pan
orientasina sanes bisnis? Asanamah yayasan
mangrupiikeun perkempelan jalmi-jalmi anu gaduh niat
sae sareng MODAL LANGKUNG, teras ngadegkeung badan
pikeun nyalurkeunana? Misalna "FORD FONDATION",
atanapi yayasanna BILL GATES.
Kemaha tah ngabentenkeun atanapi batasan bisnis "is"
bisnis, yasayan mah yayasan ?
Atanapi kieu patarosan sim kuring teh, naha langkung
utami ngadirikeun yayasan atanapi koperasi ? Upami
akhirnamah kana bisnis-bisnis keneh ?
Wassalam
:)
--- adet tresna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Oman.
>
> Alhamdulillah eta elmu teh ageung pisan
> mangpaatna, sadayana parantos dicatet tur disimpen
> di 'file' sim kuring. Pamugi ulah kapameng,
> sakantenan bae kumaha tah 'prosedur' sareng
> persyaratan ngadegkeun Yayasan ieu, Udagan ma Insya
> Alloh hoyong ngajadi yayasan sajati, mung
> tantanganana lumayan, nyaeta kampung sim kuring 2/3
> tina jumlah jiwa teh pakasabanana buruh pabrik
> patengah sareng pangangguran, cindekna mah rawan
> 'pamurtadan'.
>
> Modal panangan katuhuna nyaeta gaduh Lahan 250
> meter payuneun Masjid, nya dihandapna bade didamel
> gedong sarwa guna, anu d luhur kanggo Laboratium
> kajian Islam sareng tempat ngaos barudak generasi
> gegentos urang.
>
> Neda pidu'a ti sadayana, atuh bilih aya wargi anu
> badi nguniangaan alamatna di Kp. Bunisari RT 04 RW
> 16 Kalurahan Antapani Kacamatan Cicadas Bandung,
> mani masjidna At-Atqwa, Sim Kuring aya di kampung
> teh dinten Saptu sareng Ahad, magi pakasabanma di
> Jakarta.
>
> Wassalam
>
>
>
>
> oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
>
> Urang teraskeun catur ngeunaan nyieun LSM/yayasan
> kenging meureut tina
> wangkongn jeung Kang Endang tea. Mangga nyanggakeun,
> pamugi aya manfaatna:
>
__________________________________________
Yahoo! DSL Something to write home about.
Just $16.99/mo. or less.
dsl.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/