Resep geuning maca seratan kang MGT, supados ulah
ngacapruk sorangan wungkul, mangga ku sim kuring
dibaturan ngacaprukna.

Ceuk ahli politik, mun  teu salahmah ngarana Anderson,
muridna Herbet fieth,  di indonesia (jaman orba) sikon
politik di indonesia disebat "almost dead", politik
parantos tereh koit. Naon sabab musababna ?
ceuk sim kuring ieumah, kulantaran jaman eta sistem
negara urang teh disebatna "etatisme", serbanegara,
sagala nanaon di urus ku nagara, kudu di atur ku
nagara, ieu pikeun ngalemeskeun basa yen sagala na di
atur ke Pamarentah. Ti urusan taneuh, cai, udara jeung
sagala eusi-eusina. Swasta ? aya mung ukur "warung"
atanapi wawarungan, seperto BCI, Waringin Group lim
swie liong, eta oge bisa jalan lamun bisa "nyagked",
Nepotis ka jelema anu keur nyepeng kakawasaan.
Kuningali kanyataan ieu, boh ti nagara asing, nu sok
usil, duka micinta ka nagara urang,  pikeun alternatif
lain tina monopoli serbanagara, nya ngadirikeun anu
namina LSM - LSM. Pasti di jaman  Suharto nu namina
LSM teh kantenan di curigai, mun teu salah mah
sesebutanana teh  OTB, nyaeta Organsi Tanpa Bentuk,
anu sok di wadalkeun yen organisasi eta "onderbouw"
PKI.
Partai politik di jaman eta, mung sakadar GOLKAR
wungkul, PDI sareng P tilu, mung sakadar embel-embel
(jeronama golkar-2 keneh)
Kukituna, anu namina SORA teh mung NUNGGAL, teu sesuai
jeung azas trias politika,  <<< beda teu nya Tri
Tangtu sunda jeung "trias 0politika >>>.

Saeunyana dina jaman kiwari, infrastuktur nagara urang
nu namina birokrasi pamarentahan, masih keneh
paninggalan jaman orba, mung ukur tambal sulam
wungkul. Katingal pisan upami ningal dina pemilihan
PILKADAL, aya paribasa kieu... lamun ti parpol aya nu
jadi gubernur atanapi bupati.... NYAHO naon ka urusan
pamarentahan !?. Atawa kieu we, anu anyar kamari ka
kuping di karawang, upami teu salah, yen CAMAT kudu
pisan lulusan ti APDN; saliain ti lulusan eta pecat !.

Saparantosna UWA ATO, lengser, nya ku reformasi tea,
katingalnamah seueur keneh ke "euphoria"na, tibatan
praktek nyata pikeun ngaronjatkeun makaslahatan rakyat
leutik. Malihan aya anu miharep balik deui (sono) ka
jaman ORBA, nu penting rakyat heunteu ngoceak jiga
jaman kiwari.

Emutan sim kuring, bade SORA NUNGGAL, atanapi SORA
BHINEKA, nu pentingmah  SAPUK sareng seratan kang MGT,
pikeun perluna sikep TRANSPARANSI. Mukaan DATA pikeun
jadi Informasi anu adil jeung merata.

Jadi balik deui ka jejer LSM, ceuk sim kuringmah jaman
ayeuna taya lain gunana pikeun neangan gawe atanapi
pikeun ngisi lowongan gawe, nyiar ikhtiar, margi bade
usaha naon atuh di jaman werit kieu ?

Salam 
mz


--- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ieu tulisan -- siga sawatara pangacaprukan kuring
> lianna -- dijieun geus rada lawas, basa Kompas muat
> iklan laporan keuangan LBH. Dialunkeun ayeuna teh,
> sugan bae ngalengkepan tulisan Kang Oman ngeunaan
> hal nu sarua: LSM. Mugia kahontal.
>    
>   MGT

>   Nu pasti, tuduhan yen LSM teu amanah teh terus
> aya. 

>   Balik deui kana jejer tulisan, lain maksud kuring
> nyaram aktivis LSM -- oge wartawan -- neangan duit.
> Pan, maranehna ge sarua dalahar keneh. Butuh kejo,
> butuh sapatu, perlu HP, butuh ngafe. Ngan kudu puguh
> aturannana. Malah, munasabah pisan, siga pejabat
> nagara, atawa wartawan, oge guru,  maranehna meunang
> gajih nu gede. Ngahaja make istilah gede, lain
> "cukup". Ambeh teges. Lain nanaon. Ambeh maranehna
> tonggoy kana pagaweannana atawa tugasna. Teu
> kaganggu ku duit nu lain hakna, nu sakapeung teu
> sabaraha.
>   Matak, reugreug oge ngadenge gajih hiji babaturan
> nu jadi pupuhu hiji LSM nepi ka puluhan yuta.
> Kabuktian, manehna mah galak teh bener-bener galak.
> Lain ngarah "uang preman". Komo, komisi atawa
> sarupaning kick back mah.
>   Lian ti kitu, hade pisan mun hiji LSM ngalaporkeun
> keuangannana tiap taun. Siga nu katingal dina Kompas
> poe ieu. Enya laporan keuangan LBH. Sanajan teu
> kabeh masarakat bisa maca neraca pembukuan siga
> kitu, paling heunteu, ceuk kuring, asas transparansi
> jeung akuntabilitas geus kahontal. Pan dina laporan
> eta ge disebutkeun ti mana maranehna meunang duit,
> jeung dipake naon bae. Leuwih alus deui mun
> maranehna oge bisa ngebrehkeun sarupaning gajih
> pangurus-pangurusna. Supaya ulah aya fitnah jeung
> suudzon. Saha nu nyaho manehna geus beunghar ti
> buyutna keneh? Ayeuna, saprak gawe di LSM, make
> Terrano? Nya, munasabah bae. Ku ngembrakkeun gajih
> pangurus, oge, urang bisa ngira-ngira naha pantes
> heunteu gajih maranehna "sakitu"  -- bari anggaran
> keur kagiatan utamana ngan "sakieu"?
>   Tapi, pan teu kabeh LSM boga sumber pendanaan nu
> hade siga LBH, Walhi, Kehati, atawa 68H? Teu saeutik
> nu ngan ngandelkeun "uang pembinaan" ti pemda. Tah,
> husus 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke