Ieu tulisan -- siga sawatara pangacaprukan kuring lianna -- dijieun geus rada
lawas, basa Kompas muat iklan laporan keuangan LBH. Dialunkeun ayeuna teh,
sugan bae ngalengkepan tulisan Kang Oman ngeunaan hal nu sarua: LSM. Mugia
kahontal.
MGT
=============================================================
Transparansi jeung Akuntabilitas LSM
Ieu tulisan lain rek "nyerang" LSM. Komo, mangrupa "serangan balik kana
gerakan anti korupsi" mah. Ieu mah, saperti biasa, saukur ngacapruk bae.
Kutrat-kotret bari nungguan jemputan. Sugan bae aya mangpaatna. Kitu ge teuing
nepi, teuing moal, kana eta jejer nu kawilang "gagah" teh. Ma'lum, da ngacapruk
tea.
Ari mimitina mah aya batur. Cenah, manehna jadi konsultan (bisnis jeung
keuangan) di hiji LSM nu udagannana ningkatkeun kahirupan patani kalapa. Keur
ngabeayaan eta LSM, manehna nyieun deui LSM lain, mangrupa yayasan, nu tugasna
nampung jeung neangan dana. Kituna mah pantes, mun manehna boga akses ka nu
boga duit (jeung dipercaya) teh. Lila di luar nagri, sakalina gawe teu weleh di
bank asing. "Yayasan ieu mah teu ngan ukur ngagugulung kalapa. Kagiatan naon
ge bisa, kaasup ngabiayaan kagiatan seni jeung budaya. Ngan, saheulaanan,
salaku pilot project LSM Kalapa eta," ceuk manehna.
Ari nu jadi titincakan manehna nyieun eta yayasan taya lian ti panyakit nu
masih keneh mahabu di urang: Korupsi. Ieu panyakit teh, ceuk manehna, lain bae
nalikung lingkungan pamarentahan atawa penyelenggara negara. Tapi, oge
masarakat. Kaasup kalangan LSM, nu sakedapan mah nyitrakeun diri -- malah
asbabun nujul-na ge harib-harib ka -- anti korupsi. )Ceuk manehna keneh, ku
alatan panyakit ieu, dana bantuan tsunami saalam dunya, nu 70% di antarana
diancokeun keur Indonesia, rada seuseut turunna. "Nu geus turun, ku taksiran
urang, teu nepi ka 30% tina MOU," ceuk eta batur. Nagara atawa lembaga donor
rada merod nohonan naon nu baheula geus disanggupan ku manehna. Lain embung.
Tapi, sieun eta dana atawa bantuan teh teu nepi ka jinisna. Da dicoceng,
dikorupsi, ku nu nepikeunnana -- boh LSM, boh lembaga pamarentah. Antukna,
lembaga-lembaga eta teh ati-ati dina ngucurkeun komitmenna.
Tah, kasieun siga kitu oge nu nyampak dina dana-dana nu diajangkeun ku
lembaga-lembaga donor di luar konteks tsunami. Dana bantuan keur Indonesia teh,
paling heunteu: nu bisa dipenta keur kapentingan Indonesia, cenah, pabalatak.
Bari teu bisa dilakonan ku cara G to G. Da hayang "civil society" tea, bari
"rada-rada" teu percaya ka pamarentah. "Jumlahna, itung bae: Mun tiap lembaga
mere bantuan, tong loba-loba, US$ 100 rebu we sataun. Kalikeun saratus lembaga
bae, aya kana US$ 10 yuta-na!," ceuk eta batur. Jumlah nu teu pamohalan.
Utamana, mun urang ngadenge yen dana sosial Gates Fondations bae leuwih gede
manan anggaran WHO. Encan sarupaning Soros, Ford, Prins Benhard, Prins Gantra,
jeung nu lianna.
Tapi, nya kitu. Eta dana teh teu bisa maksimal dimangpaatkeun. Da aya
handycap nu ngaranna korupsi tea. "Utamana korupsi di kalangan LSM," ceuk
manehna, teugeug. Nepi ka, imej LSM sorangan jadi goreng. Dianggap ngan tukang
nyieunan proposal, bari geus meunang duit, tapi euweuh prakna. Atawa, nu paling
ngenes kana ati: Tukang ngajualan jalma miskin!
"Analisis" eta batur teu nyalahan. Paling heunteu, lain pamanggih anyar.
Baheula, keur mahasiswa keneh, sawatara batur nu aktif di LSM pating harewos
ngeunaan "mafia LSM". Nu dituding jadi mafiana, taya lian ti Adi Sasono jeung
pupuhu LSM Dian Desa harita. Cenah, ceuk babaturan aktivis LSM tea, Adi Sasono
jeung Dian Desa lain bae ngamonopoli sumber-sumber pendanaan ti luar. Tapi, oge
teu transaparan dina perkara dana. Ku alatan teu transparan eta, tadi batur
nyebut yen dua inohong LSM tadi ngorupsi dana.
Tangtu bae, tudingan eta batur teh rada gagabah. Teu transparan, dina harti
teu nyebutkeun sabaraha, ti mana, jeung ka mana, can tangtu nyalikong atawa
korupsi. Bisa bae maranehna teu transparan teh ka eta batur. Tapi ka nu mere
duit mah, boa-boa, tiap menit mere laporanna teh. Malah, boa-boa manehna nyebut
"korupsi" teh pedah teu boga akses bae ka si sumber dana. Wallohualam.
Nu pasti, tuduhan yen LSM teu amanah teh terus aya. Contona, kadieunakeun,
perkara korupsi nu dituduhkeun ka LSM teh mucunghul deui. Utamana geus deukeut
ka Soeharto lengser. (Atawa geus lengser pisan, kitu? Poho deui). Majalah
tempat gawe kuring harita kungsi nulis ngeunaan LSM-LSM papan nama. LSM nu
meunang dana, tapi euweuh kagiatannana. Di Solo, nu jadi contoh harita, aya
nepi ka ratusna LSM model kitu (atawa nu dituding model kitu) teh.
Sabenerna mah, mun ku urang dititenan, LSM papan nama kitu teh (sigana) lain
di Solo bae. Tapi, di mana mendi. Enya, pan, bareng jeung hiliwirna angin
reformasi, masarakat urang siga asa aya nu kurang mun teu nyieun LSM teh. Geus
puguh ari mahasiswa mah. Ka, tukang-tukang cukur, ceuk paribasana, teu ku
hanteu nyieun LSM. Tangtu bae aya nu baleg, bener-bener LSM, aya oge ngan
sakadar LLSM-an. Ngan sakadar hayang gaya, jeung ...ngamangpaatkeun "dana
pembinaan" ti pemda atawa hibah ti lembaga donor.
Tah, mun teu salah inget, eta tulisan panjang teh jadi cover story.
Dirarangken ku kasus-kasus "korupsi LSM" lianna, kaasup perkara asal-usul dana
LSM, jeung kumaha sawatara LSM ngokolakeun eta dana. Mun teu salah deui bae,
kasus nu disabit-sabit teh kaasup kasus nu kungsi tumiba ka KIPP. Harita,
Mulyana W.Kusumah, nu jadi salah saurang pangurus KIPP, dituduh teu bisa
mempertanggungjawabkeun duit nu "dicekel" ku manehna. Ngan, teuing kumaha, siga
nu lianna, isu ngeunaan duit KIPP eta teh pareum. Sigana mah, kalangan LSM
sorangan mareuman eta isu. Solidaritas, bari -- meureun -- sieun meulit ka LSM
lianna. Wallohualam deui bae.
Leuwih beh dieu, aktivis LSM nu dituduh nyalikong duit teh Irma Hutabarat.
Pajar teh, Irma nyelewengkeun dana penanggulangan banjir sakitu miliar. Siga
dina kasus KIPP jeung kasus-kasus lianna, tudingan ieu teu nepi unggah bale
watangan. Eureun ku penjelasan Irma ka Sutiyoso. Sanajan, beda jeung KIPP
atawa nu lianna, duit nu ditudingkeun ka Irma teh duit nagara. Duit Pemda DKI.
Paling beh dieu, nu diwartakeun ngorupsi duit LSM teh barudak AJI, si Lukas
Cs. Deui-deui teu manjang "carita"-na. Wasalam ku katerangan si Lukas Cs.
Eta sawatara conto nu kungsi muncul di media. Sanajan, aya deui modus korupsi
lian nu dilakukeun ku LSM: Meres pengusaha jeung pejabat. Enya, meres. Eta bae,
kamari, basa rek HBH Kusnet, di Lembang, kuring nyimpang ka babaturan nu jadi
kontraktor. Ditanya keur boga gawe naon teh, manehna karah ka humandeuar.
"Susah, Kang, ayeuna mah. Loba teuing bebegigna. Ti mimiti pejabat, LSM, jeung
punten bae: wartawan. Kabeh menta bagean. Menta uang preman!," ceuk manehna.
Caritaan eta batur teh teu aneh. Ti Purwakarta keneh kuring geus "ngambeu"
"data" siga kitu. Enya, waktu ulin ka kantor perwakilan hiji koran, kabeneran
keur ngarumpul. Salah saurangna, nya aktivis LSM. "Ah, abdi mah kieu we.
Kerjasama sareng pers," ceuk eta aktivis. "Aya nu nyeleweng, sikat," tambah
manehna. Nu dimaksud "kerjasama" jeung "sikat" teh kuring geus surti: Meres.
Manehna silih bantuan dina ngumpulkeun data jeung wartawan, terus ditulis dina
koran. Sakapeung, manehna ngerahkeun massa. Ambeh leuwih katingal enya.
Udagannana lain sangkan masalah jadi bener. Tapi, nya "uang preman" tea.
Tangtu bae teu kabeh LSM, oge wartawan, korup siga kitu. Ngan, mun urang
percaya kana omongan babaturan nu ilubiung dina LSM Kalapa tea, nu polahna siga
kitu kaitung loba. LSM nu ngan saukur neangan duit, lain memener nu salah,
atawa ngabantu jalma leutik luyu jeung paniatannana.
Balik deui kana jejer tulisan, lain maksud kuring nyaram aktivis LSM -- oge
wartawan -- neangan duit. Pan, maranehna ge sarua dalahar keneh. Butuh kejo,
butuh sapatu, perlu HP, butuh ngafe. Ngan kudu puguh aturannana. Malah,
munasabah pisan, siga pejabat nagara, atawa wartawan, oge guru, maranehna
meunang gajih nu gede. Ngahaja make istilah gede, lain "cukup". Ambeh teges.
Lain nanaon. Ambeh maranehna tonggoy kana pagaweannana atawa tugasna. Teu
kaganggu ku duit nu lain hakna, nu sakapeung teu sabaraha.
Matak, reugreug oge ngadenge gajih hiji babaturan nu jadi pupuhu hiji LSM
nepi ka puluhan yuta. Kabuktian, manehna mah galak teh bener-bener galak. Lain
ngarah "uang preman". Komo, komisi atawa sarupaning kick back mah.
Lian ti kitu, hade pisan mun hiji LSM ngalaporkeun keuangannana tiap taun.
Siga nu katingal dina Kompas poe ieu. Enya laporan keuangan LBH. Sanajan teu
kabeh masarakat bisa maca neraca pembukuan siga kitu, paling heunteu, ceuk
kuring, asas transparansi jeung akuntabilitas geus kahontal. Pan dina laporan
eta ge disebutkeun ti mana maranehna meunang duit, jeung dipake naon bae.
Leuwih alus deui mun maranehna oge bisa ngebrehkeun sarupaning gajih
pangurus-pangurusna. Supaya ulah aya fitnah jeung suudzon. Saha nu nyaho
manehna geus beunghar ti buyutna keneh? Ayeuna, saprak gawe di LSM, make
Terrano? Nya, munasabah bae. Ku ngembrakkeun gajih pangurus, oge, urang bisa
ngira-ngira naha pantes heunteu gajih maranehna "sakitu" -- bari anggaran keur
kagiatan utamana ngan "sakieu"?
Tapi, pan teu kabeh LSM boga sumber pendanaan nu hade siga LBH, Walhi,
Kehati, atawa 68H? Teu saeutik nu ngan ngandelkeun "uang pembinaan" ti pemda.
Tah, husus keur LSM "gurem" siga kieu, naon salahna nyieun unit usaha. Maenya
aktivis bisnis? Eh, manan meres?
Enya ari alusna mah, idealna, LSM -- siga wartawan -- tonggoy bae jadi "watch
dog". Tapi, mun can kaduga jadi LSM "papan atas" mah, ceuk kuring, naon salahna
oge baroga "sayap bisnis". Kituna ge bari cara jeung lokasi usahana teh
diteangan, nu teu matak paketrok kapentingan. Urang aktif dina widang
lingkungan di Ciamis, nya ulah bisnis binih pepelakan -- komo jadi makelar
tanah mah. Nya muka jaringan warnet atuh? (etah, si kasebelan, geus kanu warnet
deui bae. Na, mani siga nu obsesif kitu, nya?). Jeung tong di Ciamis deuih muka
usahana teh. Di Serang atawa di Lampung, sugan.
Intina mah tong nepi pakojot bae: Ongkoh pupuhu LSM, oge direktur PT Anu. Poe
ieu direktur, mangsa teu boga order pupuhu LSM -- nu mingpin demo ngeunaan
masalah nu pakait jeung bisnisna. Sigana, cukup ngan jadi pemegang saham bae.
Bisnis mah serahkeun bae ka batur nu bisa dipercaya.
Eh, justru jadi aktivis teh ku alatan teu boga gawe atawa teu boga modal?
Wah, mun kieu alesannana, nya kuring ge teu bisa ngacaprukna. Paling ge
nyarankeun tong jadi aktiivis bae. Mending ngilu pilihan lurah sakalian. Sarua
mulya jeung barokahna, ari baleg mah. Paling heunteu, gajihna geus jelas: Beas
hasil sawah desa.
Ngeunaan modus sayap usaha tadi, sakanyaho kuring, kungsi dilakukeun ku LBH
(Jakarta) sorangan. Paling heunteu waktu dipupuhuan ku Nursjahbani
Katjasungkana. Harita maranehna boga kantor lawyer nu sipatna komersial, di
wewengkon Blok M. Sanajan eta kantor pengacara nu "komersil" teh teu bisa
disebut organ resmi LBH, tapi nya sawatara lawyer LBH "garawe" oge di eta
kantor.
Alesannana, dina seuhseuhannana teu sakabeh nu datang ka LBH jalma miskin,
lapisan masarakat nu jadi target utama kagiatan LBH. Oge, nya keur
ngahangkeutkeun karaharjaan pagawe-pagawe LBH sorangan. Ongkoh, harita "dana
pembinaan" (bantuan) ti Pemda DKI dikurangan. Beda jeung Ali Sadikin, nu
ngabeayaan eta lembaga teh sangkan maranehna bener-benar galak, paling heunteu
jadi partner kritis pemda; pamarentahan nu kadieunakeun mah siga nu sabalikna.
Pan, nepi kiwari: Kacirina, pamarentah mere "dana pembinaan" teh sangkan bisa
patingkiceup jeung LSM -- teu beda jeung "kadeudeuh" nu jadi jatah sawatara
wartawan ti humas-humas pamarentahan -- nu bisa ti kelebuh kana korupsi
berjamaah tea.
Mungkas ieu pangacaprukan, kuring rek ngajak nabeuh maneh. Tadi mah Pa Ali nu
dijadikeun conto pamarentah nu hade teh. Ieu mah ngeunaan transparansi LSM tea.
Tah, dina hal ieu urang, urang Sunda, kudu bangga. Utamana, mun Yayasan Rancage
ku urang rek dianggap LSM. Ari banggana, pedah, baheula, panitia KIBS, nu
diluluguan ku Yayasan Rancage, oge ngalaporkeun keuangannana dina laporan
kagiatannana. Teuing pedah di dinya aya Pa Erry (Riyana Hardjapamekas), Wakil
Ketua KPK, salah sahiji inohong nu kungsi dileler Hadiah Hatta, nu oge kungsi
dijagokeun waktu kalangan budayawan neangan jalma nu pantes keur ngurus Yayasan
Kesenian Jakarta? Teuing nurutan MJ nu teu weleh ngalaporkeun keuangan Yayasan
Perceka? Teuing.
Naon bae alatannana, nu pasti, transaparansi jiga kitu teh bisa nambah
kapercayaan jalma loba ka hiji lembaga nu ngokolakeun duit publik. Cag, ah! Nu
ngajemput geus datang, euy!
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/