Saha nu terang sabab sabab na, Baheula "semenanjung Indonesia" kalebet oge "semenanjung malaysia" disebat sunda ageung jeung alit ?? Aya sajarawan anu tiasa ngungkapeun ieu ?? Leres ieu teh ngan masalah "terminologi" hungkul atanapi aya pangakuan kana sajarah sunda anu ageung ??
Dina buku sajarah nu kapengker abdi pernah maca yen, Sumatra (include Malaysia), Kalimantan (include malaysia), Sulawesi sareng Jawa (ayeuna), disebatkeun SUNDA AGEUNG. Pulau2 alit dibelaheun timur jawa, bali, NTT/NTB, timor sareng Irian (upami teu lepat) disebatkeun SUNDA ALIT. Dina bahasa Perancis, SUNDA AGEUNG disebatna "les grandes Iles de la sonde". SUNDA ALIT disebatna "les petits iles de la sondes". Aya sajarawan anu tiasa ngajelaskeun ieu ?? Naha urang bule wantuneun nyebatkeun yen, Indonesia sareng Malaysia nu kapengker teh SUNDA AGEUNG sareng SUNDA ALIT. Enya bener eta teh kasalahan kolot urang nu baheula (sareng urang bule nu baheula). Upami aya nu nyebatkeun eta aya kasalahan, Naon dasar na ?? Naha dina buku2 Sajarah Indonesia nu ayeuna "istilah terminologi" ieu, saolah2 disumputkeun. Naha ayeuna Indonesia, sok disebat2keun NUSANTARA. anu kalebetna pamanggih GAJAHMADA (nu sajabana teu berhasil maksadna alias cacak hukum) da di u-udag ku pamarentah MAJAPAHIT. Sanes eta teh upaya kanggo ngalihkeun peran urang SUNDA ?? Supados urang sunda teu uningaeun kana SAJARAH-na ? Sok ahh urang harudang.... __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
