Palawargi, punten ngiring ngacapruk. Ngan ambeh siga, urang judulan we
kieu:
"Pornoaksi, majalah playboy, jeung tukang baso"
Rada jauh geuning babandingan teh. Naha bet ngabandingkeun baso kana
majalah jeung pagawean artis? Asa teu nyararambung.
Ngan keun we urang cobaan. Ari awalna mah pedah we aya informasi tina
koran-koran online ngeunaan masalah-masalah eta.
Cik urang nyobaan bahas perkara majalah heula. Pedah we leuwih haneut
tibatan baso panas.
Alesan ceuk sababaraha "pakar", cenah da teu kudu dihalang-halang kanu
kitu teh. Serahkeun we cenah ka konsumen, da konsumen oge geus darewasa,
bisa milih-milih mana nu alus jeung mana nu goreng. Jeung deuih lamun
dipikir-pikir deui, da geus lain barang anyar ayeuna mah ningali poto-poto
"syur" dina majalah atawa koran teh. Rea pisan dijual di sisi jalan. Teu mikir
hareupeun sakola barudak atawa hareupeun kantor-kantor.
Teu aya masalah geuning. Pon kitu deui da teu aya oge geuning anu
nepi ka demo jang ngusir nu ngajual koran. Jadi ayana majalah playboy mah ngan
ukur "panglengkep" perpustakaan.
Meureun, ngarah bangsa urang katingali leuwih maju. Beuh....
Tah ayeuna kumaha ari pornoaksi tea?
Atuh deuih ceuk jelema anu pinter mah, urang teh tong "munafik" make rek
ngalarang-larang sagala. Ari resep mah resep we atuh. Kitu cenah.
Tah didieu mah asa rada biung. Bingung ku arti kata munapek tea. Meureunan
mun kitu mah eta para ulama teh marunapek. Bet make daek ngalarang nu
kararitu. Ngarah jauh tina munapek, meuning diantepkeun we. Kitu?
Beuh.. teuing ah rada lieur.
Jadi dua masalah diluhur teh meureun kudu disaring ku diri pribadi urang, anu
ngarana si konsumen tea. Memang beuki dieu beuki hese nyanghareupannana teh.
Komo lamun nyangkut-paut kana "kaamanan" kulawarga mah. Sieun engke lamun si
ujang dilarang ningali nu kararitu, beunang mamala ditungtut di pangadilan
pedah ngalanggar "hak azasi manusia".
Kumaha cenah ari jeung baso?
Apanan eta ceuk koran deui. Rame cenah perkumulam mang baso teh pararotes,
kulantaran aya hiji siaran dina tipi nu ngaguar "Pembuatan Baso Tikus". Deudeuh
teuing eta tukang baso. Nya atuh kumaha pamiarsa telepisi teu ka hipnotis, da
dipertontonkeun nyieunna kalawan eces.
Komo deui da ceuk urang mah beurit teh sato nu pikarujiteun jeung pikajijieun.
Cenah mah panghasilan para tukang baso teh turun nepi ka 70%. Mun bener ngitung
prosentaseuna, meureun biasana sapoe teh aya 50 urang nu jajan baso ka Mang
Paijo, atuh ayeuna mah ngan ukur aya 15 urang. Eta ge meureun mareulina ngan
satengah porsi da rada mangmang.
Beurit teh ceuk urang lain sato nu layak didahar. Cenah mah haram keuna ku
hukum "menjijikkan". Kuring rada bingung oge yeuh.
Heueuh, jiji teh jiji ceuk saha? Apanan relatip ari ngeunaan perasaan mah.
Ehh.. lain kitu! Tong sok nuduh-nuduh kuring resep daging beurit!
Ngan ieu mah mun dibandingkeun jeung tutut, apan meureun sarua menjijikan ceuk
batur mah? Kuring beuki we apan? Meureun mun aya baso tutut rek dibeulian ku
kuring.
Tah lamun ngabandingkeun jeung bahasan saacanna, atuh ari kitu mah urang
serahkeun we ka konsumen. Ngan tukang basona kudu jujur.
Dipasang we sing gede dina roda baso teh tulisan "BASO TIKUS SPECIAL". Anu rek
meuli pek, anu embung ulah maksakeun. Komo deui bari ngabuburak mah., bisa
ditungtut ngalanggar hak ajasi manusa. Pan lain hiji dua oge di urang restoran
anu ngahidangkeun baso bagong. Asa euweuh nu protes lin?
Sigana mun kitu mah, para tukang baso teh moal ngalaman karugian siga ayeuna.
Hawatos atuda, eta tukang baso teh meureun kudu puasa gara-gara euweuh nu
meuli. Deuh karunya teuing.
Cag.....
Yudi.
----------------------------------
My links:
www.fisika.unpad.ac.id
www.physik.uni-kl.de/urbassek
360.yahoo.com/yudi_rosandi
----------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Photos Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and well bind it!
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/