Mendak John Lennon
"Rumentang rek dijual, AACC dipake peringatan maotna John Lennon. Urang sunda
kudu brgerak," ceuk eta SMS. "Na, make kudu riweuh? John Lennon ge urang Sunda,
lin? Bapana ti Cicadas, emana ti Malimping", walon kuring. Teu lila, kurunyung
deui SMS. "Serieus, euy. Jam sabaraha rek ka Bdg?". "Urang ge serius. Rek
naon ka Bdg? Anggota DPRD lain, walikota lain, KTP ge teu boga. Jeung keur boga
gawe. Pamajikan hayang Alpahrd," ceuk kuring. Dikitukeun teh eureun tah
eta batur. Teu nga-SMS deui. Malah, nu biasana sok ngirim email ge, ngabejaan
hasil gempungan atawa nagalaporkeun perkembangan hiji perkara, euweuh pisan.
Teu jadi "brgerak"na meureun. Atawa, tayohna mah keuheul pisan. Pedah ku kuring
disungkun siga kitu. Kuring sorangan sarua: Keuheul, nyungkun kitu teh.
Lain bae sagala sok disunda-sundakeun, sagala urusan make alesan "kapentingan
urang Sunda" atawa "Sunda", tapi oge sok reaksioner. Gujrud lamun geus
kajadian. Bari, teu puguh tea. Geledug ces. Mimitina mah
rame, pahibut, siga Walanda geus nepi ka Cimindi, kabeh kudu ngilu riweuh.
Geus kitu mah lep bae adem ayem deui. Sakalina panggih ge, ditanya ngeunaan hal
eta, siga nu euweuh naon-naon. Siga nu teu kungsi riweuh ku soal eta. Jadi
sangeuk ngalayannana. Ongkoh, ti iraha mula kuring geus ngusulkeun: Jieun
organisasi atawa forum masarakat kasenian. Ayakeun gempungan nu rutin. Dina
gempungan eta, sawalakeun ngeunaan kaayaan kasenian atawa kahirupan
pamarentahan nu aya. Kaasup, kumaha ngokolakeun tempat-tempat publik siga AACC
kitu. Tong, ribut mun geus kajadian. AACC dipake kariaan pangurusna, ribut.
Padepokan Seni rek dirobah jadi toko karajinan, pahibut. Taman Budaya teu
merhatikeun senirupa kontemporer, ngagorowok. Festival Dago ngan ngabaribinan
urang Dago, ngutruk. Haul Asia Afrika teu nyabak hate urang Sunda alatan nu
ngacapi dina eta kariaan lain urang Sunda pituin, jamedud. Lieurrrr!
Tapi, da saha kuring meureun? Usul teh teu matih. Pajarkeun teh, kuring ngajak
popolitikan. Sok mamanejemenan. Pupujieun. Ongkoh, ceuk maranehna, kasenian
mah teu kudu make manajemen. Teu kudu diatur-atur. Komo make organisasi sagala.
Sina ngagorolong bae kuma karepna. Jeung rieut we... Komu kudu make kongres
sagala mah. Kudu aya panitia, engke aya ketuana. Kudu itu, kudu ieu. Matak
rieut! Dewan Kasenian Jawa Barat ge nu, cenah, boga anggaran miliaran teu jelas
alpukahna. Kitu ceuk maranehna. Kaharti ari tina kituna mah. Lian ti
frustasi ku kaayaan nu nyampak teh, sawareh mah geus ti dituna memang teu
percaya pisan ka na sarupaning organisasi teh. Dalah, keur maranehna mah, tong
boroning kasenian. Kahirupan ge teu kudu diatur-atur. Antep bae kuma karep.
Malah pamarentahan ge bubarkeun wae. Euweuh mangpaatna. Ngan ngaririweuh jeung
meakkeun duit nagara wungkul. (Bari, sakapeung, sawareh mah sok ngeteyep ka
Disbudpar, ka kantor Gubernur. Mikeun proposal. Na, ari sia?). Ari kuring
siga budak beger. Asa kamari panggih jeung Dr. Cipto, atawa jeung
Setiabudhi-na pisan. Teu sadar jaman geus obah. Sagala teh (siga) kudu puguh
organisasina, puguh manajemenna. Sanajan, lain rek migusti kana organisasi
atawa manajemen. Tapi, nya sangkan leuwih gampang jeung ngeunah bae. Pan ieu
mah tarekah urang sangkan hirup jadi leuwih ngeunah? (Atawa leuwih susah?)
Paling heunteu dina perkara kasenian atawa ngokolakeun fasilitas kasenian nu
sifatna publik, umum. Lain harti rek ngatur kumaha prak-prakan maranehna
berekspresi. Eta mah kuma karep teuing. Rek teterekelan dina tangkal kalapa
disebut kasenian, pek. Rek ngubur maneh disebut kasenian, hayu. Komo, mun rek
ngadon ngagoreng peuteuy jeung peda siga si Isa mah. Okeh pisan. Ngan,
ceuk pikiran kuring, organisasi di dieu teh nya hiji wadah atawa hiji forum
bae. Di mana, siga nu disigeung tadi, nyawalakeun perkara kasenian nu sipatna
pakait jeung kapentingan balarea, kaasup naon nu disebut seniman tea. Di
antarana, nya ngungkulan masalah nu nyampak siga ayeuna: Pantes heunteu AACC
dipake
mendak John Lennon? Bener heunteu Rumentang Siang kudu dipindahkeun? Ku naon
Babakan Siliwangi kudu tetep jadi leuweung? Sabaraha pantesna pamarentah kota
atawa provinsi nyadiakeun waragad keur kasenian? Kasenian naon bae nu pantes
dibantuan? Kumaha sangkan kelompok-kelompok seni nu aya bisa mandiri dina soal
beaya? Lian ti gedong nu aya, wangunan mana bae nu kira-kira bisa dipake keur
kapentingan kasenian? Jeung sawatara soal lianna. Pokona mah, nya nyawalakeun
soal kahirupan kasenian bae. Pan geus aya pamarentah? Justru ituh,
Sodarah. Matak nyodorkeun pipikiran siga kieu teh kamampuan pamarentah can
nyugemakeun. Kudu dibantuan ku urang-urang. Paling heunteu, nya keur ngawasi
tea. Bisi maranehna kalalanjoan atawa teu malire kapentingan kasenian tadi.
DPRD atawa Dewan Kasenian pisan? Heueuh sarua. Maranehna ge kudu dipalirekeun.
Tong nepi ka teu puguh siga ayeuna. Da mun baraleg mah lain bae moal ngacapruk
nepi ka dieu. Nu ngaranna reformasi ge teu kudu aya. Jeung deui,
dina paningal kuring, nu ngaranna Dewan Kasenian Jawa Barat, oge Dewan
Kasenian nu aya di tempat lain, umumna ditunjuk ku pamarentah atawa badan-badan
semi pamarentah. Paling heunteu ku lembaga super siga AJ (Akadem Jakarta) dina
ngangkat DKJ (Dewan Kasenian Jakarta). Pondokna mah top down tea. Ari
pamarentah tea pan sok asa pangnyahona atawa limpeuran pisan. Nu ditarunjuk
teh, nya nu dipikawanoh ku maranehna bae. Teu dipalire, kumaha-kumahana eta
calon anggota teh. Naha, diambeuan heunteu ku seniman-seniman lianna, nu araya
di handap -- boh kainohongan aranjeunna dina widang kasenian atawa integritas
moralna pisan. Siga nu asal padu aya bae. Matak, nya euweuh mangpaatna keur
kahirupan kasenian sorangan. Keur ngingkahan hal eta, nya ngaliwatan
organisasi atawa gempungan masarakat kasenian tea. Prak-prakannana? Nya
kumpulkeun bae kumna jalma nu boga karep dina widang kasenian. Boh ti masarakat
umum, organizer, kritikus, pemerhati, perguruan tinggi atawa kalangan
pendidikan,
pers, agamawan, kalangan bisnis atawa pengusaha, kalangan industri, jeung
senimanna sorangan, oge wawakil ti pamarentahan. Kituna teh bari merhatikeun
perkara keterwakilan wewengkon -- wakil kalurahan, misalna, mun keur ukuran
Bandung. Oge disiplin kaseniannana. Ti mimiti nu disebut seni
buhun/tradisional, modern, nepi ka naon nu dianggap seni kontemporer tea.
Dina forum eta disawalakeun pasoalan nu aya. Kaasup program, kawijakan dina
widang pajak, saha nu kira-kira pipanteseun jadi anggota Dewan Kasenian, mun
pamarentah rek nyieun fasilitas kasenian anyar di mana alusna, jste. Keur
prak-prakanna sapopoe, nya kudu aya nu nungkulan. Nya ieu, ceuk kuring, nu
disebut Dewan Kasenian teh. Ku cara nu sipatna bottom up ieu, eta batur
nu dicaturkeun dina awal pangacaprukan teu kudu miceun pulsa keur misoal mendak
John Lennon di AACC. Da, kabeh geus nyaho atawa ngarti ti anggalna. Kaasup
fungsi, "core", atawa "positioning" na hiji tempat publik siga kitu. Pan, tina
ngaranna
ge, AACC, eta tempat teh lain ngan keur saukur mintonkeun degung atawa seni
Sunda lianna. Tapi, "culture" Asia jeung Afrika. Ari John Lennon? Nya, rek di
mana deui? Di Taman Budaya? Dicarekan ku kulawarga Pa Soeharsono Sagir. Di GOR
Saparua? Ti baheula keneh almarhum Harry Roesli kukulutus eta tempat teu cocok
keur maen musik. Da, enya. Eta mah paranti basket paragi badminton. Di Sabuga?
Boa-boa geus aya nu nyewa. Atawa, nu pangpantesna, nyewana mahal. Pan, eta mah
kagungan ITB, paguron luhur nu otonom tea, nu hartina kudu oge neangan duit
sorangan. Ongkoh, pan, tadi geus disebutkeun: John Lennon teh lahir di
Transvaal, Afrika Selatan. Masih kapiraina Pangersa Nelson Mandela. Mung ti
aalit dirorok ku kapininina di Senegal, nu kantos dibenum janten Atase MIliter
Filipina di Kanada. Ari diajar ngeben (main band) mah nya ti Mang Uking sareng
Gan Mahyar. Mung, diteraskeun ngaos di Gentur. Malih tos kenging ijajah ti
Pangersa Ajengan Holil, di Cikeusik. Ari mamaosna mah ngalap
katiasa ka Ajengan Kodri, di Bandar Lampung. Jadi, jelas yen...kuring
ngacapruk! Ngacapruk atawa heunteu, nu jelas cara-cara nu bottom up tadi
katingalna kiwari dilakukeun ku AJ dina milih pangurus DKJ. Sanajan masih dina
raraga "yang bukan penyair, tak ikut ambil bagian". Ongkoh, pipikiran kuring ge
teu leupas tina kasus DKJ. Hasil ngobrol jeung sawatara batur, baheula, basa
DKJ rek nyanghareupan periode Ratna Sarumpaet. Malah kungsi diobrolkeun jeung
sawatara anggota AJ. Hartina, teu pamohalan, mun dina haul atawa mendakna John
Lennon ieu, AJ oge ngilu ngacapruk siga kuring. Naon hubungannana? Jelas
euweuh, kehed! Jeung sagalana teh make kudu aya hubungannana bae. Barina ge
kuring rek anggeusan heula. Nu rek ditepungan kapalna geus datang.
Cengkareng, tilu poe satutas Mieling Mendakna Pangersa John Lennon nu ka 25, 4
Desember 2005.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/