DVD Bajakan
Rada era oge maca Bisnis Indonesia poe ieu, Rebo, 18 Januari 2006, kaca T3.
Disebutkeun, pamarentah leungiteun pajak nepi ka Rp 10 triliun ku alatan ayana
DVD bajakan. Komo, kamari kuring narima undangan ngeunaan seminar pajak. Dina
panganteurna disebutkeun, pamarentah ngandelkeun panghasilannana tina pajak
nepi ka 60%. Teu aneh, mun jalma siga kuring nepi ka "diaku", "dijelemakeun":
Dibere NPWP jeung dititah...ngilu seminar!
Rada era teh lain ku nanaon. Pedah bae kuring rumasa salah sahiji jelema nu
resep, jeung diuntungkeun, ku barang bajakan. Da, murah tea. Coba bae, di
hareupeun stadion Menteng, Jakarta, nu ngaranna DVD teh ngan Rp 5 rebu sasiki!
Nu aslina, nu orisinil, bisa nepi ka Rp 250 rebu. Malah sakapeung aya nu nepi
ka Rp 300 rebu. Ari ieu? Ngan 5% tina harga "resmi"! Rek teu murah kumaha?
Kituna teh, siga nu sok dibeulian ku kuring ka ayeunakeun, loba nu mangrupa
much in one. Nu hiji CD eusina bisa nepi ka 10 film! Hartina, ngan 0,5% safilm
-- tina harga CD asli. Matak, sanajan teu matuh, sakali meuli film teh kuring
sok rada "kokomoan". Nepi ka 10 CD, nu lolobana samodel much in one eta.
Pokona mah asa ceuyah-lah.
Sakalina euweuh gawe atawa hulu geus pegel, sok ngagoler di hareupeun TV.
Lalajo film. Kalan-kalan mah film teuing ka mana, kuring geus ngaguher.
Hudang-hudang kageuingkeun ku adan subuh, bari parabotan can diparareuman.
Atuh, subuh-subuh keneh pamajikan geus kukulutus. Pajarkeun teh kuring teu
nyaah kana barang. Ngadenge kitu, kuring mah sok api-api teu ngadenge.
Gura-giru bae ngamparkeun sajadah. Salat subuh. Ku cara kieu dua hal bisa
kalakonan: Nohonan piwarang Anjeunna jeung ngeureunkeun nu kukulutus. (Duh,
Gusti punten pisan, salat teh karah ka dipake nyumput).
Film-film nu baheula, keur SMA atawa mahasiswa, ngan saukur ngadenge, atawa
lalajona kudu ngadangkal ka Decenta, malah kudu ka Jakarta pisan, ka TIM atawa
ka imahna Sardono, atawa nungguan acara di Liga Film Mahasiswa ITB atawa di
CCF; ayeuna pabalatak meh di tiap emper toko. Ti mimiti film "klasik" kawas Ben
Hur, The Sounds of Music, The Godfather, Legends of The Fall, nepi ka film-film
Kurosawa atawa sarupaning "film-film Festival". Kabeh aya. Nu euweuh teh ngan
film-film Zhang Yimao bae. Kitu ge tayohna, ketang. Jeung nu mangrupa DVD. Da
ari nu mangrupa VCD mah kuring kungsi meunang sawatara di antarana -- asana mah
kari Red Shorgum bae nu can boga teh. Ongkoh, sanajan hayang, kuring tara
maksakeun teuing kukurusukan ka Kota.
Lian ti pabalatak, nu matak helok kuring, film-film nu dibajak teh lain bae
film-film nu geus heubeul. Oge nu alanyar pisan. Malah, tong boroning nu can
diputer di bioskop, nu can dipreviewkeun ku nu ngedarkeunnana ge, eta film teh
geus nyampak di tukang-tukang DVD bajakan tadi. Contona, The Memoirs of A
Geisha. Asa karak kamari eta film diwartakeun di media. Tapi, kuring geus meuli
eta film dua atawa sabulan ka tukang. Tangtu bae dina wangun DVD bajakan.
Pon kitu deui film-film lianna. Di koran atawa televisi can disebut-sebut,
kaasup di Amerikana pisan, di urang geus nyampak bajakannana. Matak, basa keur
gawe di majalah keneh, kuring sok mesem bae mun aya budak nu mulang ti acara
preview ngadon alewoh ngeunaan film nu dilalajoannana. Lain nanaon. Kuring geus
lalajo eta film, tina VCD bajakannana, dua bulan atawa tilu bulan ka tukang. Ku
alatan kitu, kuring tara diondang deui ka acara-acara preview kitu teh. Da,
sakalina diondang, kuringna tara datang. Keur naon? Geus lalajo ti iraha
mula... Jeung geuleuh bae, waktuna teh sok isuk-isuk. Ngangganggu waktu sare
kuring!
Matak, minggu kamari mah rada keuheul. Datang ka Menteng rek balanja,
singhoreng nu daragang DVD teh suwung. Euweuh hiji-hiji acan. Sugan teh pedah
kamarina geus Lebaran Rayagung, nu daragang teh palere. Basa lebaran kamari,
oge keur poean Natal, katingalna nu daragang teh teu palere. Padahal, maranehna
teh urang Batak, nu pipanteseunnana urang nasrani. Ayeuna meureun perena teh,
ceuk pikir. ยจ
Tapi, basa pangangguran ditanyakeun ka tukang parkir, singhoreng kamarina
geus aya operasi. "Dua orang dibawa ke Polsek, Pak," ceuk manehna. Nyel
keuheul. Hanas ngadangkal indit ti imah, budak hayang ngilu ge dicaram. Da,
hayang jongjon. Ari ieu? Mangkaning geus "lila" teu meuli film. Panganyarna
teh, nya mangsa Natal bae balanja teh. "Tapi, agak malem juga buka, Pak. Jam
9-an," ceuk si tukang parkir. Ah, sarangeuk ari kudu balik deui mah. Belenyeng
ka Jalan Sabang. Ditingali teh DVD-DVDna nu sarupaning single, nu eusina ngan
sa-film. Kurang meriah.
Sajajalan ka imahkeun kuring kukulutus sorangan. Na, korupsi teh
ceuyah-ceuyah teuing?
Enya korupsi. Ceuk kuring mah, nya ku alatan pagebug korupsi nu matak kuring
ngarasa keuheul kawas kieu teh.
Ku alatan ayana korupsi eta, pausahaan-pausahaan nu ngedarkeun DVD resmi di
urang jadi teu efisien. Lian, oge nya ku sarakah bae. Hayang meunang untung
loba jeung gancang. Tuntungna, DVD-DVD resmi jadi "mahal". Ahirna, sawatara nu
dagang oge milu korupsi. Nyarieunan DVD bajakan, nu teu kudu mayar pajak atawa
royalti ka nu nyieun eta film. Antukna hargana murah. Ngan opat atawa lima kali
lipet tina ongkos produksi.
Alatan ku korupsi nu sarua, daya meuli masarakat urang jadi handap. Nya,
enya, mun korupsi bisa diteken, pungli-pungli bisa dihapus, pausahaan bisa
neken ongkos produksina. Bisa leuwih efisien. Di mana enya mahal ge, moal
karasa. Da, daya meulina alus. Harga Rp 250 rebu teh nya karasa murah bae. Tah,
daya beli alus ku alatan balarea bisa leuwih produktif.
Wangwangan kuring, ku alatan euweuh korupsi tea, kontraktor nu migawe jalan
atawa sakola, oge konsultan-konsultanna, bisa nyieun sakola atawa jalan teh
bener-bener "murah" bari alus. Teu jiga kiwari: Karek ge saminggu, ceuk
paribasana, geus runtuh deui. Atawa geus bolong deui. Atuh, kapaksa nagara teh
ngaluarkeun deui duit keur ngomean eta jalan atawa sakola. Coba mun duitna teu
dikorupsi, naha ku cara meleg-meleg atawa korupsi nu "prosedural", nu katingal
ilahar, luyu jeung prosedur, tapi ti keur dirarancang keneh sabenerna geus
"diembohan", geus teu efisien. Tah duit ladang efisiensi eta, nu teu dikorupsi
tadi, bisa dipake keur ngawangun fasilitas lianna, nu bisa ngaraharjakeun
balarea. Naha mangrupa sakola anyar, pabrik anyar, atawa hal lianna.
Eta bae, trotoar di hareupeun imah teh asa karak taun tukang dibenerkeun. Ari
kamari geus dibenerkeun deui. Malah desain jeung bahanna diobah pisan. Nu
tadina make paving block, diganti ku pelur, "K2", diguratan ku batu laleutik.
Ku naon, teu sakalian nyieun trotoar teh nu alus, nu bener, nu teu kudu
diome-ome nepi ka saratus taun mah? Bisa jadi hargana leuwih mahal, tapi, ku
cara kitu, anggaran nu aya teh bisa dipake keur nu lian. Naha nyieun trotoar di
tempat lian, atawa nyieun solokan pisan.
Tapi teuinglah. Eta mah Pa Erry bae jeung Kang Tirta nu mikiran. Kuring mah
rek ngacapruk deui bae ngeunaan DVD bajakan, jeung karugian nagara nu diwawaas
nepi ka 10 triliun tea. Enya diwawaas. Sabab, lain bae jumlah DVD bajakan nu
teu jelas datana. Tapi, karugian nu cenah jumlahna nepi ka Rp 10 triliun tadi.
Soal jumlah ieu diwawaas, dipapantes, atawa diasumsikeun mun jalma loba meuli
DVD orisinal tadi. Tapi, alatan daya beulina handap, saha nu daek meuli film nu
hargana Rp 200 rebu? Mending meuli togel! Saha nu nyaho meunang nu opat angka!
Hartina, sanajan DVD bajakan bisa ditumpes, can tangtu nagara meunang
tambahan Rp 10 triliun. Da, can tangtu aya nu meuli DVD resmi nu mahal tea.
Pan, pagebug korupsi masih mahabu? Ceuk Bang Mawi almarhum mah: "Ampun, dah!".
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Get the latest photos from your camera to your friends & family fast and easy
with PhotoMail from Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/