he..he..he... aeh... duka pedah namina sami pangintennya, da raraosan sim kuringmah asa 'saguru saelmu" sareng Kang MGT teh. Leres eta pisan anu dipimaksad ku pribados, "ngalatih Basa Sunda". kitu oge pedah rada keueung kanu ramalan Kang Ganjar, taun 2200 sunda mung aya dina catetan sejarah wungkul. Kumaha carana sangkan ramalan eta teu janten ngawujud taya lain kucara dangiang sunda, atanapi sora sunda kudu teras di dengung-dengungkeun, salah sahijina ku jalan sepertos seratan anu sae ti kang MGT, sareng seueur deui cara-cara anu sanesna.
Hapunten oge sateuacana ka dulur-dulur kisunda, khususon oga ka kuncen anu ngageugeuh ieu milis, sim kuring bade "nyeureudan", bade "ngosok-ngosok" bade "nyeuneuan" , bade "nyeukseukan" ka sakumna urang sunda, teu aya sanes supados sora sunda kadenge, sora sunda kedah mucunghul. Teras deui utamina budaya serat sinerat (tulis menulis) janten hiji budaya anu biasa di urang sunda. Hapunten deui bilih basa sunda sim kuring acak kadut, namina oge nuju di ajar deui. Balik deui kana jejer DVD bajakan, dinten minggu kamari sim kuring milarian DVD ka alun-alun bandung, pedah sieun kaburu beakeun lantaran bisi keuna rahasia dvd bajakan siga di jakarta, aeh geuning masih seueur keneh nu icalan, duka beungeut sim kuring rada "beungeut mesum", eta make ditawaran filem "semi" sareng "full" sagala. Sabaraha hargana ceuk sim kuring teh, lima belas rebu walonna. Eh paling oge tujuhrebu ceuk kuring teh. Sok atuh, saur anjeuna. Heunteu ketang, sayahmah parantos liren nongton filem-2 nu kitu teh. Nya atuh kagok geus nanya, sim kuring meuli filem "lord of the ring" (tilu seri dina hiji dvd), jeung filem "james bond" pierce brosnan (6 filem dina sakeping). Mung cilaka hiji keping teh teu bisa di tongton sapoe jemput, kaduana janten jarang kaluar bumi, katiluna pamajikan janten osok sare sorangan; gara-2 jongjong nongton home-teater eta. Ku jalan teknologi anu maju kieu, kabuktian yen nahan diri, mangrupakeun hiji-hijina "kontrol" pikeun nahan arus globalisasi pornoaksi jeung pornograpi. Salam baktos. mz --- mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], Kang Maman > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > bilih wae ieumah teu aya batur catur, > > Nuhun, Kang. Nanging, tong ngaraos melang, pedah sim > kuring katingal > teu aya batur catur. Tadina ge ngacapruk bae. > Ngalelempeng uteuk, > atanapi ngabengkokeun pisan. Sakantenan ngalatih > Basa Sunda. > > Dialungkeun ka milis teh, nya etang-etang ngawiat > bae. Bari sugan-sugan > aya mangpaatna ka nu sanes. Teu aya harepan kangge > janten sawala. > > Nanging,hatur nuhun pisan kana pangangkeunna. > > Baktos, > Pun MGT __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
