Perang bubat mah, hiji kajadian sajarah nu kedah
ditampi ku urang sadaya. Percaya teu percaya. Tapi
kitu kajadianna.
Aya silsilah anu di damel sepuh (duka saha) nunjukeun
nami2 eta nu aya dina sajarah.

Ngan jalan-na eta sajarah teh kaluar ti pakemna.
Naha ? Da Gajah mada gagal nga-hijikeun nusantara, ku
sumpah palapa tea, dina sajarah Majapahit ge dibeberik
(ku lantaran Hayam wuruk teu damang, duka teh teuing).
Sunda Ngalahirkeun gegede di tanah jawa. Mataram nu
gede, sareng majapahit nu gede teh lahir-na ti Sunda.
Kitu deui Cirebon, sareng patagama-na Sunan Gunung
Jati.

Ngan jigana-mah siga urang kuningan teh...
ngrumasakeun cicing dina taneuh nu luhur sareng
lapang. Jadi sok Rumasa Gede......
Jadina nga-robah2 sajarah ku kahayangna sorangan.
(malah mah mungkin wae jiga Gajah mada, bener2 urang
jawa nu teu apaleun kana silsilah, jeung ambisius).





--- S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ngabandungan carita ngeunaan perang bubat moal
> anggeus-anggeus lamun teu ditanyakeun langsung ka
> pelakuna sabab masih loba keneh bebenangan caritana
> tina referensi anu nyieun carita tapi lain ti
> pelakuna. Sim kuring rek nanyakeun naha percaya teu
> urang sunda sarakti? percaya teu nu geus euweuh bisa
> dijadikeun bahan pertanyaan? tah lamun percaya urang
> sunda sakti naha bisa kabongohan sagala, apanan ari
> raja atawa jago mah pinuh ku kawaspadaan moal ujug-2
> indit seserahan lamun rek dihianat mah. Tah ngeunaan
> nanyakeun ka pelakuna pasti bisa urang ge sabab da
> ari manusa mah dijieunna oge ti nu maha langgeng
> nyaeta alloh tea, ayeuna jijieunan nu langgeng
> maenya rusak da ari sakanyaho mah nu rusak jeung
> euweuh teh ngan jasad na wungkul jeung nafsu ari
> kuring na mah nya masih keneh nyaksian meureun.
>   
> Sim kuring salah saurang nu teu percaya ayana perang
> bubat sabab sakanyaho sim kuring raja pajajaran teh
> raja nu weruh sadurung winara waspada permana tingal
> saciduh metu saucap nyata piraku nepi ka bisa
> dibongohan naha kawaspadaanna teh kamana mun nepi ka
> kitu mah, tong boro raja nu luhung ku elmu jembar ku
> pangabisa urang oge pan sok aya ari kereteg mah
> lamun aya nu kira bakal picilakaeun sok aya rasa eta
> teh.
>    
>   Jadi saenyana Pajajaran mah can kungsi kacaturkeun
> eleh atawa runtag da buktina di bandung mah can aya
> Jl. Majapahit atawa Jl. Hayam Wuruk komo Jl. Gajah
> Mada mah sabab ari 3 ngaran eta teh masih ti sunda
>    
>   Sakitu anu kapihatur hapunten bilih pedaranna
> kamana wae maklum lain ahli sastra sareng bilih aya
> nu ngaraos teu ngeunah ku ieu babasaan hampura.
>    
>   Sampurasun,
>    
>   
> sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Seu'eur sajarah anu digieun keur kapentingan jeung
> kauntungan anu  
> ngieun sajarahna, jadi sajarah anu can tangtu
> faktana teh ngan tolak  
> ukurna ti urang wetan wungkul keur
> keur tujuan ambisi ngajajah, yen saenyana  acan bisa
> ngajajah " ngan  
> sa ukur propaganda". Ku kuring ditngali geura "anu
> ngarana jago  
> kanuragan tara agul jeung angkuh".
> Anu leres- leres jago kanuragan tara gelut
> koroyokan, sorangan wae  
> bisa maehan saribu jelema. Elmu kanuragan masih
> menta tulung nu laena  
> moal dianggap hebat elmu
> kanuraganana. Kanuragan masih ngegembur ngagunakeun
> batur seuna paeh  
> eta manehna acan sakti, anu mantuan katipu seuna
> paeh di medan  
> perang. Lamun enya jago
> kanuragan "datang sorang ka tatar sunda" eta di
> sebut HEBAT lamun can  
> wani datangna sorangan ngarana KEOK.  Lamun
> koroyokan mah acan  
> disebut hebat komo deui dibantuan ilmu jin jeung
> setan mah teu kaci  
> atuh.
> 
> Ku kuring disimpulkeun dina sajarah anu jaragoan
> silat / penca  
> khususna urang sunda loba dimamfaatkeun ku urang
> wetan, contona dina  
> peperangan lain urang wetan nu loba
> di hareup ngalawan nu dianggap musuhna. Malihna US
> dijadikan alat  
> gempurna " ieu berlaku dina sagal widang, politik,
> eknonomi, sosial  
> jeung budaya.
> 
> Tingali geura dina mitos Kian Santang, Tajimalela
> jeung nu liana  
> maranehna hebat lamun gelut datang sorangan wae, teu
> kudu mawa  
> rombongan sagala. US sunda kaasup
> jelema siap perang "KUMAHA ENGKE" lain "ENGKE
> KUMAHA" jiga orang  
> wetan sieun rugi alias rugel hartana, hartina US
> wani ngorbankeun  
> NYAWA JEUNG RAGA oge HARTA, hiji deui jujur ka
> bina-bina ditambih  
> suci. Buktosna titel PENDEKAR KANURAGAN anu di ulik
> ku Dyah Pitaloka.  
> Ke geura tingali katukang yen Hayam Wuruk teh US,
> ari gajah mada
> ceuk urang cina batur kuring anjeuna  asal hongkong
> (punten wae upami  
> salah tafsir), nya tingali dina kahirupan kiwari eta
> urang sipit  
> seu'eur nganggo ngaran ningrat keur
> strategy bisnisna ( contona si Engkoh Lee gentos
> nami janten Raden  
> Ali ).
> 
> Catetan keur US dina hirupna: ka hiji aya anu nyepi
> sorangan jiga  
> kuring, ka dua aya anu osok misahkeun bari jeung
> ngocoblak, ka tilu  
> aya anu pa hare- hare wae, Ka opat aya anu
> padungdeng wae silih sabit paburencay, ka lima anu
> ngalompokeun keur  
> ngaelitkeun kalompokna.
> 
> Sakitu heula wae ti USA
> 
> yan nyc
> On Jan 21, 2006, at 8:54 PM, dede mariana wrote:
> 
> >     Mun, enya tea mah kungsi kajadian eta nu
> disebut Perang Bubat,  
> > jigana eta teh mangrupa "kagagalan diplomasi"
> mahapatih gadjahmada  
> > nu cenah sakti mandraguna bari ambisius "ngajajah"
> nagara-nagara di  
> > nusantara. Angot mun kitu mah sumanget
> kolonislisme teh alias  
> > ngajajah tea lain bae monopoli bangsa deungeun
> tapi oge geuning aya  
> > di sekeseler bangsa urang nyaeta di urang
> majapahit tea. Ceuk cenah  
> > oge mangsa harita tinggal raja sunda nu can bisa
> ditalukeun nya  
> > dicoba we diakalan ngaliwatan "diplomasi kawin
> mawin" tea tapi  
> > dasar gadjahmada nu ambisius tea campur jeung
> sumanget  
> > "overnasionalis gaya majapahit" jigana cadu we
> kana jalan diplomasi  
> > teh, nya ahirna perang rongkah bari teu saimbang
> di padang bubat.  
> > Jigana kabiasaan ieu teh ngawaris keneh ka bangsa
> urang ayeuna nu  
> > lolobana ngabisakeun otot batan uteuk, komo
> dikalangan tentara mah  
> > salila kumawasana Orba. Meureun kitu da ceuk
> paribasa ge di kiwari  
> > ngancik bihari tea. Mung katingalna mah naha
> Peristiwa Bubat teh  
> > fakta sajarah
> >  atawa ukur mitos? ah mangga we eta mah
> nyanggakeun ka ahlina  
> > kanggo ditalungtik deui. Ngan kungsi sim kuring
> maca sual Bubat ieu  
> > teh dina buku sajarah meunangna Muhammad Yamin.
> Kadieunakeun mah  
> > asana mah teu aya deui buku sajarah nu ngamuat
> sual Bubat nu  
> > dijerona nyaritakeun sual tiwasna Dyah Pitaloka
> tea. Ceuk cenah mah  
> > bisi ngajadikeun papaseaan panjang antara urang
> sunda jeung urang  
> > jawa. Padahal mun tea mah peristiwa eta teh fakta,
> nya teu kua kieu  
> > ditembrakeun bae, da katingalna mah boh urang
> sunda boh urang jawa  
> > ge ceuk kuring mah masih keneh baroga "akal sehat"
> moal ujug2  
> > papaseaan. Anggur mun enya tea mah pek dua
> sekeseler eta teh  
> > dialajar, metik buah tina eta peristiwa, naha ka
> hareupna bakal  
> > tetep jiga majapahit jeung gadjahmadana nu gila
> kakawasaan jeung  
> > mental kolonialis atawa rek jiga raja sunda cenah
> nu wijaksana  
> > (tapi babari katipu he3, enya kitu???). Tos heula
> ah.
> >
> >   Wassalam,
> >   ddmariana
> >
> >
> > mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Judul      : Dyah Pitaloka - Senja di Langit
> Majapahit
> > Penulis    : Hermawan Aksan
> > Penerbit   : C-Publishing
> > Cetakan    : I, Des 2005
> > Tebal      : 326 hal ; 17.5 cm
> >
> > Dyah Pitaloka, putri Prabu Linggabuana, raja
> negeri Sunda kerap
> > diganggu mimpi buruk dalam tidurnya. Dalam
> mimpinya ia melihat
> > matahari yang menggantung di atas cakrawala
> pelan-pelan terbelah
> > menjadi dua dan mencebur bersama-sama ke dalam
> laut yang mendadak
> > berwarna merah darah. Mimpi buruk itu terus
> mengganggunya semenjak
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke