Si Bonar
   
  Ambeh gampang, urang sebut bae Bonar. Kuring wawuh mangsa Habibie manggung 
jadi Presiden. Manehna, salah sahiji "wartawan" nu ngabantuan kuring nyieun 
hiji tabloid. Make tanda kutip teh, pedah bae maranehna leuwih deukeut ka 
abal-abal manan wartawan dina harti nu sabenerna. Nulis teu bisa, wawancara 
tara. Kartu pers jeung stiker PWI  we ngajegir sagede hihid na kaca mobilna. 
   
  Sanajan, husus si Bonar, kaweruhna ngeunaan dunya preman mah teu bisa 
disapirakeun. Utamana nu nyoko atawa sabudeureun Kota jeung Mangga Besar. Da, 
memang asal muasalna ti dinya. Malah, nepi ka kiwari, mun butuh peta atawa 
kasangtukang jalma-jalma nu kasangkut kasus BLBI, kuring sok mulungan kaweruh 
ti manehna. Lumayan. Paling heunteu keur informasi awal.
   
  Asalna mah, nya  ti Medan. Budak Padangbulan. Taun 1982, kungsi jadi petinju 
nasional. Jeung sawatara petinju senior, sarupaning Sjamsul Anwar, manehna 
wanoh pisan. Teuing iraha-irahana mimiti matuh di Jakarta teh. Ngan, ceuk 
carita jinisna, manehna langsung idek liher di Kota jeung Mangga Besar. Lian ti 
jadi tukang kepruk teh, oge sok dijadikeun kurir ku sawatara Cina Kota jeung 
Mangga Besar keur setor ka sawatara pejabat. "Saya pernah bawa duit satu ransel 
ke Ambon. Setor untuk perwira di Polda Ambon," ceuk manehna.
   
  Atuh, manehna apal pisan saha bae pejabat di Mabes Polri nu kungsi 
disakolakeun ku bosna. Si Anu Sespminna dibeayaan ku si Ieu, si Itu PTIK-na 
diwaragadan ku si Eta. Malah, saha bae kapolres nu ulangtaun anakna diayakeun 
di tengah laut ge manehna (siga nu) apal. "Kalau orangnya belagu, ya kita garap 
keluarganya. Isterinya kita kasih berlian, anaknya kita pestain di kapal 
pesiar...," ceuk manehna.
   
  Ari ka kuring mani siga ka pangagung. Akang deui, akang deui. Bari teu weleh 
nyebut "sumuhun" atawa "nuhun". 
   
  Tina kituna mah kaharti. Diheunteu-heunteu, kuring ti media nu “gede” jeung 
"bonafid". Ayeuna daek gaul jeung "wartawan" siga manehna. Atuh, manehna agul 
kacida. Asa dijelemakeun. Komo, sanggeus manehna ku kuring diajak wawancara 
Pangdam jeung Kapolda mah. Meh tiap ngariung jeung batur-baturna, eta 
pangalaman teh teu weleh dipedar. Sanajan, tangtu bae, hormatna teh ngan saukur 
luarna. Jero-jerona mah duka teh teuing.
   
  Jeung deui, ngaku ka kuring teh pedah guruna urang Sunda pisan. Urang 
Palabuan Ratu, urut dalang nu kungsi idekliher di Petak Sembilan. Enya, eta 
budak teh resep guguru. Nya, keur mageran dirina tina kadoreksaan batur -- 
meureun. Da hirupna teu leupas tinu kararitu. Didoreksa atawa ngadoreksakeun. 
Tah, di antara guru-guru kawedukan atawa guru spiritual nu geus didatangan ku 
manehna, nya urang Palabuan Ratu eta nu paling cop jeung manehna. "Saya sudah 
ke mana-mana, Kang. Tapi, tempat yang paling keramat dan guru yang paling top 
itu ya di Sunda ini. Daerahnya Prabu Siliwangi," ceuk manehna.
   
  Sanajan lain muslim, dina harti teu maca sahadat jeung teu disunatan, kana 
sarupaning wirid mah leket pisan. Sajadah, kopeah, jeung tasbe teu weleh aya 
dina mobilna. Ceuk manehna, meh tiap peuting ngadon wiridan. Ngamalkeun ajaran 
nu diturunkeun ku guruna tea. "Yang belum itu saya baca syahadat dan naik haji, 
Kang. Yang lainnya, saya udah Islam," ceuk manehna, bari tara tinggaleun nyebut 
"alhamdulillah", "barokah", jeung kocap-kocap Islami lianna. 
   
  Malah, ka kuring ge sok remen mere amalan-amalan. Ngan, kuringna teu parurun. 
Sanajan ditarimakeun, tara ieuh diamalkeun. Teu ngarti we, teu jelas sanadna. 
Ku kuring ditarima teh pedah ku hayang nyaho dunya manehna, jeung saukur 
ngaragangan, bari nambah kaweruh. Geus ilahar di kalangan nu kararitu, kaweruh 
sajarahna ge sok "pabaliut". Lain bae perkara mana dongeng  mana sajarah, tapi 
oge perkara ngaran atawa inohong-inohongna. Antara Borosngora jeung Sri 
Manarah, misalna, silih tumpuk. Pon kitu deui inohong-inohong lianna. Sanajan, 
geus bisa kajudi: Karamat-karamat nu aya di Jawa jeung Bali  geus kaaprak ku 
manehna. Kaasup karamat Eyang Sosro, Sosrokartono, lanceukna RA Kartini, nu aya 
teuing di mana (keur poho). Geus karuhan ari Eyang Suryakancana, Eyang 
Ranggagading, Eyang Jayaprakosa, Eyang Jatra, jeung karamat-karamat lain nu aya 
di Tatar Sunda mah. 
   
  Hormat ka guruna nu urang Palabuan Ratu tea teh enya-enya. Meh tiap malem 
Jumaah, keur kumaha atawa keur naon bae, manehna sok nyelang heula ka Palabuan 
Ratu. Kituna teh bari jeung sok maksakeun rebo ku babawaan. Naon bae nu bisa 
dibawa. Sakali mangsa mah, ku kuring katingali mobilna pinuh ku sirop jeung 
sarung poleng. "Biasa... Titipan dari orang Kota," ceuk manehna. Waktu lainna, 
nu dibawa teh embe hideung satilu-tillu. Diasupkeun kitu bae di jok tukang 
mobilna, sedan Datsun kaluaran heubeul.
   
  Nu oge kapiahengeun, keur kuring, sikepna nu embung nyusahkeun batur. Utamana 
kulawargana. Eta bae, ceuk manehna, mitohana lain sakali dua kali nawaran gawe 
nu leuwih   merenah jeung leuwih bisa ditarima ku masarakat. Tapi, manehna 
keukeuh embung. Lian ti geus ngarasa betah ku pagawean ayeuna, oge manehna 
kungsi nyeri hate ku polah mitohana. Mitohana, kaasup jelema aya. Malah adi si 
mitoha ieu jadi pangagung militer, jendral bintang tilu, mangsa Habibie 
manggung. Kawentar galak jeung "pinter". Sakalina kuring ngawawancara atawa 
nelepon teu weleh sentak sengor. Malum tangtara. Rada leahna teh, nya sanggeus 
kuring nyentak deui. Bari ngabolekerkeun alesan-alesanna nu teu asup akal. 
   
  Tah, nyaho anak awewena bobogohan jeung abal-abal siga si Bonar, nu sakolana 
teu tamat SMA-SMA acan, tangtu bae mitohana teu panuju. Nepi ka karawinna teh 
kawin lari tea. Teu dihadiran ku kolot si awewe.  "Dia datang ke rumah 
kontrakan kami, setelah kami punya anak, Kang. Tadinya, mana mau...," dongeng 
manehna. Nya, keur gawe jeung kuring, mangsa anakna geus tilu, kawin manehna 
disampurnakeun sacara adat jeung gareja teh. Lian ti karek boga duitna, 
mitohana karak sadar yen si Bonar, sanajan preman, lalaki nu miboga 
tanggungjawab ka anak pamajikannana.
   
  Keur usum Pemilu kamari, sanggeus lila teu panggih, aya SMS asup. Eusina, 
intina, ngajak kuring milih Megawati. Tangtu bae kuring nolak. Sudi najis. 
Boroning Megawati, Amien Rais jeung SBY ge kuring mah teu percaya. 
"Terimakasih. Semoga Anda cepat insyaf dari kekeliruan besar ini," walon 
kuring. Teu lila, nu ngirim SMS teh nelepon. Singhoreng manehna. "Wah, Kang, 
masa ajakan dari adik sendiri dibegitukan? Apa maksudnya? Di sini kumpul anak 
Banser ama anak PP," ceuk manehna, semu ngancam. 
   
  Kuring rumasa oge. Walonan kuring heuras teuing. Ongkoh mah enya, kuring 
ngarasa euweuh mangpaatna milih Presiden teh. Kitu keneh kitu keneh. Leuwih ti 
eta,  sugan teh lain manehna. Ku alatan lila tara panggih jeung tara 
teteleponnan, nomer HPna ku kuring dihapus. Sugan teh nu nga-SMS teh batur, nu 
teu wawuh, lain manehna. Kapaksa kuring ngajelaskeun jawaban kuring ku cara nu 
leuwih leuleuy.
   
  Saencanna, kungsi oge ketang manehna nelepon. "Laporan" yen manehna jadi 
pupuhu margana sa Bekasi. Lian ti margana langsung, oge sawatara marga lian 
jadi "bawahan" manehna. Eukeur mah aya potongan, boga kawani, jeung 
diheunteu-heunteu oge (kacirina)boga teureuh menak Batak, komo di barungan ku 
hasil guguru ka ditu ka dieu, sanajan preman ge, nya kaharti mun manehna 
diarambeuan ku papada batur salemburna teh. 
   
  Ari tilu bulan ka tukang, manehna datang ka imah. Lian ti sasadu rumasa 
tambelar teh, manehna menta dianteur nepungan hiji jalma. "Dia minta bantuan 
saya ngurus korannya. Saya bilang, ada guru besar saya yang lebih tepat: 
Akang," ceuk manehna. Kabeneran keur euweuh gawe, oge sono lila teu panggih, 
eta pamenta teh ditedunan. 
   
  Nu ditepungan teh juragan metro mini. Katingalina mah rada nyakola. Handap 
asorna teu jijieunan. Sanajan,  koranna nya kitu tea bae. Nu lay outna siga 
sirkus, pabalatak, pinuh ku hurup beureum jeung biru, bari eusina "nembakan" 
pejabat. Kantorna dua kios nu pahareup-hareup, masing-masing ukuran 3X4, di 
tengah pasar! Wartawanna, lain bae geus karolot, tapi katingal salangar jeung 
ditarato. 
   
  Sanggeus mulak-malik sawatara edisi, nya ku kuring ditepikeun naon nu aya 
dina pipikiran kuring. Tangtu bae, maranehna aralohok ngadenge pangwadul kuring 
teh. Malum, nu ngadawulna  "wartawan senior", "seangkatan dengan Goenawan 
Mohamad"  -- kitu si Bonar nyebutkeun kuring ka eta majelis teh, 
nyanyahoananan. Euweuh nu nanya, komo ngadebat. Kabeh saregep, siga nu heueuh.
   
  Mangsa mulang ti eta tempat, si Bonar wawaleh: Basa Pemilu kamari teh, 
sabenerna manehna nyalonkeun diri jadi anggota legislatif ti Patriot Pancasila. 
Ngawakilan Jakarta Barat. "Saya dapat 5.000 suara, Kang," ceuk manehna. 
Sanggeus keok di Pemilu legislatif, partaina ngadukung Megawati. Tah, Pemilu 
engke manehna rek ngiluan deui. Ngan engke mah hayang ngawakilan Bekasi, tempat 
dumuk manehna. Jeung lain ti PP. Tapi ti PDIP.
   
  "Ya, yang penting itu kan, Kang: One for you, one for me?," ceuk manehna. 
Maksudna, nya duit. Kongkalingkong jeung pamarentah. Sawareh keur maneh, 
lolobana keur aing. "Nah, koran itu siap-siap untuk itu, Kang," tambah manehna 
-- bari terus meredih sangkan kuring daek mantuan eta koran. Sanajan lain boga 
manehna, tapi nu garawe di eta koran teh nya "anak buah" manehna. Boh di 
lingkungan adat, boh di dunya preman.
   
  Turun tina mobil manehna teh kuring teu weleh ngagaroan hulu, nu teu ateul. 
Ras inget ka batur di Batujaya jeung Cibarusah, nu diojok-ojok ti baheula mula 
karah ka seserengehan. Tapi, sakapeung sok kukulutus. "Bekasi geus lain Tatar 
Sunda deui. Pinuh ku urang Batak," ceuk maranehna. Salah sahijina, teu salah 
deui: Nya, si Bonar ieu.
   
  Salemba Tengah,  Oktober 2005


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
 
 What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke