>

Haturan Kang Maman Gatra

Caritana mani resep, atuh seueurkeum carita "pencana" ningali cara  
guguru bonar asa waas.
Simkuring pernah ka Palabuhan Ratu, kinten-kinten lokasina di mana?  
Saha nami guruna palay terang. Jiganamah eta lokasi tempatna
pada inohong penca. Meureun katurunan Prabu Siliwangi masih aya anu  
"menca" jeung sajabana.

Ningali eta carita urang sumatra / batak ngalanglang buana neangan  
elmu kanuragan / kawedukan /kadigjayaan nu di jadikeun "PAGER" keur  
ulikanana tos kabuktoskeun ku nu lain urang batak, hiji conto ku  
urang Cina keur urusan usahana ameh manjur ceunah, emang di TATAR  
SUNDA TEMPATNA, maranehna can pas lamun acan ka usap dipageran  guru- 
guru sunda.

Jiganamah US sunda teh kiblat-karamat elmu para kaum-kaum  usahawan,  
pamimpin keur nunjukeun kakawasaanana.Sim  kuring keur maca 1000  
paranormal anu ngabeking ex president Suharto keur kakawasaanana.

Sakitu heula wae Kang Gatra, iraha tepang di darat di jalan kramat di  
pun lanceuk, salam wae ka Rachmatyani.

Kang Yan
www.silatpdusa.com

________________________________________________________________________ 
______________________________________
> Jeung deui, ngaku ka kuring teh pedah guruna urang Sunda pisan.  
> Urang Palabuan Ratu, urut dalang nu kungsi idekliher di Petak  
> Sembilan. Enya, eta budak teh resep guguru. Nya, keur mageran  
> dirina tina kadoreksaan batur -- meureun. Da hirupna teu leupas  
> tinu kararitu. Didoreksa atawa ngadoreksakeun. Tah, di antara guru- 
> guru kawedukan atawa guru spiritual nu geus didatangan ku manehna,  
> nya urang Palabuan Ratu eta nu paling cop jeung manehna. "Saya  
> sudah ke mana-mana, Kang. Tapi, tempat yang paling keramat dan guru  
> yang paling top itu ya di Sunda ini. Daerahnya Prabu Siliwangi,"  
> ceuk manehna.
>
> Sanajan lain muslim, dina harti teu maca sahadat jeung teu  
> disunatan, kana sarupaning wirid mah leket pisan. Sajadah, kopeah,  
> jeung tasbe teu weleh aya dina mobilna. Ceuk manehna, meh tiap  
> peuting ngadon wiridan. Ngamalkeun ajaran nu diturunkeun ku guruna  
> tea. "Yang belum itu saya baca syahadat dan naik haji, Kang. Yang  
> lainnya, saya udah Islam," ceuk manehna, bari tara tinggaleun  
> nyebut "alhamdulillah", "barokah", jeung kocap-kocap Islami lianna.
>
> Malah, ka kuring ge sok remen mere amalan-amalan. Ngan, kuringna  
> teu parurun. Sanajan ditarimakeun, tara ieuh diamalkeun. Teu ngarti  
> we, teu jelas sanadna. Ku kuring ditarima teh pedah ku hayang nyaho  
> dunya manehna, jeung saukur ngaragangan, bari nambah kaweruh. Geus  
> ilahar di kalangan nu kararitu, kaweruh sajarahna ge sok  
> "pabaliut". Lain bae perkara mana dongeng  mana sajarah, tapi oge  
> perkara ngaran atawa inohong-inohongna. Antara Borosngora jeung Sri  
> Manarah, misalna, silih tumpuk. Pon kitu deui inohong-inohong  
> lianna. Sanajan, geus bisa kajudi: Karamat-karamat nu aya di Jawa  
> jeung Bali  geus kaaprak ku manehna. Kaasup karamat Eyang Sosro,  
> Sosrokartono, lanceukna RA Kartini, nu aya teuing di mana (keur  
> poho). Geus karuhan ari Eyang Suryakancana, Eyang Ranggagading,  
> Eyang Jayaprakosa, Eyang Jatra, jeung karamat-karamat lain nu aya  
> di Tatar Sunda mah.
>
> Hormat ka guruna nu urang Palabuan Ratu tea teh enya-enya. Meh tiap  
> malem Jumaah, keur kumaha atawa keur naon bae, manehna sok nyelang  
> heula ka Palabuan Ratu. Kituna teh bari jeung sok maksakeun rebo ku  
> babawaan. Naon bae nu bisa dibawa. Sakali mangsa mah, ku kuring  
> katingali mobilna pinuh ku sirop jeung sarung poleng. "Biasa...  
> Titipan dari orang Kota," ceuk manehna. Waktu lainna, nu dibawa teh  
> embe hideung satilu-tillu. Diasupkeun kitu bae di jok tukang  
> mobilna, sedan Datsun kaluaran heubeul.
>
________________________________________________________________________ 
____________________________

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke