Jakarta Megapolitan
   
  Geus rada lila sabenerna hayang ngacapruk perkara ieu teh. Ngan, can kaburu 
bae. Pakepuk ku pagawean. Sanajan geus diniatkeun ge,yen kudu nyieun tulisan 
saeutikna tilu siki samingguna, prakna mah nyakitu tea: Siga Congeang jeung 
Seatle. Jauh pisan.
  Ieu ge maksakeun pisan. Wuwuhan asa penting keur urang sarerea, urang Sunda 
nu ngarasa (jeung memang enya) kadeseh ku seler lian. Ku pikiran, euweuh konsep 
megapolitan bae urang teh geus kieu. Komo, mun aya megapolitan?
  Enya. Pan konsep Ibukota Megapolitan teh ngawengku Tangerang, Bogor, Cianjur, 
jeung Bekasi. Hartina, ngawengku oge Tatar Sunda.
  Sanajan geus rada lila disodorkeun, malah ti jaman Ali Sadikin keneh, kuring 
sorangan teu apal pisan kana ieu rarancang teh. Ongkoh mun apal mah moal 
ngacapruk siga kieu. Tapi, nulis surat ka Bappeda atawa mere kuliah di 
Planologi ITB.
  Ngan, nu kaharti ku kuring, ieu konsep teh mikahayang aya koordinasi antara 
Jakarta jeug wewengkon-wewengkon sabudeureunnana. Tina kituna mah kaharti. Pan, 
miceun runtah ge urang Jakarta mah kudu ngadangkal ka Bekasi. Sakalina 
kabanjiran, "nyalahkeun" urang Bogor. Pajarkeun teh banjir kiriman (ti Bogor). 
Bari, nu ngabukbak pasir, kebon, jeung sawah di Bogor jeung di Cianjur teh 
lolobana mah nya...urang Jakarta. Tong nanyakeun saha-sahana mah. Pokona, urang 
Jakarta! Titik.
  Dipiharep, ku ayana koordinasi siga kitu, boh Jakarta, boh Cianjur, oge 
Bekasi jeung Tangerang, teu amburadul siga kiwari. Pan ayeuna mah, proyek 
busway nu hayang ngurangan macet di Jakarta teh ngarugikeun urang Tangerang. 
Da, kaluar tol jadi ngambay. Pon kitu deui geus asup ka kotana. Nepi ka, ceuk 
hiji surat pembaca di Kompas, ka kantor ti imah teh meh aya kana tilu jamna. 
Indit satengah genep, karak nepi jam salapan. 
  Geus puguh kualitas jalan di sawatara tempat di Bekasi atawa Tangerang mah. 
Loba logakna, jeung sareukseuk. Jauh pisan tina gambaran Sunda nu endah, rapih, 
jeung berseka teh. Coba bae urang ulin ka Pekayon. Kaluar ti tol geus macet. 
Malah, ku alatan lobana mobil, asupna ge matak geumpeur nu rek ngalahirkeun.
  Kuring sorangan sok nalek maneh. Siga nu gelo: Na, kamana kawijakan "Jakarta 
kota tertutup" nu baheula remen digorowokeun Ali Sadikin? Rarasaan teh, tambah 
dieu, kota teh tambah heurin. Tambah macet. Lian ti eta, ku naon kota-kota 
lian, saperti Bekasi jeung Tangerang, teu nerapkeun eta kawijakan? Beh dituna, 
nya ka marana bae pamarentahan di wewengkon lian? Boh di luar Jakarta atawa di 
luar Jawa Barat jeung Banten? Oge, kumaha program transmigrasi nu baheula 
dijalankeun Orde Baru?
  Lain nanaon, nya ku alatan teu saimbangna Tatar Sunda jeung Luar Jawa nu 
nyababkeun jelema ting alabring ka lembur urang (ka asup Jakarta, nu satemenna 
Tatar Sunda oge). Antukna, keur kuring, lain bae perkara kaeredna urang Sunda 
dina sagala widang. Nya, sareukseuk bae kahirupan teh. Runtah ting talambru, 
jalan macet, sawareh ting gorowong, pasar rarujit, angkot ting serebet teu 
puguh. Malah, sakalina aya nu maot ge, teu arang jadi masalah: Rek di mana 
dikuburna?
  Maksud kuring, sanajan engke urang boga Jakarta Megapolitan, perkara lian ge 
kudu dilakukeun: Hangkeutkeun kahirupan di luar Jawa, KB jeung transmigrasi 
diteruskeun. Geus puguh merangan korupsi mah. Pan eta nu satemenna bibit buit 
kariweuh nu nyampak kiwari teh. 
  Omat, lain hartina rasialis (atawa egois ceuk salah sahiji batur urang Batak 
mah). Komo ngan sakadar nyegah tumpurna budaya jeung basa Sunda mah. Tapi, taya 
lian keur karaharjaan balarea -- naon bae selerna. Na, ngeunah, misalna, ulin 
ka Bandung atawa ka Puncak ngadon pasesedek dina macet? Geus puguh mun ngadon 
matuh mah. Unggal poe miceun waktu jeung bengsin di Simpang, Sayati, atawa 
Cibaduyut.
  Husus keur perkara megapolitan mah, saheulaanan, nyanggakeun ka ahlina. Mugi 
bae sing bener- bener mikirkeunnana. Tong nepi ka kaduhung engkena. Komo alatan 
ka ered ku nu deet mah. 
  Oge, nu kudu dipikirkeun ku urang sarerea: Saha nu rek ngawakilan urang 
pikeun ngomong di DPR? Ceuk Kompas poe ieu, 9 Februari 2006, eta wawakil 
(teuing saha) teh rek nalek sakabeh unsur masarakat. Kaasup naon nu disebut  
"paguyuban etnis". Ulah nepi ka urang mere cek kosong.
  Mun tea mah rek dipasrahkeun ka Kang Acil (Bandung Spirit), nya urang 
barantuan. Naon bae nu ku urang kudu ditepikeun ka Pansus RUU Ibukota nu 
diluluguan ku Effendi MS Simbolon teh. Beh dituna, nya naon nu kudu dilakukeun 
keur Tatar Sunda teh. Lain bae Jakarta.
   
  Salemba, 9 Februari 2006
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke