Ti jaman baheula, waktu Ali Sadikin jadi gupernur DKI Jakarta jeung Solihin GP jadi gupernur Jawa Barat, soal ngatur wewengkon ieu tos jadi masalah anu ngajurus nepi ka "saling mengancam" jeung "paaing-aing". Ayeuna jaman otonomi daerah masih siga kitu keneh wae. Iraha urang rek majuna atuh? Konsep jakarta megapolitan ieu salah sahiji contoh anu kaliru dina nafsirkeun otonomi daerah. (ceuk kuring)
Pan cenah hakekat otonomi daerah teh maksudna jang ngaronjatkeun "participatory democracy" jeung efisiensi dina hal ngalaksanakeun pamarentahan. pamarentah daerah dibere kawenangan pikeun nangtukeun prioritas pangwangunan anu cocok jeung potensi anu dipiboga ku pamarentah daerah, anu muarana keur kamaslahatan jeung kamamuran sakabeh rahayat. Otonomi daerah ngan salah sahiji alat/instrumen lain tujuan, tujuana utamana mah pan jang kamamuran rahayat. Tapi dina praktekna (utamana di nagara berkembang) jadi "melenceng" tina tujuan. Sabab otonomi daerah didepinisikeun sacara mutlak sabage kawenangan kakawasaan, lain tanggung jawab. teu heran atuh otonomi daerah antukna ngan jadi otonomi keur sakelompok jalma atawa elit di daerah, karaharjaan rahayat jadi teu dipalire. Ieu teh kapangurahan tina karakter elit lokal di nagara-nagara berkembang anu condong ka korup, kasadaran jeung kamampuan rahayat anu rendah keur ngalakukeun kontrol, jeung peran media anu acan optimal. baktos, mrachmatrawyani --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pasoalanana lain kudu ngahijikeun daerah wilayah > Jabar ka Jakarta atawa > sabalikna. Pasoalan anu kudu dilelempeng, > ditandeskeun jeung diatur di > lapangan ku pamarentah taya lian ti prak-prakan > koordinasi perencanaan > pembangunan. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
