Punten yeuh ngiring mairan. Perkawis megapolitan, upami Jakarta sareng sabudeureuna bade disebat megapolitan, dina peristilahan tos lepat. Jalaran dina tingkatan kota: polis -metropolis - megapolis jeung saterasna, tah Jakarta teh janten metropolis oge teu acan. Metropolis teh pan gabungan ti polis-polis (kota) nu kagungan hiji sistem dina pelayanan, boh transportasi boh pelayanan sanesna sapertos pasar, sampah jeung sajabana. Naha ayeuna tos ngawujud di Jakarta jeung Bodetabek?. Janten sateuacan janten megapolitan (Jawa panginten nu tiasa janten megapolitan mah, gabungan metropolis Jakarta-Bandung-Semarang-Surabaya-Yogya), nya beresan heula sareng wujudkeun heula metropolitan. Naha kesatuan sistem pelayanan teh kedah ngahiji oge pamarentahanna dina hiji wilayah administratif? asana mah teu kedah kitu. Seueur kota sejen di luar negeri nu tiasa beda wilayah administatif tapi hiji dina sistem pelayanan. Leres nu masalah mah teu acan sae koordinasi na tea. Dina buku Beyond Metropolis disebatkeun yen, hiji metropolis tiasa diwujudkeun upami tata pamaerentahan na leres (good governance tea panginten), janten upami masing-masing mung ngemutan kakuasaan sareng pendapatan nya jiga ayeuna riweuh. Kunaon Jakarta riweuh wae, salian teu acan good governance tea, jalaran fungsi-fungsi kota nu geus teu layak masih dilaksanakeun ku Jakarta, sapertos pasar induk, misalna. Naha teu di Karawang (Cikampek) kanggo pasar hewan areng beas, Bogor atawa Cianjur kanggo sayuran, Jakarta mah kantun nampi bersih tos dikemas. Naha keukeuh dipertahankeun? lantaran aya artosan (pendapatan keur daerah) Jakarta. Fungsi kota pusat pamarentahan mah pan kedah na oge sepi meh tiasa mikiran rakyat, ulah riweuh jiga Jakarta. Tapi lantaran penguasa teh ngahiji jeung pengusaha, pabaliut jeung kapentingan ekonomi, janten fungsi kota teh sagala aya. Leres, saena mah ibukota negara dialihkeun ka luar Jawa, saena di Kalimantan meh caket kamamana. sareng di bagian wetan Indonesia kaperhatoskeun, sugan moal ngabrul wae ka tatar Sunda. Jakarta mah nya janten bagian ti Jawa Barat wae, khusus kota perdagangan. Janten asa lieur oge madungdengkeun megapolitan bari teu jelas konsepna, pabaliut jeung urusan politik, ekonomi utamana pendapatan. Tos ah mangga, bilih tambih lieur. Baktos, ika.
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Akur Bah, ngarah teu "Jakarta Centris", jigana perlu dipikeurkeun upama ibu kota RI teh dikurilingkeun sa sakuliah Indonesia. Tiap 10 taun pindah misalna. Ayeuna di Jakarta, engke pindah ka Sumatra, Kalimantan, Sulawesi, tug nepi ka Irian. mh waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ari alusna mah, supaya koordinasi anatara Jakarta jeung sabudeureunana alus, kumaha lamun DKI teh asup we ka Jawa Barat. DKI cukup dipimpin ku tingkat residen, lamun jaman kolonial mah. Lamun konsep megapolitan model Sutiyoso, tungtungna jadi Jakarta Centris, sagala keur kapentingan urang "Jakarta". Jeung kuduna mah dipindahkeun tah Ibukota RI teh, tong di Jakarta, ka luar jawa geura, meh ngiluan rame diluar jawa! Baktos, WALUYA --- In [email protected], Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jakarta Megapolitan > > Geus rada lila sabenerna hayang ngacapruk perkara ieu teh. Ngan, can kaburu bae. Pakepuk ku pagawean. Sanajan geus diniatkeun ge,yen kudu nyieun tulisan saeutikna tilu siki samingguna, prakna mah nyakitu tea: Siga Congeang jeung Seatle. Jauh pisan. > Ieu ge maksakeun pisan. Wuwuhan asa penting keur urang sarerea, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. SPONSORED LINKS Culture Bahasa indonesia --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "kisunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses! [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
