Bah Willy, sakadar info, kengingnya upama noong ka lembur tatangga pikeun babandingan. Leres, saperti nu didongengkeun ku Bah Willy, yen "Gubernur DKI teh langkung mirip Walikota tinimbang Gubernur!". Upama noong Kuala Lumpur (salaku ibukota), memang teu diurus ku pajabat satingkat gubernur, tapi cukup ku "datuk bandar", satingkat jeung walikota upama di urang mah. Beda sareng daerah sejen nu leuwih lega (wilayah nagri/propinsi), tah ieu mah dipingpin ku "mentri besar", satingkat gubernur di urang. Jadi salah sahiji alternatif "megapolitan" teh, skenariona hadena jiga kieu: Jakarta di lebur ka Jawa Barat, Jakarta cukup dipingpin ku pajabat satingkat Walikota nu nginduk ka Jawa Barat. Jigana ku model kieu mah, pasti ditarima.(mh) Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pa Dany kawon sareng Pa Sutiyoso? .....hehehehe punten Kang, kuring mah sok mangkarunyakeun ka pejabat-pejabat di daerah, jarang nonghol di TV, pas nonghol kagorenganana wungkul. Tapi gubenur DKI, ampir unggal peuting rarayna nembongan dina layar TV. Kuring lain pro Pa Dani (wawuh ge henteu), tapi terus terang we Gubernur DKI teh langkung mirip Walikota tinimbang Gubernur!. Da Gubernur DKI mah benten sareng Gubernur di tempat sanes. Manehna mah ngan ngurus sakota!, ari Gubernur Jabar? ngabawah daerah-daerah otonom, anu teu bisa kitu wae nurut ka kahayangna Provinsi. Langkung beurat Gubernur-gubernur di daerah, tinimbang jadi Gubernur DKI mah. Lamun aya walikota di DKI teu dipikaresep ku gubernur, gampang, tinggal ngeureunkeun. Tapi ngeureunkeun bupati/walikota di daerah otonom ......wah bisa panjang caritana.
Baktos, WALUYA ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
