On 2/15/06, Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ka Kang Kumincir, kumaha upami nami-nami
> anu nyunda dilebetkeun kana wikipedia supados gampil
> milarian deui upami aya anu hoyong uninga.
Asana mah baheula aya nu tos ngadamel, dina kaca "kangaranan urang Sunda",
ngan lolobana "ngaran hareup", sabangsaning Asep. Mangga pilari geura...
Aya deui pitaroskeneun teh, naon hartosna nami-nami di
> handap ieu:
> Ardiwilaga
> Adinatalegawa
> Wastukancana
> Wirumananggay
> Linggabuana
> Linggawastu
>
> Maklum, bilih engke ditaros ku kaluargana ti pun bojo,
> pan aranjeunana teh turunan ti Mandailing (Tapanuli
> Selatan), simkuring tiasa nerangkeunnana.
Upami ditaros/dinaha2 mah, sebutkeuun bae turunan raja2 Sunda, heuheu...
Ngeunaan harti ngaran, baheula pasangan Anto Hoed & Melly Guslow boga
pamanggih yen lolobana ngaran nu ilahar di urang teh teu boga harti. Mun
hoyong milari ngaran nu ngandung harti, nya taya deui jalan iwal nyaksrak na
kamus, da tatanya ka batur mah bakal pililaeun. Bisa oge neangan na buku2 nu
ngaberendelkeun ngaran2 Islami, di kamar punbojo ge aya sababaraha judul
malih mah. Ngan, hanjakalna teh, ditilik2, lolobana mah kalah ngaran2 Arab
(da tina basa Arab). Da anu dicontokeun ku Kangjeng Rosul mah patokanana
basajan pisan: nyandak tina asma'ul husna, ngandung du'a atawa harti anu
hade. Nya mun rek make cara kombinasi Sunda + asma'ul husna mah, misalna
bae, asa hade mun manggih ngaran Waskita Abdurrohim. Najan cenah, jaman
kiwari mah make ngaran "abdul" teh matak hese nyieun visa, hehe...
isk
waskita = bisa nenjo ka jauhna, visioner tea meureun
Abdurrohim = abdi Nu Maharohim/Mahaasih
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/