Kang Yudhi, mangga ieu pedaran ngeunaan harti & maksud nami-nami Sunda anu ditaroskeun, kenging hasil gawe "seksi ingkig" tataros ka ahlina anu kadongkang ku telepon(abah Surya):
1. Ardiwilaga: asalana tina kecap "ardi", "wi", "laga". Harti asalna: "ardi" = gunung, pananggeuhan; "wi" = tempat; "laga" = gawe, hirup, pangperangan. Maksudna, sigana kieu: gunung atawa tempat pananggeuhan anu digarawe atawa anu bajoang. Sae lah maksudna. 2. Adinatalegawa: asalna tina kecap: "adi", "nata", "legawa". Harti asalna: "adi" = hade, luhur; "nata" = nyusun, raja; "legawa" = jembara manah, bengras hate. Maksudna sigana kieu: "Raja atawa tukang nyusun metakeun kahirupan anu jembar manahna". Bisa wae dihartikeun kieu: "bisana nyusun atawa metakeun rahayat (jadi raja/pangagung) upama urang jembar manah atawa ku kajembaran hate". 3. Wastukancana: asal kecapna tina "wastu" jeung "kancana". Harti asalna: (di) "wastu" = dilantik, diistrenan; "kancana" = emas atawa babaturanana. Maksudna, meureun kieu: "diistrenan (jadi pimpinan, upamana) kulantaran pangcahayaanana atawa pangpunjulna ti antara babaturanana" atawa "jelema anu dilantik (dijadikeun pamimpin) ku babaturanana" 4.Wirumananggay--> tapi ieu mah nyoko kana nami "generik" dina kosmologi Sunda. Ceuk cenah, dina budaya Sunda, Wirumananggay teh tokoh anu ngawasa alam spritual atawa langit katilu (wiruma -->tina "wiru" = biru; nanggay = nanggeuy = anu mangku, ngayuga). Sigana payus upami jadi gelar pikeun anu geus nyangking pangaweruh alam spiritual. 5. Linggabuana: asalna tina kecap "lingga" jeung "buana". Harti asalna: "lingga" = paku (anu mageuhan atawa anu nguatkeun), bisa oge hartina "lalaki" (lain dina harti jenis kelamin, tapi dina harti pancen); buana = bumi, alam, kahirupan. Maksudana, sigana: "(tingkah lakuna) nguatkeun atawa mageuhan kahirupan di ieu alam". Catetan: nami Linggabuana eta gelaran ka salah sahiji raja Sunda, upami teu lepat Raja Sunda periode Galuh anu gugur di Bubat. 6. Linggawastu: asal kecapna geus katatan di luhur. Maksudna meureun: dilantik atawa dijadikeun pamimpin kusabab geus boga jasa nguatkeun atawa mageuhan kahirupan. Catetan akhir: Poma kudu tarapti dina maparinan nami sok bilih wae larap babasan "kaabotan teuing ku ngaran". Pikeun catetan, nami nomer 4 eta mah sigana keur "para dewa" atawa "tokoh spiritual" Nami anu nomer 5 + ka 6 eta gelaran saparantos anu gaduh nami nyieun jasa ka rahayatna. Pikeun narekahan sangkan ulah dugi ka kaalaman "kaabotan ku ngaran", aya 3 lengkah (ti abah Surya). Nyaeta: 1) ibu ramana teu weleh ngadoakeun sangkan anu jadi anak sakumaha maksud sae anu dikandung ku ngaran, 2) ngarahkeun anu boga ngaran sangkan nyangking maksud eta ngaran, upamana ku atikan jeung nasehat, 3) ngondisikeun lingkungan sangkan maksud ngaran kaudag (upamana, rada ningnang upama ngaran "nyunda pisan", tapi kanyataanana budak teh teu bisa/tara ngagunakeun basa Sunda. Terekah kaopat, ti kuring ieu mah, manawi kaanggo (teu wae teu sawios-wios), samemeh ngaran-ngaran anu "mentereng" samodel "Wastukancana" aya hadena ditambihan ku ngaran/istilah anu hartina usaha atawa tarekah atawa sikep keur ngahontal eta (harti) ngaran anu mentereng. Upamana, "Bumela Wastukancana", "Sayoga Abdi Linggabuana", "Gumati Linggawastu". Conto wae eta mah, hasil ngaran pamustunganana mah kumaha karancagean jeung kaputusan sewang-sewangan. baktos, manAR On 2/15/06, Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun ka Kang Oman, Kang Mh, Kang Kumincir, Kang > Maman, sareng Kang Ridwan, anu tos masihan > bongbolongan nami anu nyunda kanggo si ujang (atanapi > si eneng??). Ka Kang Kumincir, kumaha upami nami-nami > anu nyunda dilebetkeun kana wikipedia supados gampil > milarian deui upami aya anu hoyong uninga. > > Aya deui pitaroskeneun teh, naon hartosna nami-nami di > handap ieu: > Ardiwilaga > Adinatalegawa > Wastukancana > Wirumananggay > Linggabuana > Linggawastu > > Maklum, bilih engke ditaros ku kaluargana ti pun bojo, > pan aranjeunana teh turunan ti Mandailing (Tapanuli > Selatan), simkuring tiasa nerangkeunnana. > > Nuhun > > Yudhi > > --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
