Sampurasun, Wah..... si akang mah.... sok aya2 bae. Masalah sakutu geus lobana anu kudu disanghareupan.... etah geura urusan tokee masih keneh jadi bahan ngadu bako..... heuheuy.....hebat.... (banyol ketah kang...)
AG./bdg. --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Toké (Gekko gecko) mangrupakeun spésiés cakcak arboréal nokturnal pituin > Asia tenggara jeung Kapuloan Indo-Australia, sumebar ti India jeung > Bangladés, nepi ka Indonésia jeung New Guinea kulon. Habitat asalna mah dina > tatangkalan jeung gawir-gawir di leuweung hujan, tapi bisa ogé hirup di > habitat manusa, mapay témbok jeung kenténg paimahan pikeun néang serangga > mangsana. Sato ieu kagolongkeun karnivora nu agrésip, ngahakan rupa-rupa > serangga, malah sok silih serang sasama jalu. Hirupna bisa nepi ka 7&mdash10 > taun. > > Ahir 1980-an jeung awal 1990-an, toké mimiti dibawa ka Hawaii, Florida, > Belize, jeung sababaraha kapuloan Karibia. > > Toké téh spésiés cakcak pangbadagna kadua, panjangna 30-40 cm (jalu), 20-30 > cm (bikang), sarta beurat 150-300 g. Katémbongna lucu, sabab boga kelir > cékas: tutul-tutul bulao, oranyeu, atawa beureum. > > Toké téh kawentar (mun dibandingkeun jeung bangsa kadal lianna) ku sorana > anu tarik. Ngaran "toké" ieu ogé dicokot tina sadana nalika ngajak kawin: > "tokké... tokké..". Sato ieu mah, mun ngarasa kaancam téh tara kabur, malah > calangap siap-siap narajang ngégél ka nu ngancamna. Mun geus ngégél, > sakadang toké téh tara ngaleupaskeun gégélanana. Sangkan dileupaskeun, cenah > mah ku cara dilelepkeun kana cai. > > Sato ingon > Najan galak, toké sok dikukut alatan kelir awakna nu warna-warni. Tapi, > nyéta, kusabab galak téa, dikukutna téh cukup ku dikandangan baé. Miarana > teu hésé, asal dibéré kandang nu nangtung (jangkung ka luhur), toké bisa > nepi ka anakan. > > Sumber rujukan > * Tokay gecko, Wikipédia édisi basa Inggris per 22 Pébruari 2006. > > Tumbu kaluar > * Introduction into Belize > * Western New York Herpetological Society Tokay Gecko Care Sheet and > Information > * BBC Wildfacts > * Global Gecko Association: Tokay geckos > * My experiences with and observations of Tokay Geckos > > Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Tok%C3%A9" > > Kategori: Kadal | Cakcak | Alam liar Asia > > -- > sikandar > kumincir.multiply.com > www.urang-sunda.or.id > su.wikipedia.org > > > [Non-text portions of this message have been removed] > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
